![]() |
| http://www.embunhati.com/jangan-melihat-amal-ibadah-tapi-lihatlah-allah-hikmah-ke-limapuluh-satu/ |
الحمد لله ربالعالمين. اشهد ان لااله الا الله اله الاولين
والاخرين واشهد ان محمدا عبده ورسوله سيد الامام المتقين. اللهم صل وسلم وبارك علي
سيدنا وحبيبنا وسفعين وكرمين ومولان محمد وعلي اله واصحابه المجاهدين قالوا سبحانك لاعلم لنا الا ماعلمتنا انك انت
العليم الحكيم. لاحول ولا قوة الابالله العلي العظيم. فال الله تعالي لقد كان لكم في رسول الله اسوة حسنة اليح...
وقال النبي من عظم مولودي كنت شفيعا له
يوم القيامة.
Dina
pangaosan ieu urang judulan, judulna adalah ibadah, ibadah teh sanes
kapentingan Alloh, sama sekali Alloh mah teu butuheun di ibadahan, sabab eusina
lailaha illalloh teh lailaha istigna’ul ilah an kuli ma siwah, teu butuh alloh
ti salian Alloh, lamun saalam dunya ieu mausia ibadah ka Alloh teu aya nu
doraka saeutik eutik acan moal nambihan kana kasugihan Alloh, ibadah kabeh ka
Alloh moal nambihan kana kaagungan Alloh, doraka kabeh moal ngurangan kana
kasugihan Alloh
قل لو شاء ربك لامن من في الارض كلهم جميعا
افأنت تكره حتي يكونوا مؤمنين
Bejakeun ku anjeun
Muhammad lamun tuhan anjeun ngersakeun yakin iman sakabeh manusia di alam dunya
apakah anjeun rek maksa ka manusia supaya iman kabeh, teu perlu !فمن شاؤ
فليؤمن فمن شاء فليكفر mau
iman silahkan mau kufur juga silahkan. Baik ada beberapa conto yang akan saya
kemukakan, bojo nabi lut kafir !
وانجيناه واهله الامراته كا نت من الغا برين kami selamatkan luth dan keluarga dan
orang orang yang beriman ilam roatahu kecuali bojona kaanat minal ghoborin dia
mati dalam kasus kekupuran, tentu paktor penyebabnya ada tapi saya tidak akan
membahas itu, karena waktunya sedikit ngan mudah mudahan ibu sing janten istri
sholihah sadayana amiin ! ibu nu sholihah teh lamun di pasihan artos sapuluh rebu
ku caroge mahi satauneun, mahi moal bu ? mahi ! belikeun kana kalender. Putra
nabi nuh kafir uwa nabi Muhammad sendiri tersayang kafir, kenapa itu terjadi
sebab ini merupakan satu ma’na dari لااله
استغناء اله عن كل ما سواه
teu butuh Alloh ti salian
Alloh, mau iman silahkan mau kufur silahkan, matak tong aneh lamun loba umat
islam keneh nu keuheul kana islam, naon sababna Alloh marentahkeun ibadah kapan
teu butuheun di ibadahan, jawabnaالاالله
وفتقاركل معاده اليه الا الله yen butuhna salian Alloh ka Alloh jelas
seluruh makhluk membutuhkan Alloh.
Kejadian saudara-
saudara ! negara kita yang kian hari kian terpuruk, gara gara gejolak moneter
yang berkepanjangan, yang berdampak pada kelesuan ekonomi akibatnya ribuan
perusahan bangkrut jutaan korban PHK tak dapat di elakan, jutaan anak putus
sekolah tak dapat di hindarkan harga sembakau semakin melonjak tinggi,
sedangkan daya beli daripada rakyat sudah begitu lesu lemah letuh lelah,
akibatnya tindakan kriminal semakin menjadi jadi penjarahan pencurian
pembunuhan tumbuh subur bagai jamur di musim semi, kehancuran negarapun sudah
terbayang di pelupuk mata, di tambah dengan musibah musibah yang tidak bisa di
amankan tidak bisa di redam oleh pemerintah oleh abri oleh malaikat sekalipun,
semacam halilintar menyambar, petir menggigit, gunung meletus, ombak melanda,
badai menerjang, gempa bumi silih berganti, banjir tiada ahkir, sementra
kemarau panjang datang menjelang, kesedihan berkepanjangan, tragedi tiada henti
teratap derita tak kunjung reda, puing puing berserakan korban bergelimpangan
uraian air mati bercucuran jerit tangis memilukan, tuhan ! lengkaplah sudah
pendritaan, ini jelas menunjukan betapa sangat butuhna mahluk ku Alloh.
Abdi pernah maca salah
satu buku dari inggris bahwa Cek urang inggris lamun sia ngarasa teu buuh ku Alloh dina harti rek ngalengitken
الاالله وفتقاركل معاده اليه الا الله tong
ibadah kacape cape keur naon sholat, keur naon jakat, keur naon puasa, silahkan
teu kudu ibadah nyaring ti peuting kudu tahajud kacape cape, tapi lamun sia teu
butuh ku Alloh silahkan saja tapi kau harus sanggup menghadapi enam paktor,
pertama don’t in teh food from Alloh tong barang dahar tina rejeki Alloh
subhanahu ……sik tararik ibu ! jiga ges harees Alloh subhanahu …… tong tarik
tarik teuing da kadenge, ti mana urang nyatu, tina pare cenah ajeungan, beas
tina pare pare di pelak dina naon ibu ! taneh menang nyieun saha ? aya taneh
can cukup kudu aya cai, saha nu bisa nyieun cai ?
وانزل من السماء ماء فأخرج به من الثمارة
رزقا لكم
Aya taneh aya cai can
cukup kudu aya sinar ultraviolet matahari, harus ada sinar matahari sebagai
sumber kalori sumber energi sumber panas, saha nu bisa nyieun panon poe !
والذي جعل الشمس ضياء والقمر نورا وقدره منا
زل لتعلم عدد السنين والحساب
Aya panon poe teu di
ganti ku peuting dina harti panon poe terus terusan bersinar tanpa di ganti
dengan malam, maka terjadilah suhu udara bakal naik seribu derajat selsus di
atas nol sehingga bakal berobahlah wajah dunia ini bakal menjadi lautan api
hangus terbakar dunia dan isinya, sabalikna lamun peuting wae teu di ganti ku
berang maka temperatur udara bakal turun seribu derajat selsius di bawah nol
sehingga bakal berobahlah wajah dunia ini bakal menjadi lautan salju bekunya
darah jantung tak kan berdenyut lagi mati seluruh mahkluk yang bernyawa. Saha
nu nyieun peuting !
تولج اليل في النهار وتولح النهار في اليل
وتخرح الحي من الميت وتخرج الميت من الحي وتر زق من تشاء بغير حساب
Semuanya adalah ciptaan
Alloh! Aya beurang aya peuting aya cai aya taneuh can cukup kudu aya angin keur
ngawinkeun kekembangan, saha nu bisa nyieun angin وتصريف
الرياح semuanya adalah kekuasaan Alloh. Ibu ! pare
teh ker usum naon di sawah ! ker reuneuh ceunah ajengan, saha jaluna ! angin,
jadi lamun anak ibu reuneuh teu puguh puguh, eta teh asup angin, emut we ka
kolot baheula nyaii ! ceunah lamun liar geus poek teh nya kudu babacaan bisi di
rawu ku sandekala babacaanana cing cangkeling manuk cingkleng cindeten plos ka
kolong bapak satar buleuneung eta teh hartikeuneun ibi ! ari cing teh menta
cang kacang kling pageuh jadi cing cangkeling teh menta kacang pageuh keur naon
kacang pageuh keur manuk cingkleng mana manuk cing klengna eta nu ci neuteun
kumaha lamun plos ka kolong bapak satar na buleuneung, nah ini kacangku !
bungah ningali nu sareuri iyeu nya ! teu nyaho mah di imah teu gableg beas,
matak ka pamimpin tong loba ngomonglah nu penting turunkan harga sembaqo, ngan
ukur harga kolor nu morosot, harga susumah tetap menonjol, harga kacang
nasibnya terjepit di bawah.
Aya taneh aya cai aya
beurang aya peuting aya angin can cukup kudu aya pacul talaktor sebagai alat
alat pertanian, saha anu bisa nyieun pacul! Pandai, pacul asalna tina naon !
tina beusi saha nu bisa nyieun beusi Alloh keneh,اطلب
الرزق في خبي الارض
carilah rijki di perut bumi Fi itu dorfiyah الظرف
وقت او مكان ضمنا # في بطراد كهن امكت ازمنا di
perut bumi ada sumber rejeki, tatkala orang eropa belum menemukan di perut bumi
ada sumber rijki Rosululloh empat belas rebu tahun kebelakang sudah memberikan
indikasi bahwa di perut bumi ada sumber rijki, betul ! matak tong sieun beakeun
hakaneun ibu ! mending jadi mubaliglah, alhamdulillah bari teu di hargakeun ge abdi bisa…………
euweuh, euweuh mubalig di hargakeun kabeh ge mubalig mah ihlas di buruhan nuhun
teu di buruhan meren teu eling nu ngondangna. Malam …….abdi da’wah ka
……..satengah jam da waktuna di bagi tilu alhamdulillah satengah jam di bere
sajuta, abdi di dieu rek ngaji saejam piraku teu bisa ngaliken, kade ulah di
anggap heuheureuyan lain iyeu mah lain heureuy. Mahal keneh ningali benget
monyet tibatan ningali beungeut mubalig, tos da’wah ti bogor ajeungan jangan
dulu pulang kita main ke taman safari, di dinya teh monyet wungkul, monyet
kabeh ti sadunya aya, monyet afrika, monyet eropa, monyet asia, monyet
Australia, monyet…..aya. sakali ningali bengeut monyet mayarna lima belas rebu perak, cik
ibu neuleu benget abdi wani sabaraha ! teu kudu mayar lah, mahal keneh beo
tibatan mubalig beo mah kakara bisa calamualaikum tilu juta, ajeungan leuwih ti
asalamualaikum kadang kadang dua jam dimana aya nu mere tilu juta komo daerah
kieu mah ku aing ge geus kabaca, ges ah ulah kapapanjangan.
Manusia pun berasal
dari tanah di dalam surat almu’minun mari kita simak sedikit ولقد
خلقنا الانسان من سلالة من طين kami
ciptakan manusia dari sari sari taneuh, ini hebatnya alqur’an betulkah manusia
dari tanah, manusia itu berasal dari sperma nu aya di bapak embrio nu aya di
ibu, ceuk urang mah tina cai mani cai mani tina sari sari dahareun, dahareun di
pelak dina taneuh di proses ku ibu ngajadi getih ngajadi sumsuam, ngajadi jat
kapur kaluar tina pori pori ngajadi kesang kaluar tina irung ngajadi inpluensa,
kaluar tina ceuli ngajadi conge, sari sarina janten ci mani cai mani moal
jadi budak lamun teu di campur
jeung cai mani indung,
ثم
جعلناه نطفة في قرر مكين
kemudian kami ciptakan
nutfah cairan pada uterus ibu pada rahim ibu yang sangat kokoh dan kuat karena
di lapis oleh tiga lapis benda,
يخلقكم
في بطون امهتكم خلقا من بعد خلق في ظلما ت الثلاث
Secara
medis di lapis oleh tiga lapis benda embri matrio, meo matrio, peri matrio, heg
di campurna teh malem jumaah, nya sunah nya ni’mat nya ibadah, matak ajeungan
sok loba anakna teh kitu nu anakna duamah euweuh kanyaho, komo lamun malem
jumaah ibu rido ngawulaan caroge ganjaranna gede sarua jeung ngabunuh yahudi
tujuh puluh, sanajan ibu nuju ngaos yasin malem jumaah nembege
bismillahirrohman nirrohim, na carogena teh ngadehem ti kamar ehemm ! ereun
tutupkeun sodaqollohul adim, samperken ka kamar aya naon Aa ! saur carogena teh
urang ngabunuh yahudi, mana yahudina aa ! eta na calana kumaha saur ibu
ya-ya-ya kumaha saur bapa ah masa engga mampu pro linuu.
Lain
halnya saudara-saudara menurut Carles Darwin dengan satu hepotesennya bahwa
manusia berasal dari kera, naudu billahimin dalik, kalau manusia berasal dari
monyet kenapa jutaan monyet yang tersisa
Sekarang ini tidak
pernah terdengar lagi aya monyet jadi jalma tapi sabalikna lamun jelma jadi
monyet mah loba betuul ! hanya bukan eksistensinya tapi karakternya ahklaqnya
manusia loba nu nurutan ahklaq moo…. nyet ibu ! ari monyet barang hakanna
menang meuli meunang maling, jadi para pejabat negara mentri negara yang mereka
makan duit rakyat mereka adalah monyet-monyet betuul ! saudara-saudara masih
banyak monyet monyet gentayangan mereka makan duit rakyat mereka tidak mau di
adili mereka monyet monyet revormasi betuul ! bu ! ari anak monyet sok
masantren tara ? jadi lamun ibu boga anak tara
ngaji berarti ibu ngukut anak mo…nyet, ibu ! ari monyet sok di tiung tara ? jadi lamun ibu teu ditiung berarti ibu moo…nyet,
kupingken monyeet. Teu butuh ka silahkan tong ibadah tapi tong barang dahar
tina rejeki Alloh subhanahuu………
Dua lamun sia ngarasa
teu butuh ku Alloh silahkan saja tapi don’t laif in dedemen of Alloh disisin
fusible to gow from his demen dedemin of sik Alloh his demen is non eksisten,
kahartos ibu ! tong boro boro ibu abdi ge teu ngartos, matak geunaah pidato
hareupeun nu teu bisaeun mah moal protes, tai embege pelastikan sebut we
kapsul. Ken we abdi ge apal sakitu kituna paranti pidato lamun bahasa cinamah
apal ti bubudak ge cinana isuk isuk can siang rada beurang carangcang tihang,
mun ceuli liang cong tukang digawe cangcing ceng tong liar cing cangcang huntu
ompong tong tuang cangkang muncang, ken we teu apal bahasa inggris mah moal doraka
tapi mun anak bapak teu bisa maca qur’an naudubillah.
Sia teu butuh ku Alloh
silahkan saja tetapi maneh tong cicing di daerah kekuasaan Alloh, di usir ku
pamarentah Indonesia tong reuwas masih bisa suaka politik ke luar negri, di
usir ku pamajikan atoh pisan neangan deui tetapi ketika Alloh ngusir فليخرج
من تحت السماء واليطلب ربا سوائ silahkan keluar dari kolong langit dan cari
tuhan selain daripada kami, aya tuhan selain ti Alloh teu aya ! selain Alloh
mah lain tuhan kabeh ge hantu, yesus
tuhan lain ! ma enya tuhan di salib boro boro nulungan jelma manehna ge teu
bisaeun nanaon. Ketika Tasikmalaya di bakar, imah imah cina nu si along si
encik si cungay tekoseng liang jin liang sek liang tai, greja protestan katolik
taberneko pantekosta di bakar, Kristenna teh carerik we nyengcerikan tuhan
yesus di jero sieun kaduruk arasup teh ka jero heeh we tuhan yesus teh renghek, atuh di cararekan na sia
teh tuhan ngajedog wae di ararusapan ku manehanana teh bari di bersihan bari
ngaromong halaluya halaluya, Kristen mah kitu manggih bungah halaluya manggih
bingung halaluya, sedih halaluya, beledug teh gelap di sada halaluya nu kitu
mah lain haluluya halilinta goblog. na pilem India gening nya ker usum huth
huth hutahe ketika si raul putus cinta jeung sridevi asup teh ka kuil di dinya
teh tuhan brahma, siwa, wisnu, carimeblek
we tuhan na teh teu di baraju tuhan kenapa kau putuskan cintaku padanya
betapa sedihnya orang putus cinta pertemukan lagi aku dengan nya oh brejegelig
ker debai apa kutemere mere deu eh nehi nehi tom here kebon jahe teko bahe,
datang teh awewena ngalagu eh rekecenik deleje rececanik. Geunaheun henteu !
henteu hanas aing beberegeg.
Makanya tong sombong
manusia, boga bintang opat dina taktak di pake nyingsieunan rakyat, aaaah di
imah bintang tujuh di hakan kabeh, di dunyamah euweuh nu gagah ceuk ki balato
nu gagah di dunyamah lain jalma tapi tai, jeger jam dua belas urat kawat kulit
beusi, tulang waja gagah datang jam dua belas ker hees tiba tiba datang tai
hayang kaluar bisa di tangkis di isukan moal ! di ancam tah sia ku tai hudang
sia kurang ajar anterkeun aing ka paciringan lamun sia bung nganter barabe aing
gusrak kaluar ngagayot na kolor sia, nepi teh ka wc, ceuk tai nagog sia goblog
geus nagog teh tungguan mun balad aing can kaluar kabeh sia ulah waka nyingkah,
sok aya modol udar ider euweuh ! komo awewe mah gede taina nya ! nya gede nya
korodok awewe mah, ari lalakimah nyage rupana goreng patut tainamah sip, naon
sababna tai awewe korodok sabab eeh di dinya hujan local di dinya, ari pamuda
mah eeh ka tukang kaharep di jamin boga paralon, matak ton ngahina ka pamuda
mah tong sombong.
Matak
tong sombong hirup di dunya iyeu , istana nya itu datang sukarno, wah teu
kungsi lila datang deui suharto, ah turun deui datang deui habibi, turun deui datang
deui gusdur, turun deui datang deui megawati. Hayo sajuta ganti presiden sejuta
ganti mentri sejuta kali ganti anggota legeslatif, tapi lamun hukumna masih nu
iyeu cek aing nagara moal bener, betul ! memang di nagara urang mayoritas umat
islam tapi hukum nu di terapkeun di urang lain islam tapi hukum menang kafir
menang aritatoles menang sokrates menang snuk hokkronyod menang panderplas
saudara- saudara ! selama hukumna masih keneh iyeu ganti presiden ganti
pemerintah cek aing nepika belut buluan ge moal bener naon sababna, sabab sarua
jeung hayam di pimpin ku careh betul ! naon hartina ganti presiden lamun
hukumna teu make hukum qur’an, saudara saudara ! baca artikan dan laksanakan
betul ! di baca jeung di artiken wungkul mah lain ari euweuh hartinamah ngan
kurang bermanfaat. Ketika Aisah di Tanya bagaimanakah ahlaq rosululloh, Aisyah
menjawab hulukuhul qur’an, ahlaq rosululloh adalah qur’an, de lifing qur’an de
woking qur’an de weking qur’an, qur’an hidup qur’an berjalan qur’an bekerja
dalam arti tindakan rosul tidak pernah keluar dari bimbingan alqur……. ! makanya
baca alqur’an alif elam jabar al he emim jabar ham dal pesdu alhamdu, ulah cara
di lembur abdimah di pake nyindiran bapana, bapana teh tara usaha hees we di
kamar, kadieu cenah ka ema be jabar ba pe sin jer sin ya jabar ya bapasia kap
pesdu dal pesdu alif pes u sin jabar sa he jabar ha kudu usaha, atuh puguh we
bapana teh hudang kadieu ngajina ka bapak mapatahan budak teh ngandung politik
mim jabar ma te jabar ta si jer si ya jabar ya matasia,
3.
Lamun sia ngarasa teu butuh ku Alloh dina harti rek ngalengitken لااله
اله الا الله و افتقار كل معاده اليه الاالله yen butuhna
salian Alloh ka Alloh silahkan saja tong ibadah tapi sia kudu sanggup
nyangharepan ijroil, ijroil teh tukang nyabut…… ! matak ngaran budak ulah
ijroil nya ibu terlalu keren di lembur abdi mah aya pemuda ngarana asep ijroil
babaturannana gering manehna ngalongok cek pribumi nah ijroil datang kadengeun
kunu gering modar, wajar we ngaran mah Abdulloh, Abdurrohman, Abdul jabbar,
Muhammad, sok emut kahancuran umat islam di eropa, sepanyol da lain ku komunis
budaya islam di leungit leungitkeun, ngaran islam lelengitan teu beda we di
urang ayeuna Ibrohim pan jadi Bram, Samasudin jadi Sam, Icih jadi Iceu, Monyet
jadi monceu, nepi teh di abdimah aya budak barang begitu lahir kabeneran kembar
nu hiji lalaki nu hiji awewe, di Tanya ku abdi teh ibu saha ngaran tuang putra
! nu lalaki mah cenah Fernado hose nu awewe mah Rosalinda. Malah di abdi mah
aya budak ngaran si todi ma’lum budak dadang jadi ending tatang jadi entang
todi mah jadi entod, atuh goreng unggal papanggih jeung babaturannana daregdeg
lulumpatan da sieun ku entod, di
sakolaken di taros ku ibu guruna cep saha jenengan ! entod ibu guruna teh
nyenyekel anderok bisi di reformasi, teu aya panjang na ceunah cep ! teu aya
ibu guru mung saentod entod na ari bobo sareng saha ! sareng bapa sareng mamah,
bapa di sisi entod di tengah mamah di sisi, bapak entod mamah, eeh lain jorang
bapa di sisi entod di tengah mamah di sisi, bapak entod mamah.
Sanggup
nyangharepan ijroil henteu ! sanggup henteu ! prensis hopijaro, pernando
kortes, yohanes, kepler, karto saptomadubes, carles Darwin , panderplas, mati saudara- saudara !
semuanya nangkarak baed, horeng teh sakarat di cabut ku malaikat nyawa ngangsed
mapay urat ibi ! teu aya daya keer mungpa-aang, teu aya berang teu aya peuting
teu aya raja di mana ajal ges sumping abah ! teu aya tempo anakiing, lain sugan
deui kanyataan, lain batur si mana awak urang pisa-aan, naon nu rek di bawa
harta banda lubak libuk, loba lauk kebon lobak laiiin, nu di bawa ngan ukur
iman jeung taqwa, nu tinggal iman jeung toat ngenclong na herang gumeling
bareng jeung ketegna angeen, bangsa ngambah jalan taqwa rek melangkah nu
kagungan kakasih aa nu syah jatii kaanjeuna urang mulang, reg heula rereh
sakeudeung.
Paeh
urang teh bakal paeh, heg boga anak euweuh nu masantren hiji hiji acan saha nu
mafatahan syahadat heh ! saha ! aya dongengna di bandung boga anak dalapan,
kabeh euweuh nu masantren hiji-hiji acan, ceuk saurang bapa urang bawa ka rumah
sakit ceuk saurang panggil dokter ceuk saurang opname ceuk saurang panggil
dokter, padahal bapana keur sakarat teu hayang panggil dokter, aing mah lain
gering biasa tapi aing mah sakaraaat rek mulang ka Alloh taala teu hayang
panggil dokter teu hayang opname di rumah sakit, aing mah hayang teh di talkinan
kunu jadi anak sholeh aing hayang paeh mawa dua kalimah syahadat, lantaran
anakna euweuh hideng euweuh nu masantren hiji hiji acan atuh kureles bapana
paeh teu mawa dua kalimah syahadat, bonggan sia لا
تلهكم اموالكم ولا اولا دكم عن ذكر الله pepejeh harta
banda jeung anak ulah rek jadi panghalang kana dikir kana jalan ibadah ka Alloh
subhanahuu….
Setelah
mati manusia itu bukan binatang bukan sapi bukan domba tapi ada sekenlaik hidup
kedua sia teu butuh ku Alloh tong ibadah tong masantrenkeun anak tapi kau harus
sanggup menjawab pertanyaan munkar nakir, anu pasti urang bakal ngalaman
sarerea betul !
Hiji
man robbuka siapa tuhanmu semoga kita bisa menjawab tuhan kita adalah Alloh
subahanahu wataala. لااله الاالله لاموجود الاالله tiada tuhan selain Alloh, ya Alloh ya tuhan
kami abdi ngaku tiada tuhan selain engkau,
namun
abdi seueur dosa hapunten dosa abdi tata titi laku lampah abdi ucapan kalakuan
jeung patekadan abdi nu teu akur jeung hukum teu sarua jeung aturan agama mugi
gusti ngahampura. Asal patokan iman ka alloh pek perjuangkeun sing nepika paeh
oge memepertahankeun kalimat syhahadat, sahid ngarana, lamun berjuang
memepertahann keun kedudukan, mepertahankeun jalma montong ! nu kitu ngarana musrik
betul
! ومن
الناس من يسري نفسه ابتغاء مرضاةالله والله رؤوف بالعباد ya
Alloh ya rosululloh abdi kempel di dieu ku sabab abdi cinta ka dunungan abdi.
Duaومن
نبيك siapa nabimu ! semoga kita bisa
menjawab nabi kita adalah Muhammad salallahu alaehi ,
قل ان كنتم تحبون الله فاتبعوني يحببكم الله
ويغفر لكم ذنوبكم والله غفورارحيم
cinta
ka Alloh taat ka rosul, saur rosul kedah sae kanu janten caroge, ibu ! aralus
ka caroge menang muludan ari kasalaki goreng patut, panggoblog goblogna salaki
nu teu nyaah ka pamajii…. Aduh mani tarik. Cape jadi
awewe teh ibi ti beurang nyambel ti peuting di ganjel, ti beurang nutu ti
peuting di tutu, komo geus boga anakmah nya ! budak tengah peuting cerik bapa
jeung indungna hees tibra, da bapanamah ambek odah tah budak nyaring, kadieu
cek indungna teh iyeu ker sia iyeu ker bapa sia di cawelan ku anakna di
kenyotan ku bapana nepika hulu susu teh opset ari kutang dina dada ari hulu
susu dina tonggong riweh pan bapana teh rek hees neangan setang. Ker dahar
bareng salaki jeung pamajikan porocot budakna teh modol ari bapana mah ambek
odah tah budak modol nu kenca ngepel tai nu katuhu ngepel kejo rek ngalungken
tai ngahuapken kejo pahili kejo di alungken tai di wewelkeun.komo ngajuru sok
di bantuan ku caroge tara ! ih masing masing
we, di lembur abdimah geger saking nyaah ka pamajikan, pamajikan rek ngajuru
salaki rek babantu, pamajikan ngahejen
salaki ngahejen, pamajikan bebeten salaki bebeten, pamajikan cerik salaki
cerik, gubrag we pamajikan ngajuru
borojol we salakina ge modol, atuh jadi gehger salembur mamang budak teh jadi
kembar, heeh nu kadua mah jadi koneng ngan nu koneng mah teu
panjang
umur ku hiled kaburu modar. Tapi cape
keneh salaki tibatan
pamajikan, geura tingali salaki ibu nu sok kasawah dudukuy rebig baju butut
tonggong hideng suku jebrag jaba di obras persis jiga baronsay manggul pacul ti
harep gantelan ku teko jeung cangkir nepika sawah cangkir di teundeun dina
galengan kacuprak salakina ka sawah ngulang ngulangken pacul nepika lohor
ngabelaan pamajii….. sakali kali hanjat kana galengan regot kana cai susu di
inum we cai susu sanajan cai susu kurang gula da pamajikannana koret balik jam
duabelas pacul di panggul ti harep gantelan ku teko jeung cangkir di tukang
jeung kacang panjang menang ngala tina galeungan kumaha ibu nu sholehah geuwat
ku ibu sambut kaharep assalamualaikum cium tangan salaki tos ti sawah, pok ibu
teh nyarios sarebu bebendu salaka duduka beuheung tekteken ti koro gorokeun
awak cacag walangen ti luhur sausap ranbut ti handap sahipas dampal bisi abdi
gaduh dosa ka engkang mugi ulah aya gantar kakaitan nepika aherat moal tah beak
ta dosa, osok kitu tara osok kitu tara !
Tilu
وما
امامك melalui muludan ini semoga kita bisa menjawab
pemimpin kita adalah alqur’an partai politik teu payu hos teh golkar paeh saha
pamimpin maneh Akbar Tanjung eweh pemimpin urang mah alqur’an lamun di ba…lamun
di arti….. lamun di piga….ingat ! لايبقي من الاسلام الاسمه ولا
من الدين الا رسمه ولا من القرأن الا درسه kalau agama hanya tinggal
tulisannya saja islam hanya tinggal namanya saja alqur’an tinggal bacaannya
saja musabaqoh tilawatil qur’an hadiahnya besar jutaan bahkan trilyunan bahkan
suaranya ka mekahken tapi ketika alqur’an rek di pake dasar nagara di tolak
saudara saudara ! eh mending keneh ku hukum yahudi tibatan alqur’an lamun nagara
teu ecreg tong nyalahkeun islam sabab alqur’an can pernah di pake di coba ge henteu saudara saudara! Paeh kupur
kaharepna saudara saudara ! moal bener kumaha kumaha ge lamu teu make hukuum! .
perut kembung kepala pusing bibir pecah pecah tandanya anda belum minum minum
antangin wes ewes ewes bablas
angine
pakai daia lupakan yang lain.waktosna seep sanes kirang sono yu urang simpulken
ibadah teh lain kapentingan Alloh tapi kapentingan manusia saur Alloh kami mah
teu butuh ku hidep tapi hidep nu butuh ka kami lamun hidep butuh ka kami ibadah
ka kami kami rek nyumponan kana kabutuh hidep lain ngan ukur pangabutuh di
dunya tapi nepika parat nepika pangabutuh di akherat amiiin .
ربنا اتنا في الدنيا حسنة وفي الاخرة حسنة
وقنا عذاب النار
والسلام عليكم ورحمة الله زوبركا ته
�نة
وقنا عذاب النار
والسلام عليكم ورحمة الله زوبركا ته

ConversionConversion EmoticonEmoticon