Contoh Dakwah Bahasa Sunda Tentang Syukur


السلام عليكم ورحمة الله زوبركا ته
http://syariahpropertyindonesia.com/2016/09/28/syukur/
الحمد لله الذي انزل الكتاب ولم يجعل له عواجا. القائل في كتابه العزيز. ومن يعظم شعائرالله فانها من تقوالقلوب. والصلاة والسلام علي سيدنا محمد سيد الانبياء والمرسلين. الامام الكامل في الدنيا والاخرة. وعلي اله واصحابه والتابعين لهم باحسان الي يوم الدين. اما بعد فقد قل الله تعلي وسارعوا الي مغفرة من ربكم وحنة عرضها السموات والارض اعيدت للمتقين. وقال ايضا وانتأذنا لئن شكرتم لازيدنكم ولئن كفرتم ان عذابي لشديد. وقال النبي من احيا سنتي عند فساد امتي فله اجر شهيد. وقال العلماء الشكر هو اجراء الاعضاء في مرضاة الله واجراء الاموال فيها. وقال بعض الحكماء زين نفسك بالمعصية ولا تزين نفسك بالطاعة.
Hadrotul mukarrom para alim ulama para asatid para kiyai anu sami nampa hadir di haflah mubarokah nu ku pribados dipikahormat anu mana urang du’akeun para alim ulama para kiyai hususna guru guru urang satempat sing dipanjangkeun yuswana amin, dipaparinan sehat walafiat ditambih tambih barokah ilmuna ditambih tambih rijkina dipasihan turunan anu sholih tur sholihah anu tiasa neraskeun perjuangan marantenna amin yaalloh yarobbal …..alamin, atuh wabilhususna deui kakersana aparatur pemerintahan kersana bapak lurah beserta jajaran BPD beserta jajarananna anu sami ku pribados dipihormat mudah mudahan iyeu pa lurah dina salamina riutdayeut ngurus masarakat dilingkungan desa urang masing aya dina bingbingan hidayahna Alloh tur mudah mudahan dipaparinan sifat jujur jeung adil amin, oge mudah mudahan iyeu pa lurah dina salami mimpin masarakatna sing tiasa ngajak tur mere conto kana jalan anu dipika ridho ku Alloh SWT, kadituna du’akeun iyeu para pamimpin sing bisa menteladani kepemimpinan rosululloh SAW, anu nepika kawari can aya nubisa nurutan akhlaq kepemimpinan rosul padahal mayoritas pamimpin pejabat nepika luhur islam termasuk para wakil rakyat leres tingali rosululloh, rosululloh seorang jendral bahkan jendralna sakabehna jendral, rosululloh seorang prsiden bahkan presidenna sakabeh presiden, teu aya nu nandingan kana pangkat.
pejabat rosululloh dialam dunya iyeu leres ! termasuk para anbiya, rosululloh sebagai pamimpina, rosululloh adalah pamimpin umat yang besar, rosululloh sebagai wakil rakyat sejati tapi kehidupan rosululloh ditukil sapalihna ulama ويحب الفقراء والمساكين ويجلس معهم   rosululoh sok sanajan seorang jendral seorang presiden seorang pejabat tinggi seorang wakil rakyat teu aya pejabat anu bisa ngaluhuran kana jabatan rosululloh tapi kahidupan sadidinten rosululloh tetep reureujeungan jeung rakyat rakyatna anu mariskin, itulah hebatnya rosululloh paling anu deukeut jeung anu mariskin jaman ayeuna Rt, Rw, Dusun, Wakil jeung pak Lurahnu deketmah nu cikibung jeung rakyatmah.
Oge teu kakantun kapembawa acara wabil husus kapara panitia rajaban anu parantos satekah polah berjuang berkorban demi terlaksananya iyeu acara rajaban atuh pamudah mudahan iyeu sagala pengorbanan panitia berikut warga masarakat kaum muslimin sabuderen di uyeu kampung …..boh tina hartana tina emutannana kanggo terlaksanana iyeu pangajian umum, pamudah mudahan didasari ku ikhlas lillahitaala masing ditampi iyeu pangorbanan ku Alloh sebagai amal ibadah anu sholih amin yarobbal a…lamin, simkuring yakin hakekat izin Alloh sareat sababiyah wasialhna aya perjuangan pengorbanan urang sadaya leres ! aya nu korban hartana aya ! nukorban tanagana aya ! nukorban pikirannana bahkan ceunah aya anu teu mikir mikir, aya nu teu mikir mikir,  mana imahna urang cekek bareng bareng, tapi insyaalloh urang mikirkeun kana iyeu pangajian, atuh mudah mudahan niat langkah urang ditampi sebagai amal ibadah anu sholeh, anu nyumbangkeun hartana kanggo rajaban hasil tina dagangna mudah mudahan sing dibarokahan amin ! anu nyumbangkeun hartana tina gawe mudah mudahan semakin dipercaya kudunungannana amin, anu hasil tina tani tina kebon mudah mudahan masing dipaparinan kasuburan, anu hasil tina ngojeg disumbangkeun kana rajaban mudah mudahan sing laku ojegna lain dijual
motorna lain ! loba panumpangna amin ! anu hasil tina togel bisi nya bisi diselapkeun kana rajaban urang du’akeun eta jalma nu sok togel sing di panjangkeun umurna amin ! sing pondok nafasna, oh heeh panjang umur pondok nafas bengek, mudah mudahan sing buru buru dipaparinan kasadaran taufiq hidayah ti Alloh amin yaalloh yarobbal …..alamin.
Hadirin anu sami sami hadir
Mangga tipayun pangluhur kalbu kajembaran manah puji anu jadi panghhias ati urang pintonkeun ka dat anu maha suci, puja anu jadi panghias rasa urang sanggakeun ka dat anu maha kawasa, wirehing nitih wanci numustari ninggang mangsa nu lugina taqdir teu tiasa dipungkir kadar teu tiasa disinglar jauh dijugjug anggang diteang ngalet ngengkey ngabandalet ngembat ngembat nyatang pinang ngariung mungpulung bongkok ngoronyok jeung ibu ibu nu make anderok tapi omat ulah rek nyoba nyoba awewe montok make calana pondok bisi katempo ngagendok sagede batok aing sok hayang ngarontok bejana lamun digetok bari dicolok  sok bau tai kotok, alhamdulillah urang tiasa riung mungpulung bongkok ngoronyok diiyeu tempat teu aya sanes nyucruk ilmu panemu ngalap pangabisa supaya bisa ningkatkeun kaimanan jeung kataqwaan urang ka Alloh SWT. Atuh salajeungna teu kaselip selip dina ati teu kaselap selap dina manah teu kagilir gilir dina pikir teu kabeku beku dina kalbu ceuk barudak ngora ayeuna بعيد في العين قريب في القلب  meskipun jauh dimata tapi selalu dekat dihati, numana rahmat salam kawilujeungan mugi tetep dilungsurkeun kajungjungan alam anu pangnyongcolangna rosul anu dijungjung nabi anu dibakti habibana wanabiyyana Muhamad SAW. Oge mudah mudahan rahmat salam kawilujeungan mugi tetep dilungsurkeun ka kulawargina shohabatna kapara tabiin miwah tabiatna kapara ulama katut kapara pengikutna hususna nu hadir di iyeu tempat mudah mudahan urang sadaya masing kenging safaat rosulullo SAW.
Hadiri hadirot rahimakumulloh, bapak bapak ibu ibu para pemuda pemudi remajawan remajawati nujadi parawan kudu ati ati. Bapak bapak ibu ibu calon ahli kubur anu kupribados dipihormat tuh salah deui wae, rido ! rido henteu nu teu rido balik welah di sebut ahli kubur teu rido, bakal ahli kubur urang teh termasuk si yudi nu dina pangung iyeu salah satu calon ahli kubur iyeu urang sadaya nuhadir nu kumelendang dialam dunya iyeu calon kuat calon ahli…..kubur, urang sing sadar na siyudi mani togmol teuing mani nyebut ahli kubur sieun siyudi ngarasa hawatir sieun nu hadir ditempat iyeu paroroho kana maot sabab geus loba jalma dijaman ayeuna sibuk digarawe neangan dunya ngumpul ngumpul duit ngabelaan harta nepika poho ibadah, ngorbankeun ibadah seolah olah hirupna rek salilana dialam dunya padahal malaikat maot terus nuturkeun, eta jalma geus teu areling kana maot, loba jalma diahir jaman geus teu areling kana ma…ot, كل نفس ذائقة الموة  bakal maot urang teh, urang teh dina hiji waktu bakal asup kana li..ang liang naon liang kubur na geuning asup kana liang kubur sabab urangmah teu jauh kana liang da hakekatna urangmah bijil tina li…ang, ayeuna sibuk didunya neangan duit kaditu kadieu banting tulang etateh sareatnamah ngabelaan li..ang ayeuna hirup didunya ngabelaan liang engke bakal asup kana liang dari liang untuk liang menuju liang pokona sakali liang tetep li..ang, tah eta partai anyar partai liang, matak loba liang dina awak urang salapan jumlahna dua liang soca dua liang pangambung jadi opat hiji liang baham dua liang cepil jadi tujuh dua deui numana dihandap tujuh diluhur dua dihandap teangan tah nudihandapmah diimah. Umat ahir jaman moal aya nuratusan taun moal duaratus taun tiluratus taun, moal saratus taun ge geus jarang kadang kadang ningali umat ahir jaman ayeuna kakara umur duabelas taun karak genepbelas taun geus pikun, ngora ngora geus pikun teu nyaho pintu masjig masjid acan pikun bener ! teu nyaho panto majlis majlis acan pikun ! dimasjid ker rame sholat magrib budak ngora ngaliwat ukur kieu we geus pikun kudunamah dituyun jang eta masjid oge hayu kamasjid heula, urangmah umat ahir jaman moal aya anu ratusan taun urangmah umat ahir jaman yuswana moal lebih tina yuswana nabi 63 taun aya nu sok leuwih 70, 80, 90 bahkanaya anu mencapai seratus taunnya ! bahkan aya nu mencapai seratus nya bonusnawe loba ngan kacida untungna jalma dibere umur panjang alus kalakuanna beuki kolot beuki deukeut ka Alloh leres ! خير الناس من طال عمره وحسن عمله pangsae saena jalmi dibere umur panjang sae kalakuanna, tapi sabalikna panggoreng gorengna jalma dibere umur panjang goring kalakuana, beuki kolot beuki edan sirah geus huwisan masih keneh rajin nyekek remi jeung ngitung togel, aya bapa bapa nukitu aya bapa apa nukitu ! lamun aya bapa bapa nukitu kaasupkeun golongan ABG terang ABG aki aki beuki gebleg, matak sing sadar urang bakal kembali ka Alloh   انا لله وان اليه راجعون  mudah mudahan digeuing hususna simkuring ngawasiatan kadiri simkuring bisi keur teu eling kana maot suganwe ari geus eling maot kana hirup teh ati ati urang nyiapkeun beubeukeulan urang jang kahirupan nuabadi nyaeta diaherat kunaonامنوا وعملوا الصالحات  iman anu dibuktikan kuamal amal anu sholih ningkatkeun ibadah jeung kataqwaan ka Alloh.
Lamun surang rek menyaksi kana kahirupan urang iyeu hiji ni’mat tiAlloh SWT anu kudu disukuri kuurang, ni’mat panjang umur sehat walafiat iman islam eta nu dicandak, tingali jeung dulur babaraya tatangga anu geus ngababatang tinggal tulang nu aya dialam qubur, urang masih bisa dibere kasempatan ku Alloh pikeun ngahisap udara…….. iyeu kasempatan ulah dimoyah moyah iyeu kasempatan ulah dilalaworakeun yu kembalikeun jang kembali kana aturan Alloh jeung rosulna, ulah nyimpang jauh teuing tina rel aturan Alloh bisi cilaka kaduhung pandeurina, hayu urang gunakeun iyeu kasempatan, iyeu nyampak rohani jeung jasmani masih keneh ngahiji kasempatan ti Alloh rohani jeung jasmani masih keneh nyampak, tingali baturmah geus tinggal jasmani wungkul rohaninamah tos teu aya bahkan jasmaninamah tos hancur dialam kubur, urang jasmani aya keneh rohani masih nyampak can pisah da ayeuna lamun aya jasmanina wungkul rohanina teu aya lain jalma hirup mayit ngarana jasmanina teu aya rohanina aya lain jalma hirup jurig ngarana, ari urangmah jurig lain mayit lain jalma hirup kumplit, rumasa jasmani jeung rohani masih keneh nyampak can pisah yu eta dua modal ti Alloh urang sejahterakeun ulah diantep wae ulah teu adil hirup dialam dunya teh, ngan ukur mentingkeun eusi jasmani wungkul sementara rohanina karosong tina nasehat agama, eusi jasmanimah leuteun tuangeun eta eusi jasmanimah, jang ngeusian rohani naon ! jang ngeusian rohani nasehat agama jang mensejahterakan rohani urang, seueur jalmi ayeuna numentingkeun eusi jasmani wungkul sementara eusi rohani karosong diajakan rutinan diajakan minggonan diajakan pangajian kamajlis ta’lim looba wae alesan, kang hayu pan ayeuna teh rutinan dimasjid hayu urang ngaji wa ayeuna teh keur geuring keur panas tiris, aya wae alesan, ari ceuk nu nyamper ari bieu jagjag bieumah  katempo jalan jeleng kamamana ari disamper ngaji eta ngadadak pararanas  alesan we, etamah teu hayang ngaji we, padahal aya nadom eta nadom ceuk barudak santri bahwa tolab ilmu ningalikeun Siar islam katingali rempug kompakna hirupna islam kuayana tolab elmu,

Hayu Batur Babarengan   *  Kadieu Kapangajian
Ningalikeun Siar Islam  *   Setan Ambeh Ngajauhan

Heeh heeh bener, disamper we ngaji ngadadak pararanas alesan.

Mimiti Geuring Meueusan   *  
Lila Lilamah Panasan
Panyakit Teu Bisa Diubaran *
Da Bongan Ucap Sorangan

cocok cocok lebok, diajakan tolabul elmu jang maraban rohani loba bae alesan tapi jang maraban jasmanimah teu aya alesan, teu inget kana kacape teu ingeut kana karipuh, jang neangan katuangeun jasmani bener ! loba ahir jaman ayeuna teh ngabelaan jasmani bae nepika bet hulu dug ….sholat bet hulu dug nyawamah lagu lama etamah, aya lagu baru bet hulu dug sholat bet hulu dug ngaji bet sholat dug ibadah. Ibadah dikorbankeun demi duit ngabelaan duit dua puluh rebu sapoe nepika ngorbankeun ibadah leureus ! jang ngabelaan jasmani hudang tengah peuting jam dua belas hudang kacai mandi geus mandi ganti pakaian sugan teh rek I’tikaf rek sholat tahajud bari nungguan berjamaah ari pek teh teu sholat  acan berangkat wae kana pagawean, sok aya nukitu ! sok aya nukitu ! anu diuk dimana hayang kenalan aing, ari suganteh di cikande we nukitu teh sihoreng didieu ge loba nya ! emang didieu mimitina. Jang ngabelaan dunya jang ngabelaan duit nepika poho ibadah
Sementara diajak ngaji jang maraban rohani loba alesan loba teori padahal penting rohani ge kudu dieusian.
Bu ! ibu ari digeroan teh nembalan ari panon molotot ari di geroan teu nembalan di…. Nu panonna molotot digeroan teu nembalan teh lauk peda, sok laut peda molotot digeroan teu nembalan iyeu lauk peda tuda, bu ! dageus dibejaan bieu, pa ! leh leh leh pa ! ihih loba peda , peda lalakina. Upami jasmani urang telat teu kaeusian leuleus ! jasmani telat kaeusian pasti leuleus, lemah, letoy, loyyo, aya teu urang rohanina telat kunasehat agama aduh saya kamari teu milu rotinan ngadadak leuleus awak aya teu nukitu ! uluh moal aya, justru tibalik nutara ngaraji beuki jaragjag bener ! , jasmani teu kaeusian leuleus conto romadon masaalloh leuleusna karasa asup tanggal hiji urang ngalaksanakeun saom leles letoy naon sababna jasmani teulat teu kaeusian kudu nungguaan magrib begitu imsak setop makan dan minum juga meroko termasuk persetubuhan suami istri kudu nungguan engke magrib, ibu ibu kirana geus sono jeung salaki tungguan magrib bedug langsung tah ngabatalkeun teh kitu nya ulah gebleg eta ngarana buka bersama. Jasmani telat teu kaeusian ngarasa leuleus natuh ayeuna balikeun urang sadar dimana rohani teulat teu kaeusian kunasehat agama ngarasa leuleus ngarasa dosa, kamari teu milu mingguan tinggaleun hanca nepikamana eta kiyai ngabahas tatanya ah kanu hadir kudunamah kitu iyeumah teu ngaji sakali teh jongjon bablas angine kaditunateh. Makana dina weungi iyeu hayu urang niatan niat seja mensejahtrakan rohani.
Hadirin Rohimakumulloh
Umat islam ….masih kenehsemanget ningalikeun kacinta jeung kadeudeuh ka kanjeung nabi Muhammad SAW, kungayakeun iyeu isro mi’roj kanjeung nabi Muhammad SAW, sok sanaos sapalih jalma aya anu ngabidahkeun jadi peringatan rajaban pringatan muludan euweuh tidituna bid’ah dolalah bahkan nepika kiwari eta jalma can pernah ngayakeun muludan rajaban da euweuh tidituna kaolok olok kejo, masaalloh ! ari mperingatan rajaban peringatan muludan sanes bid’ah aya tidituna bahkan nabi Muhammad nyalira sering ngayakeun peringatanmah beda peringatan sareng perayaan ari peringatanmah cukup jemaah…… beres
Sholat isya ngariyung saaya aya sapuluh urang tujuh urang  buka ku imam sejarah kanjeung nabi buka sejarah isro mi’roj dicaritakaeun eta sejarahna diambil kesimpulan eta hikmahna geus ngadua beres tutup bubar itu peringatan beda jeung perayaan perayanmah kudu ngabentuk panitia make kudu udunan pan iyeu teh udunan lain ! udunan henteu ! panitia buntang banting mamawa maf geus leuceuk kaditu kadieu perayaan ! perayan ! torojol ibu ibu iraha rajabana jang ! weungi minggu, timana mubalighna jang ! ti cikandes ari gubrag teh udunan gambvar monyet bari geus lecek rek nempo…… merena gambar monyet na lebaran rek piknik kataman safari udunan duapuluh rebu saurang kabeh aki aki nini nini mariluan daftar kamana ma ! kataman safari sabaraha udunan duapuluh rebu murah rek naon kataman safari rek nempo monyet, arek nempo monyet udunan duapuluh rebu saurang, arek nempo siyudi gofe saurang, emang kasep mana monyet jeung siyudi ! nu nyebut kasep monyet eta bibina teuing mamangna, ari kana siar agamamah hese berkorbanna teh. Alhamdulillah didieumah kompak alhamdulillah tah iyeu perayaan kudu make sonsistem, kudu manggil kiyai jauh jauh nyewa tenda jeung kursi iyeu perayaan, peringatan dibarengi jeung perayaan, naon perayaan ! nu teu aya diaya ayakeun dibesarkan upami perayaanmah bid’ah teu aya tinabina, punteun sejarah yeuh ! . salami rosululloh jumeuneung dugika wafat taun 633 masehi digentos holifah Abu Bakar Assidiq, Umar bin Khotob, Usman bin Affan, Ali bin Abi Tholib can pernah aya perayaan perayaan maulid perayaan isro mi’roj ari peringatanmah tos aya, iraha ayana perayaan teh saba’da perang salib kahiji taun 488 hijriyah umat islam dibantai ku orang orang kristen waktu merebutkeun masjidil aqso perang salib kahiji naon sababna dingaranan perang salib kahiji sabab tentara inggris nyerbu ke yerussalem  palestina ka baetul muqoddas marake kongkorong salib, tujuh puluh rebu umat islam dibantai dibunuh kuorang kristen, umat islam jadi lemah sabab baetul muqoddas dikuasai ku orang nasroni diajak jihad diajak perang diajak ngarebut baetul muqoddas teu aya kahayang trauma kapok sebab beres perang salib dibantai, nah muncul seorang ulama besar anu jeuneungan imam Siri Assidqi muridna imam Ahmad bin Hambal orangna orang irak irbal irak.
utara, imam Siri Assidiq ningali jihad umat islam loyo, lemah, terpanggil hatena imam Siri maka imam Siri ngaluarkeun kata mutiara anu pikabitaeun umat islam kumaha saur imam Siri Asidiq:
من قصد موضعا يقرء فيه اسرائه ومعراجه نبيه صلي الله عليه وسلم فقد اوتي روضة من رياض الجنه الانه ماقصد ذالك المواضع الا محبته صلي الله عليه وسلم
Saur imam Siri Asidiq sing saha jalma rek ngamaksud ngayakeun macakeun sejarah di isrokeun sareung dimi’rojkeun nabi Muhammad nepika dirayakeun secara besar besaran nepika daek korban harta, tenaga, pikiran jang rajaban saur imam Siri فقد اوتي روضة من رياض الجنه  maka eta jalma bakal meunang satengah taman surga, muridna naros ya Syeh naon margina jalma rajaban kenging taman surga diwaler kuimam Siri
لانه ماقصد ذالك المواضع الا محبته صلي الله عليه وسلم
teu pati pati umat islam ngayakeun rajaban ngayakeun muludan nepika daek korban harta korban tenaga korban pikiran anging nanceb dina hate umat islam mahabbah, cinta, deudeuh ka kanjeung nabi Muhammad SAW, iyeu teh gara gara cinta nepika daek rajaban daek muludan gara gara urang cinta ka kanjeung nabi Muhammad SAW. Atuh kakuping kata mutiara imam Siri asidqi kudua pejuang islam anu jeuneunganana sekh Malik bin Mugoffar sareung Solahudin al Ayubi harita keneh Malik Mugoffar korban harta kabita kukata mutiara imam Siri ratusan sapi ratusan onta di pencit dipasak diolah diundang umat islam menampilkan ulama ulama singa padang pasir termasuk salah seorang ulama sekh Ja’far al barjanji ditampilkan untuk membacakan berjanjinya untuk mengungkapkan mutiara mutiara kata tentang sejarah perjuangan rosululloh dibaca beres rajaban umat islam anu padaharita kabangkitkeun deui semangat jihadna, umat islam tidinya langsung berangkat kabaetul muqoddas sehingga baetul muqoddas tiasa dikuasai deui ku umat islam, hasil rajaban. Jadi perayaanmah bid’ah, atuh yud bidahmah ulah dilaksanakan keheula bid’ahna bid’ah naon didieui ! ulah dolalah wae nu diobrolkeun, sekh Jalaludin Assuyuti borkomentar mas’alah bid’ah kabagi dua aya nu disebut bid’ah madmumah aya nudisebut bid’ah mahmudah, ari bid’ah mahmudah bid’ah terpuji :
كل ما احدث ولم يخالف كتابا او سنة او اجماعا فهو من البدعة المحموده
Setiap perkara anu teu aya tinabina tidak bertentangan dengan qur’an tidak bertentangan dengan hadis tidak bertolak belakang dengan ijma ulama itu disebut bid’ah terpuji bid’ah hasanah seperti perayaan maulid perayaan hari islam besar islam bid’ah tapi terpuji sabab dina rajaban dina muludan eusinamah ngaji ngaji keneh leureus ! rajaban tibang nami muludan nami anu penting eusina, eusina urang tiasa silaturrahmi ku ayana panitia ngayakeun  rajaban simkuring tebih tebih tiasa silaturrahmi, mudah mudahan ku iyeu silaturrahmi urang dina weungi iyeu dipanjangkeun yuswa gampang milik rijki amiiin ! pan saur nabi kitu dijamin jalmi anu rajin silaturrahmi من احب ان يبسط في رزقه وان يتشاء في اثره فليصل رحمه
Jalama  anu hayang dijembarkeun rijki hayang panjang umur bari ibadah sing rajin silaturrahmi, atuh muludan nami wungkul eusinamah ngaji ngaji keneh, pedah ceramah nempel dina bulan rajab disebut rajaban ceramah nempel dina bulan mulud disebut muludan eusinamah ngaji pedah beda tempat beda ngaran, tempatna dina mulud disebut muluidan tempatna dina rajab disebut rajaban beda tempatnamah tapi teuteup eusinamah ngaji, kos bulu dimana nempel teuteup bulu ngan pedah beda tempat beda ngaran dina mastaka rambut ngarana luhur soca halis ngarana lumpat kana lambai lain halis kumis ngarana da beda tempat eusinamah tetep bulu kana dada bulu kana kelek bulu teu robah robah sugan kana kelekmah jadi kawat, lumpat kana patuwangan bulu kana bujal bulu atuh kana….pingping kana bitis ge bulu teu robah robah aya nukalewat etamah PR engke papaiwe deui diimah kudak kodok dipangajian amit amit, nupentingmah eusi eusinamah tetep nga….ji bid’ah mahmudah, nukadua bid’ah dolalah bid’ah tersesat saur sekh Jalaludin Assuyuti berkomentar :
و كل ما احدث و خالف كتابا او سنة او اجماعا فهو من البدعة المذمومة
Setiap perkara anu teu aya tinabina bertentangan jeung qur’an bertentangan jeung hadis bertolak belakang jeung ijma ulama eta

kalebetna bid’ah tersesat conto ibu bapak rek hajat umpamana rek sunatan rek ngawinkeun sok nyetak undangan tara ! sok nyetak undangan nepika ratusan nyetak undangan dina undangan mamawa bismilah dina undamgan aya bismilahirrohmanirrohim aya suarat permohonan dina surat undangan dengan memohon ridho Alloh kami akan melakukan sukuran walimatunnikah putra putri kami, dina undangan menta ridho Alloh leres ! sok aya tara ku naon dina ondangan menta ridho Alloh ari hajat dieusian kukagiatan anu teu ngadatangkeun kana ridho Alloh, komo dikarawangmah geus galib lain dina ondanganmah menta ridho Alloh ari nu diayakeun blak tumplak tumplak tungtung jeer,datang moal ridho Alloh kira kirana ! udag heula walimah naon ari walimah ! ibu rek ngayakeu walimahan bapak rek ngayakeun walimahan nikah walimahan hitan tanyakeun heula ka kiyai abdi teh bade hajatan, hajat naon ! eta bade nikahkeun bade nyunatan diterangkeun ku kiyai lamunbener rek ngayakeun walimatul hitan walimatunnikah ayakeun kagiatan anu sesuai jeung kalimah walimah, naon atuh kiyai ari walimah teh sebagian ulama ngama’naan walimah bima’na maqomuddu’a, hartina walimah teh tempat tempat du’a lamun walimah ngandunng tempat tempat du’a coba ayakeun kagiatan anu pinuh kudu’a naon kagiatan anu puinuh kudu’a nyaeta pangajian sok ayakeun tablig akbar ondang mubalig ondang kiyai tah kuayana pangajian cocok jeung arti walimah.eta pangajian tos dimimitian ku pembukaan, protokol geus ngadu’a nu ngaji qur’an jadi du’a numaca sholawat jadi du’a bahkan kintunan tawasul jeung hadiyah ngintun du’a mubalig ngadu’akeun anu sambutan ngaduakeun bahkan eta pangajian teu sampurna lamun teu ditutup ku du’a, du’a wungkul. Jadi walimah anu hartina tempat nmgadu’a dieusian kukagiatan pangajian iyeu ceuk santri kaasup kana kalimah موافقة للمقتض الحال  pas dengan situasi dan kondisi. Walimah anu hartina tempat ngadu’a dieusian pangajian anu pinuh kudu’a can tangtu lamun aya jaipongan, pinuh kudu’a moal ! aya pangajian qur’an moal memeh jaipongan ! teu cocok sugan ceuk sinden sateuacan lagu kahiji dikumandangkeun anu judulna awet rajet mangga langkung sae uran kupingkeun aosan ayat suci alqur’an, ustadnage moal daekeun datang, ngaji qur’an dihijikeun jeung goong, ceuk ustad teh lah kapalang di undang nyaah amplop ustad treleng ngajol kana panggung clek qori saayat beres sodaqollohul adim balik eta ustad pundung pedah ngaji qur’ana dihiikeun jeung sinden jeung goong , ari ceu sinden teh alhamdulillah aosan alqur’an parantos dikumandangkeun anu pamudah mudahan barokahna didugikeun ku Alloh kaurang sadayana rengse parantos kakupingkeun ayat suci alqur’an mangga urang lajeungkeun kana lagu nukadua nyaeta awet rajet, kacau bener bener eta hajat sakira kirana malaikat rohmat datang moal ! saha nudatang ! nini pelet , ma lampir, sigerandong, genderewo, daratan kanu hajat, nukitu nu dholalah teh ! rajaban dolalah, dolalah biwir sia tingali eusina atuh pan eusinamah sae sanes ! urang tiasa tolabul ilmu tiasa silatirah….mi.
Jadi hukum pertama anu dibahas kusimkuring mengenai perayaan muludan perayaan rajaban hukum menurut sekh Jalaludin Assuyuti termasuk kana bid’ah mahmudah, peringatanmah sanes bid’ah tapi peringatanmah tos aya tidituna, sementara perayaan etamah sanes peringatan sabab nu teu aya diaya aya dimeriahkan dibesar besarkan iyeu anyar anyar tahun 488 hijriyah pencetusna imam Sirri Asidiq muridna imam Ahmad bin Hambal penggerakna sekh Malik bin Mugoffar sareng sekh Salahudin al Ayubi dua pejuang islam.
Dengan dasar apa ! dengan dasar cinta kepada Rosululloh pan warga masarakat umat islam didieu ge ningalikeun kadedeh ningalikeun kacinta nepika daek ngayakeun rajaban gara gara cinta leres cinta leres ! cinta heunteu kanabi ! naon ari cinta ! bogoh, bogoh kanabi naon ari cinta pa ! naon ari cinta bu ! aya tilu kelompok anu berkomentar tentang mas’alah cinta. Hiji kelompok budak ngora ceuk kaula muda cinta adalah cerita indah namin tiada arti jang budak ngoramah indah saja malem minggu apel digembrong reungit hareupeun tai hayam tai kebo tai sapi araraya indah saja eta bau tai nu kaambe pipi sinining we, eta ceuk budak ngora. Anu kadua cinta menurut kolot abah sepuh tanyakeun kaema tanyakeun kaabah, bah naon ari cinta ! dijawab kuabah cinta adalah sesuatu yang indah yang diawali dengah kisah kasih dan diahiri dengan kosah koseh tah eta ceuk abah, tos tong dipanjangkeun etamah. Anu katilu cinta menurut ulama apa cinta menurut ulama,
الحب شيئ لايري ولا يمس ولكن حس
Cinta adalah perkara yang tidak bisa dilihat tidak bisa diraba tapi cinta hanya bisa diarasakan getarannya didalam dada
itulah cinta hebat ulama matak ulah ngaledek sia kaulama, eleh komentarnamah kuulama, ulama komentar cintamah hebat bangeut
الحب شيئ لايري ولا يمس ولكن حس
Cinta adalah perkara yang tidak bisa dilihat tidak bisa diraba tapi cinta hanya bisa diarasakan getarannya didalam dada, memang bener aya anu melihat cinta eleh mani geuleuh eta ningali cinta mani hideng, iyeu cinta rasana gesrak bisa moal ! getaran getaran didalam dada, mana buktina lamun bener- bener eta cinta aya gerakan didalam dada saur Alloh :
بسم الله الرحمن الرحيم. انما المؤمنون الذين اذا ذكر الله وجلت قلوبهم واذا تليت عليهم اياته زادتهم ايمانا وعلي ربهم يتوكلون
Saenya enyana jalma anu iman ka Alloh anu cinta ka Alloh dimana dibacakeun ayat ayat Alloh ngageter hatena tambah tambah kaimananana nyakitu deui jalmi anu cinta kanabi cinta ka rosululloh dimana jeuneungan nabi disebut ngageter hatena langsung nyambung kana lambey ngajawab sholawat, eta cirina jalmi cinta begitu jeuneungan rosul disebut langsung ngageter hate replek nyalur nyambung sareng lambai Salallohu alaihi wassalam ngajawab solawat eta cirina cinta matak cinta bukan angan angan cinta bukan omongan cinta bukan cita cita  tapi cinta perlu bukti lamun ngaku cinta ka Alloh karosulna buktikan cintamu sayang,  kenapa kita bersukur banyak orang lain mengaku islam tapi teu pernah rajaban teu pernah muludan  ngomong wungkul cinta tapi tidak disukuri cintanya, urangmah disukuri cinta urang ayeuna daek rajaban daek muludan urang ngagungkeun ngamulyakeun kakanjeung nabi leres ! bukti dina cinta urang sukuran sabab cinta adalah anugrah “ Cinta itu anugrah @ maka berbahagialah @ karena kita sengsara @ bila tak ada cinta @ rintangan pasti menghadang @ cobaan pasti datang menghunjam @ membuatmu mengerti akan arti kehidupan. Marilah udin marilah nining….buktikeun

cinta urang kakanjeung nabi Muhammad karena cinta itu adalah anugrah sukuri cinta kita kepada Alloh jeung rosulna banyaklah sholawat  makanya cinta bukan omongan cinta bukan cita cita cinta bukan angan angan tapi cinta perlu bukti, mana buktina cinta asep ! cinta ngagaduhan alamat leres ! mana alamatna cinta taroskeun kasantri “ alamatun cinta salasah “ cirina cinta aya tilu :
Hiji cirina cinta jauh asa deukeut dohir urang jauh jeung nabi dengan cinta batin kita akan selalu dekat dengan nabi, mana buktina jalma anu deukeut jeung nabi bibirnya selalu basah membaca sholawat dalam berbagai macam kesempatan yang baik bibirnya selalu bergetar dengan sholawat eta cirina cinta. Buktina budak nukeur bobogohan kabogohna jauh di ….. awewena si nunung didieu teu panggih tilu bulan sinunung pan nepika ceurik ka yudi kabayang we kana kumisna gara gara naon ! cinta, nu diobrolkeun yudi kamamana yudi keur ngaheujeun yudi gara gara naon ! cinta. Urang ngaku cinta kanabi lambey urang baseh sok maca sholawat ! sapoe sapeuting sabaraha rebu ! uh bohong pan cintana pan ngomong wungkul, buktikan tah ayeunamah sing seer maca sholawat dalam berbagai macam kesempatan yang baik budak hese sare pangku kuindungna der sholawat.
صلي الله ربنا علي النور المبين
احمد المصطفي سيد المرسلين
Ni’mat indungna meunang ganjaran budakna damai hatena sabab direkamkeun kalimat toyyibah, kudu kitu tah cicih ! kitu ari ngais budakmah sholawat, der bapana ngayun budak bari sholawat :
صلاة الله سلام الله     *    علي طه رسول الله
Iyeumah lain budak hese sare pangku kubapana lain dikit lain sholawat nyarekeun budak teh nyanyi teu pararuguh “ abok lagi ah abok lagi, udi lagi ah udi lagi “ . keur nyeuseuh iyeumah lain sholawat lain dikir ambek ambekan kasalaki “ goblog aingmah boga salaki teu mikir mikir nempo salaki baturmah daek neangan duit daek usaha iiiih salaki aingmah euweuh kahayang pagaweana teh murungkut disimut nyonyoo… dasar
goblog goblog goblog. bebeakan eta nyeuseuh boro boro meunag ganjaran baju pejet. Ngariung misalkeun dicai diwalungan tiluwanwe nyesehan kompak ceu acah ceu ocoh ceu icih sholawat kompak ceuk ceu acah
صلاة الله سلام الله  *  علي طه رسول الله
صلاة الله سلام الله  *  علي يسن حبيب الله
" jawab kanu tengah ku ceu ocoh bari nyeuseuhan dinadomkeun aya sairannana ceuk ceu ocoh apaleun:
Lamun urang rek mikiran          icih
Hirup   teh  kapakuburan           acah
Geura teang pibeukeulan
Anu  bisa   nyalametkeun

Dijawab kunyi icih nukatilu heeh heeh bener, jadi kompak ku tiluan hebat eta nyeuseuhan berkah tah nyeuseuhan, nadomkeun kunu teungah ku icoh: “
Harta benda nu didunya * Dipake kana doraka
Bakal nyilakakeun jaga * Nyiksa beurat dinaraka

Jawab ku icih cocok-cocok lebok. Beres tah nyeuseuhan barokah, buktikeun ciri cinta nukahiji jauh asa deukeut , seur ngaos dikir seueur ngaos sholawat. Teungah peuting budak nyaring oa oa indungna nyaring kop dok lep burial sholawat اللهم صل وسلم على سيدنا ومولنا محمد
beres budak disusuan tukangeun indungna aya nugogoakan  oa oa indungna reuwas iyeumah rada gede geuningan oa oaan malik barang ditempo eleh iyeumah orok jabrig roroesan hoyongeun meureun nya tong asa asa indungna malik buru buru kaorok jabrig kodok lep burial jekok hajar etamah orok kajajaden ngaruksak etamah. Hiji buktina cinta teh nao ! jauh as deukeut. Nukadua ciri cinta lami asa sakedap, tingali budak keur bobogohan keur apel ngobrol tijam dalapan isa nepika janari majarkeunna teh sakeudeung sakitu bujur geus nyengsol kaditu kadieu, coba kitu teh buktikeun dina ibadah, lami dina ibadah asa sakeudap, dina sholat dina tolab elmu lami as sakeudap, komo dina dina tolab elmu bapak ibu ngiring rutinan ustad ceramah nepika dua jam betah, iyeumah boro boro beutah pan geus nyongco dijero masjid gesar geser bujur teh kalawang panto, kang kang dijero atuh ngajina tong di lawang panto ! haredang dijeromah dilawangmah tiis ari geus dilawang panto teh kaluar dina teras eta geuning diluar ngaji teh pan dijeromah hareudang dina panto ngahalangan kanu ngaliwat, diluar diuk teh bisa ngahunjar bisa ngaroko bisa nangtung bisa lumpat balik, kabur etamah ngaji can beres can nanaon teu betah, ibu ! dimajlis ta’lim teh aya mu’min aya munafek, hoyong mu’min hoyong munafek urang ! hoyong kalebetkeun mana ! ciri mu’min dimajlis
المؤمن في المجلس كالسماك في الماء
cirina mu’min dimajlisliribarat lauk dijero cai betaheun sabab lauk tempatna dina cai, sawangsulna jalma munafek “
المنافق في المجلس كالطير في الكفس


cirina jalma munafek dimajlis liribarat manuk dijero kurung, gegerebegan bae eta manuk neangan lawang arek kab..ur leres ! kurang kumaha eta ngeunahna manuk hayang nginum teu kudu kamamana diasongan kajero kurung, hayang dahar teu kudu koah koeh diasongan kanu bogana, kekeh we eta manuk gegerebegan neangan la…wang, makana waspadai ibu ! ibu dimana ningali manuk gegerebegan eta teh tandana neangan la..wang, bisi kabur jagaan maksudnamah, kabur engke salaki ngadat puguh eta manuk nusalaki nyaaheun eta salaki ka kamanuk teh, ari indit digawe nyonyoo heula….. bakat kunyaah, arek dahar nyonyoo heula…keur mandi nyonyoo…. Boga manukna sakalian dimandian bakat nyaah, matak jagaan eta teh cirina jalma munapeq teu beutah ibaratkeun manuk dijero ku…runggegerebegan bae teu betaheun  neangan lawang atuh dayud manukna sok nekad wae kamari ge nongtot cekek asupkeun kajero bisi kabur mahal eta manuk, jadi cirina nukadua teh lami asa sakedap buktikeun dina ibadah sing betah.           Nukatilu cirina cinta teh seueur asa saalit iyeu buktina urang berjuang bersodaqoh, berinpaq, nyumbang kapasantren dua juta asa saeutik hayang nambahan

deui, nyumbang kamasjid sajuta asa saeutik hayang nambahan deui, nyumbang kapanitia rajaban lima ratus rebu asa saeutik hayang nambahan deui ari cintamah kitu, banyak terasa sedikit mere mubalig sajuta satengah asa saeutik hayang nambahan deui hoh sakitu jauh ti cikande. kiyeu we pagawean abdimah unggal peutingmapai mapai panggung tapi alhamdulillah abdi di lemburmah kaasup jalma aya tara kamamana, matak cetak tah budak teh jadi mubaligh ulah jadi penerus bae inul darah tinggi, matak kabarudak sok masantren sing betah teangan ilmu nubener ulah iyeumah alkalamu hobar mubtada ngaji can timu geus ngadeukeutan randa amit amit, moal hasil tah mun kitumah, ngaji sing bener susuntah programna jadi kiai naon yeuh kiai diuk kiai hikmah kiai liar, kiai diuk ngurus pasantrewn engkena kiai hikmah datang semah kiai liar sok pidato cara….sok santri sing betah dipasantren ulah kagoda kunanaon ! pikirkeun agama dimasa yang akan datang, sok mun eweh santri saha deui nurek merjuangkeun agama bener ! penerus pak lurah seueur penerus camat balatak penerus presiden komo bakat kuloba penerusna, tapi neangan penerus ulama penerus kiai penerus imam rada susah, matak ngaji sing bener dipasantren. Waktosna seep mudah mudahan kalayan kempelna urang diiyeu tempat kalayan didasari kurasa cinta seja ta’diman watakriman kakanjeung nabi Muhammad SAW urang sadayana engkin diyaumil qiyamah termasuk umat anjeuna anu bakal kenging safaatna amin ya Alloh yarobbal alamin.     
هداناالله واياكم اجمعين



والسلام عليكم ورحمة الله زوبركا ته

share ya
Previous
Next Post »

2 comments

Yusupsidik
admin
December 3, 2017 at 2:45 AM ×

Niche post,, makasih manfaat banget

Reply
avatar
Yusupsidik
admin
December 3, 2017 at 2:46 AM ×

Kiat hidup sehat yu, baca baca artikelnya ya di kelassehat.net

Reply
avatar