Contoh Teks Dakwah Bulan Rajab

http://www.embunhati.com/jangan-melihat-amal-ibadah-tapi-lihatlah-allah-hikmah-ke-limapuluh-satu/
لسلام عليكم ورحمة الله زوبركا ته
الحمدلله الذي اسري بعبده ليلا من المسجد الحرام الى المسجد الا قصى الذي با ركنا حوله لنريه من ايتنا انه هو السميع البصير. اشهد ان لااله الا الله وحده لا شر يك له واشهد ان سيدنا محمدا عبده ورسوله. اللهم صل على سيدنا محمد وعلي اله سيدنا محمد لا نبي بعده. رب اسرح لي صدري ويسر لي امري واحلل عقدة من سان يفقهوا قولي. ربي ادخلني مدخل صدقي واخرجني مخرج صدقي وجعلني من لدنك سلطانا نصيرا. بسم الله ما شاءالله لايسوق الخيرا الا الله . بسم الله ما شاءالله لا يصرف سوء الا الله. بسم الله ما شاءالله وما بكم من نعمة فمن الله. بسم الله ما شاءالله لا حول ولا قوة الا با الله.قالي الله تعالي: وما جعلنا الرأيا التي ارينك الا فتنة للناس. وقالي النبي :
   اللهم بارك لنا *  في رجب وسعبان .      اللهم بلغ لنا *  وبلغ نا رمضان
Mugi Gusti Ngaberkahan   *Dina Rojab Sareng Sa’ban
Mugi  Gusti Ngadugikeun*  Ka  Abdi  Kana Romadlon

Sadaya puji di sanggakaeun ka Alloh mantena anu parantos ngagiringken ka urang sadayana kanu sae, sehingga moal aya jalma anu datang kana iyeu tempat lain panggiring Alloh, alhamdulillah pribados tiasa tepang sareng guru-guru, pribados tiasa tepang sareng bapak- bapak ibu ibu iyeu haqeqatna panggiring Alloh, jalma ngalaksanakeun toat lamun teu di giringkeun ku Alloh najan deukeut jeung tempat pangajian moal indit, jalma benghar lamun teu di giringkeun ku Alloh moal daekeun zakat.
Nu kadua  لا يصرف سوء الا الله moal aya anu bisa mengkolkeun tina goreng kajaba anu di pengkolkeun ku Alloh, nabi teu bisa mengkolkeun umatna da geuning Abu Jahal ge teu nuturkeun ka nabi, nabi nuh teu bisa mengkolkeun umatna  da geuning putrana kan’an teu nuturkeun ka nabi nuh, nabi lut teu bisa mengkolkeun ka umatna da geuning bojona ge maot aya dina kakupuran, polisi teu bisa mengkolkeun tina laku gorengna bangsat da geuning loba bangsat anu di tewak bari di bui lantaran teu dipengkolkeun gorengna ku alloh, yen tetela teu aya anu bisa mengkolkeun tina goreng kajaba anu di pengkolkeun ku Alloh.
Nu katilu  وما بكم من نعمة فمن الله naon bae nu aya di aranjeun sadaya ilmu wibawa komara keududukan minalloh, bisa dagang bisa usaha poho ka Alloh na si Qorun di lelepkeun jeung hartana, di bere kedudukan raja Fir’aun di lelepkeun di lautan lantaran ngaku nu sorangan poho ka Allohna, (perlu di ralat teu kaharti )
Nu kaopat لا حول ولا قوة الا با الله teu aya daya upaya pikeun ngalaksanakeun bakti nyingkahan ma’siat illa billah anging pertolongan Alloh semata mata, margi teu saeutik jalma anu apal bener tapi kunaon teu daekeun bener, nyakitu deui teu saeutik jalma anu apaleun salah tapi ku naon anclub wae kana salah ! sabab teu aya pertolongan Alloh, yen tetela ngalaksanakeun bakti nyingkahan ma’siat semata mata pertolongan Alloh.
Nabi tadi nyuhunken dina du’a اللهم بارك لنا aya naon nabi nyuhunken ka Alloh sangkan rojab dibarokahan. Margi teu aya anu gaduh barokah iwalti Alloh. Ngan lamun barokah ges di lungsurkeun ku Alloh tong keueung dagang sarebu tukang dagang digigiren tong sieun teu payu, lamun ku Alloh ges dibarokahan. Daerah mekah nu tadina tandus teu jadi nanaon tetapi karena Alloh janji للذي ببكة مبا ركا باركنا حوله  kaborakahan di lungsurken ku Alloh ka eta kota, bubuwahan sadunya di aletkeun ka kota mekah, hakekatna ku alloh sareatna tiap nagara jutaan umat anu datang ka kota mekah, caina ci zam zam teu eureun eureun, minyakna pang lobana netelakaeun yen eta tempat barokah, yen tetela dimana barokah ges di lungsurken ku Alloh, insya Alloh keamanan jeung amal moal matak ngurangan.

Hadirin rahimakumulloh !
Ari bulan rajab teh, bulan Alloh saur nabi  ان رجب  شهر الله   saenyana bulan rojab teh bulan Alloh. Saha jalma anu ngamulyakeun kana bulan Alloh, Alloh anu bakal ngabalesna, dina hiji kitab di saurkeun ibu! Aya hiji

awewe kabeneran eta awewe teh randa jeung kabeneran eta randa teh teu gableg salaki, dina hiji waktos eta awewe teh ibu! Dina setiap sataun sakali sok mencilkeun aya hiji bulan anu sok di angge ibadah, dina dua belas bulan tiap bulan rojab, eta awewe tara kaluar cicing di pangsolatan maca istighfar jeung sholawat seja ta’dim ngagungkeun kana bulan Alloh, hayang dirohmat ku Alloh eta awewe, malah make mukeunana ge ibu! Husus tiap taun di ganti ku mukena weuteuh, beda deui jeung urang pan mukena teh ti kawin baheula nepika ayeuna 40 taun eta we mukena teh nepika geus pinuh cimeuting. Tah eta istri teh ibu dina hiji waktos anjeuna ngageroan anakna duka geus kumaha, ujang ceunah, kadieui ema rek wasiat bisi pondok umur lantaran ema teh geus beda rarasaan, tetempoan geus lalamur bisi pondok umur ema rek wasiat lamun ema paeh hayang di bungkus ku mukena paranti ibadah bulan rojab, untung wasiatna teh kitu hadena henteu kieu ujang sawah nu di sisi jalan bikeun kapasantren ka….. hadena henteu kitu, henteu kantos lami maot ibuna teh, saba’da di ibakan ku budakna tuluy rek di bungkus budakna mikir pisan aduh lamun dibungkus ku mukena iyeu ema! Kumaha pandangan masyarakat jiga aing henteu bakti kanu jadi kolot, jiga kolot henteu ninggalkeun warisan padahal loba tungtungna eta budak meuli boeh weuteuh mukeuna wasiat indungna teu di cumponan, tuluy saba’da beres di kurebkeun peutingna eta budak sare kersare teh فرأ في المنام   ngimpen tepang sare indungna aya indungna ngajegelek harepen anakna ceuk indungna harita jang ! ceunah ku naon sia teu nyumponan kana wasiat aing pan aing teh hayang di bungkus ku mukena paranti ibadah bulan rojab jang saksi di hadapan Alloh tapi sia teu nurut, geus kitu teh eta budak sadar tuluy ngorejat eta budak teh, tuluy indit nyokot mukeuna tuluy digali pakuburanana saba’da digali فلم يزد في قبرها  euweuh teu panggih indungna, tuluy manehna cerik dina pakuburan lantaran nalangsa wasiat indungna teu kacumponan, na ker cerik teh aya sora nu kadenge ku eta budak , hei ! anu leweh sia kadongdora cerik moal aya gunana nyengcerikan indung sia lantaran indung sia mah hiji hamba Alloh anu sok ibadah bulan rojab kalawan ngagungken lillah, tah eta mahalna teh lillahna, saha jalma anu ngagungken kana bulan rojab kalawan lillah maka Alloh moal nyimpen dina pakuburan sorangan bari euweuh anu ngabaturan, kitu eta teh ceuk sora hatif, ari sora hatif teh aya sora tapi euweuh bungkeuleukna, kuring mah bareto sekitar jam dua jam tilu sok mineung ngadenge sora hatif teh malam ahad di radio ngadengekeun wayang, pan heeh eta ge sora wungkul euweuh jalmaan.

Hadirin rahimakumulloh !
Nabi di berangkatkeun ti masjid ka masjid, lain ti gedung MPR ka gedung MPR, lain ti istana ke istana, tapi dari masjid kemasjid menandakan urang kudu boga rasa cinta ka masjid, malah di mana Alloh rek nurunken adab pangheulana nempo penduduk dunya ka masjid, lamun jalma geus nyapeleken masjid teu daek ngarameken masjid berarti eta jalma geus nantang kana turunna adzab Alloh.
       Ari masjid teh hiji bangunan anu di bangun ku Alloh pangpayuna saur Alloh :
 ان اول بيتي وضع للناس للذي ببكة مباركا وهدا للعالمين  
bahwa bangunan anu di bangun ku Alloh pangpayuna adalah masjid anu للذي ببكة مباركا ku Alloh di barokahan, Tah masjidil harom jeung masjidil Aqso teh anu baarokna haolah, nu daek si'ar ka masjid, ngarame rame masjid bakal di barokahan ku Alloh, tapi lamun urang geus anti ka masjid nyeula ka masjid kajeun teuing boga pangkat loba dunya moal jadi mulya malah jadi obrolan, ceuk batur teh pejabat saha eta teh, pejabat anyar uh si etamah jauh ka bedug padahal deukeut bedugna teh jeung jendelana, jadi lamun geus jauh ka masjid bakal jadi penghinaan jeung obrolan.
Nabi sateuacan diberangkatkeun ka masjid dibersihan heula manahna ker nandakeun di mana urang rek menghadap Alloh kudu bersih jiwa, mana urang kamasjid ge kudu bersih hate, di bersihan heula kokotor nu aya dina hate, lantaran lamun urang sering ka masjid hate kotor keneh moal kabawa mulya, ceuk batur teh, bisi hayang apal tah ibu etamah getol pisan ngaosna teh, kamasjid tara tinggaleun masjid mana bae diunggahan

ngan hanjakal panasan, panasan kumaha! Kamari ceunah tatanggana meuli tivi manehna teh teu eling tilu poe, malah kamari aya tatanggana anu ngaji panjang kongkorongna di pelong bari sinis eta teh lain emas doble cenah goreng deui sangkana teh, tah eta teh kudu di kumbahhatena, rakyat anu goreng sangka ka pamarentah kumbah hatena, pamimpin anu goreng sangka ka rakyat kumbah hatena, malah ajeungan ge aya anu kdu di kumbah ibu! Ajeungan anu sholat subuh kaberangan ari imam ku batur manehna nolol kana jandela ges aya imam teu milu sholat berjamaah balik deui ka imah, majarken kehed sia, imam aing dihanca di rebut ceunah dua minggu teu ka masjid tah ajeungan kitu ge kudu di kumbah di bersihan hatena nu kitu ge, supaya aya dina kabersihan jiwa.

Hadirin rahimakumulloh !
Naon margina rosul di angkat لنرياتنا من ايتنا    Alloh bade ningalikeun kana kakawasaannana nu ayeunamah nu disebut staditur supaya nambahan ilmu pikeun nabi, yen dadamelan Alloh teh lain dunya wae alam anu di damel ku Alloh teh jumlahna delapan belas rebu alam, aya alam anu berbanding hiji alam sarebu taun, alam anu kantos di alami ku nabi huzer, malah aya alam satu hari berbanding 309 taun, alam anu kaalaman ku ashabul kahfi, lamun nabi melintasi alam leuwih ti eta, naon margina! Margi nabi di aping ku jibril sedengkeun jibril kacepatannana saur Alloh dina surat Al maarij ayat empat :

تعرج الملائكة والروح اليه في يوم كان مقداره خمسين الف سنة

Kecepatan malaikat jibril berjalan perhari في يوم كان مقداره خمسين الف سنة sami sareng 50.000 taun kecepatan sinar sedengken sinar perdetik 30600 kilo meter samenit 60 detik kali 30600 kali kana saejam kali 24 jam kali 360 poe kali 50.000 taun manusia moal mampu ngitungna pangna ku Alloh gancang di tutup ku Subhana yen tetela ilmu manusia terbatas.
Hadirin rahimakumulloh
Bade naon nabi di angkat ! ngahaja hiji ngabebetah manah ibi ! margi anjeuna mulih di kantun ku bojona anu sholehah nyaeta 

Siti khodijah  maot anu ngantunkeun nabi anu hartana seep di anggo ngabantu pikeunagama sadayana, nabi salebet di tikah ku siti khodijah, siti khodijah nikah ka nabi can pernah aya kokocewaan sehingga nabi secara insani harita ngarasa prihatin di kantun anu janten istrina. Ari siti khodijah teh istri anu sholehah ibu ! diantawina cenah ibu istri sholehah teh hiji istri anu tara loba barang penta ka salakina, ciri sholehah ibu ! matak ceuk salaki mah tah ceunah lumayan sing mahi tilu juta tilu poe,cekapken we ku ibu teh nya ! alhamdulillah apa ken ker meuli pecel sabalik dua balik, eh bulan harep salakina teh datangdeui, maah ! kamarimah apa bisa mere tilu juta tilu poeunlantaran boga pabrik mobil ayeunamah pabrik mobil di cokot ayeunamah teu bisa mere tilu juta tah eta tilu rebu sing mahi sataun cenah, eta ge di suhunkeun ku istri sholehah mah moal ambek alhamdulillah apa insyaalloh upami apa hoyong cekap satauneun insyaalloh ku abdi bade di jeujeuhkeun, ku ibu tehbelikeun we kana kalender pan satauneun heeh pan teu salah eta teh, nu sataunen gantungkeun kana meja makan, tah lamun isuk isuk salaki ibu ngagorowok mamah apa hoyong cai kopi tinyuh we januari ku ibu teh nya ges kitu teh mamah hayang udud gorelengkeun we pebruari, tah ges kitu terangkeun apa! Maenya artos tilu rebu mahi satauneun angge meser beas sarebu lima ratus satengah kilo nu sarebu di pake bayaran si nyaijeung si dedeh sakola agama nu maratus di pake apa meuli bubur tah mamahmah teu kabagian nanaon, tah ayeunateh apa teu barang beuli nanaon tah ari geus diterangkeun moal ambek. Nu kadua nabi teh gaduh uwa nyaeta nu sok ngabantu ka nabi, Abu Tholib bebeakan ngabantu kana agama ari iman mah embung malah nabi nyaurkeun mang sok maca syahadat abdi nu jadi saksi di hadaan Alloh, tapi ari kabatur mah sok ngajleung ka urang quresy saha anu wani wani ngaganggu Muhammad lengkahan mayit aing eta teh ari ka nabimah nyaah kana agama nyaah ngan ari syahadatmah embung, paingan ceuk nabi di akhir jaman engke bakal kuat islam teh ku munafek baheula di pasuruan aya hji pandeta ibu ! eta ngaranna si david hendra kungsi ngahina nabi di gareja eta ulama jeung santrina giat kurang leuwih empat rebu rek ngahancurkeun kana eta gareja ngan kaburu kapegat k
ku para pamuda ti pasar jeung ti terminal nu ditarato pinuh buukna di aruntun, ajeungan ! ajeungan mah calik ke we nu kitumah bagian abdi, abdimah peperiheun sholat ngaji tara tukang mabok ken we ku abdi, bener opat gareja dempes padahal manehna tara sholat. Tah iyeu ge Abu Tholib iman teu daek tapi ngabela nabimah aya pangna nabi prihatin di saat eta nangis nabi saba’da nangis anjeuna dina keprihatinan eta, lungsur ayat
انك لا تهد من احببت ولكن الله يهدي من يشاء
Muhammad ulah matak prihatin ka maneh anjeun mah tugasna da’wah we! Itu hidayah mas’alah kami, tah nabi dina kprihatinan eta saba’da di mi’rojkeun sehingga nabi aya dina kabungahan, urang oge anu tadi tibumi nyandak aya kakeuheul aya kapusing aya kabingung mudah mudahan mulih ti iyeu tempat kabingung uran sadaya di leungitkeun ku berkah sayidul anam.
اليـــــــــوم يوم رحمة         *    اليـــــــــــوم يوم نعمة
اليوم تذهب الغمم        *   ببركة سيد الانام
Poe ieu poe rohmat *  poe iyeu poe ni’mat
Poe lenglangna kabingung *
Ku berkah sayyidil anam
Mudah mudahan kemelut anu terjadi di umat islamanu aya di dunya ku Alloh di hilangkeun.

Hadirin rahimakumulloh !
Naon anu di tingalikeun ka nabi keur ujian ngahaja matak tadi dina ayat:
وماجعلن الرأيا التي أريناك الا فتنة للناس
naon nu ditingalikeun ka nabi sebagai gambaran pasti jadi ramalan jibril anu di bejakeun ka nabi yakin bakal terjadi, beda deui jeung ramalan kamari geuning urang guyur tanggal salaopan bulan salapan salapan menit salapan sekon etamah ramalan dukun ahli para normal nu ngaranna teh Gendeng Pamungkas ari gendeng teh gelo pamungkas terahir berarti nu gelo terahir matak ngariweuhkeun ka sarerea, beda deui jeung ramaln nabi jibril ngabejakeun empat belas rebu katukang tos nyandak cai kanabi ngan ku nabi teu di leueut nyaeta cai arak ku jibril di bejaan Muhammad itu gambaran anu terjadi ka umat anjeun, engke yen yahudi moal eureun boga rencana rek ngahancurkeun umat anjeun ku narkoba, ari nar teh sene ari qoba teh deukeut qoba qosaeni deket, berarti nu ngadahar narkoba teh

ngadeketkeun kana naraka, berarti yahudi rek ngahancurkeun umat Muhammad dengan jalan minuman keras dengan obat obatan segala macam sakira kira matak ngamabokeun itu adalah ramalan – ramalan nu di bejakaeun empat belas rebu katukang, bukti ayeuna kanyataan di urang sabaraha rebu pel anu ges beunang, malah ibu ayeuna kahade yahudi mah mere supaya budak mabok tina ladang cangkang permen ges mulai jalan, baheula di tasik aya nu teu eling saba’da di kontrol ternyata budak teh keracunan dina obat heroin, saba’da di kontrol manehna teh meuli permen di letakan gambarna di tapelkeun dina badan nu sok di jieun tato tatoan eta geus ngandung obat heroin, tah itu gambaran gambaran, tapi Nabi harita nu di leueut mung cai susu, itu gambaran ajaran Muhammad adalah ajaran islam sedengken cai susu kaluarna antara sela sela kokotor jeung getih, teu bau kokotor teu bau getih, ajaran islam ge sok sanajan di hapit ku kokotor, islam kekeh bakal mulya, nu teu percaya kana mi’roj manehannana bakal yakin mempercayai da ayeuna buktina percaya aya parabola hasil mengkaji tina isro mi’roj, malah kafir ayeuna geus percayaeun kana noan benerna ajaran islam, tahun 1994 di amerika pernah aya seminar empat puluh nagara doctor sepesialis ngayakeun musyawarah loba panyakit anu nyebar anu hese di berantasna ngan saba’da di selidik eta penyakit nyangkrungna dina bobogaan lalaki anu can di keret jadi kesimpulan di amerika tahun 1994 bahwa budak anu umur tujuh poe kudu di keret, islam mah leuwih tiheula ku nabi di lakjsanakeun hasan sareng saidina husen, berarti mereka membenarkan kana agama islam mau tidak mau, ngan manehna gengsi kudu ngaku kabeneranmah.

Hadirin rahimakumulloh !
Di antawisna nabi kantos nguping umatna dina naraka nu geus jutaan taun jejeritan keneh, teras nabi sujud pil arsi di handapen aras menta ka Alloh dugika tilu kali sujud, gusti kaluarkan umat abdi tina naraka - gusti kaluarkan umat abdi tina naraka, dauhan Alloh waizzati wazalali demi kaagungan jeung kamulyaan kami, Muhammad ! naon kahayang anjeun di cumponan kecuali mas’alah iyeu wayahna lantaran dina naraka teh umat anjeun, hiji anak anu pernah nganyeunyeurikeun kanu jadi indung bapa, indung bapana can aya kecap hampura tina kasalahan tinu jadi ankana, teras nabi unjukan ya Alloh dimana indung bapana di surga saur Alloh, nyuhunken widi abdi kasurga ceuk Alloh kalaya idin kami jig ! teras nabi ka surga ibu ! saba’da kasurga teh muhun indung bapana teh aya di surga ker senang senang di taros ku nabi maneh boga anak ? kantenan ya rosulloh kumaha anak maneh ? lah ceunah nyeuri ya rosulloh si horeng nyeurina teh teu pira ibu ! ku nao maneh nyeuri ku anak ? kuring mah

nyeuri ku anak teh kamari rek nginjem duit majarkeun nginjem nginjem kamari ge urut bako can mayar nyeuri cenah aing ku anak, ari maneh nyeuri ku anak naon? Abdimah nyeuri ku anak teh waktu idul adha mencit
domba harita daging loba malah nawaran minantu nu awewe harita ma! Bisi rek dahar di dapur aya hulu peda ari daging di ampihan kana lemari, nyeuri cenah aing ku anak, eta nyeuri nu sakitu maneh ges apal sikasaanana ! ya alloh nyuhunken widi abdi rek mawa indung bapana kana naraka kalawan idin kami saur Alloh, begitu naraka di bukaken anakna ngajerit,يا امي النار اخرقت نقمة   naraka ngaduruk abdi geus rebuan taun ema ! lantaran abdi geus nganyeriken ka ema, indung nage harita ujang sugan moal kieu maneh nganyeuriken ka umi ges rebuan taun, ya Alloh Muhammad anu jadi saksi abdi ayeuna ngahampura kana kasalahan anak abdi nembe Alloh ngawaler waizzati wazalali demi kaagungan jeung kamulyaan kami, Muhammad sok umat anjen bawa ayeuna asupkeun kasurga mandiken heula di bi’rul hayawan, saba’da indung bapana ngahampura kana kasalahan anu jadi anakna, pangna urang ge lamun gaduh ibu rama duakaen ku: اللهم اغفرلي ذنوبي ولوالدي ورحم هما كما ربياني صغيرا   lantaran di mana anak tinggal du’a kanu jadi indung bapa sok sanajan boga harta kakayaan engke ku Alloh bakal di waris jadi jalma anu pakirترك الدعاء للوالدين يورث الفقر bakal ngawaris kana kapakiran, mudah- mudahan iyeu pangaosan di tingali ku nabi.
Hadirin rahimakumulloh !
Naon hasilna sholat ! ari sholat teh gerakan-gerakan disiplin anu teu bisa kacampuran sagawayah ngabogaan tangtu katangtuan ulah kenah kenah bareto keur jagjag jarang sholat, pek teh ayeuna ges kolot eling ah cenah ajeungan mempeng salse ibimah ayeuna rek getol lohorge rek jam sabelas moal syah kekeh ibu ! jadi ngabogaaan aturan, babacaan teu bisa kacampuran kanu sejen, gerakan usik usikan oyag oyagan leuwih tilu kali batal, samping muka jadi batal, itu adalah gerakan gerakan disiplin dina sholat, ngomong sahuruf dina sholat jadi batal, sanajan aya dina qur’an tapi niat ngabejaan kanu jadi anak angger we batal, conto eperti kieui ibu ! aya indungna ker sholat maghrib ker maca fatihah غير المغضوب عليهم ولا الظالين ari pekteh anakna cerik gogoakan ema roti ker uing- ema roti ker uing
indungna ker sholat kagok supaya anakna repeh sholat jadi, indungna maca بسم الله الرحمن الرحيم.  ق   cenah indungna sholat maca koof tapi niatna
lebok ku sia ka anakna angger we batal bu ! sok sanajan aya dina qur’an, jadi sholat adalah gambaran kedisiplinan supaya urang disiplin hirup, tatacara kehidupan antara rakyat jeung pimpinan aya dina sholat, jadi dimana aya pimpinan salah, uran ker sholat imam salah urang kudu ngabejaan kudu hormat subhanalloh sakali dua kali subhanalloh tilu kali urang niat munfarid dina hate, ges semet deui urang turut ka maneh, namun dina hate ulah nyamperkeun imam, imam teh goblog aing geus maca subhanalloh ceuk aing sia batal, tah urangna anu batal kecuali aya geuning dina imam ibu! Hayo wae sholat sakan hitut kadenge ku sarerea bauna teh kaambe ku sarerea etamah terang terangan salahna teh tapi imam hayo wae jadi imam di Tanya kuma’mum beres sholat, imam! Ari tadi karasa hitut ? puguh we aing anu hitutna ge, ari ceuk pelaturan mun hitut kumaha? Batal sholatna ! lamum sholatna wudlu heula da aing mah tadi ngimaman teh teu wudlu heula, paingan nu kitu, jadi lamun pimpinam teu wudlu heula sok hese turunna sok sanajan geus salah ge lamun teu wudlu heula, matak gerak jeung langkah cukup aya dina sholat.
Mudah-mudahan ku hadir urang di iyeu tempat hiji iyeu tempat sing di barokahan ku Alloh dua kempelan iyeu mudah mudahan urang di kempelkeun di yaumil qiyamah kalawan urang di safaatan ku anjeuna
ربنا اتنا في الدنيا حسنة وفي الاخرة حسنة وقنا عذاب النار

والسلام عليكم ورحمة الله زوبركا ته
Previous
Next Post »