Contoh Tek Dakwah Tahun Baru Islam (muharram)

http://www.india.com/buzz/muharram-2016-when-and-what-is-mourning-of-muharram-and-ashura-fasting-all-you-need-to-know-653330/


السلام عليكم ورحمة الله زوبركا ته
الحمدلله رب العلمين  حبب المجاهدين من المهاجرين والانصار وتجاهدون باموالهم وانفسهم في سبيل لله رب العلمين . والصلاة والسلام علي سيدنا الانبياء والمرسلين وعلي اله واصحابه اجمعين . اللهم ارنا الحق حقا وارزقنااتباعه وارنا الباطلا باطلا وارزقنا اجتنابه . اللهم رب اسرح لي صدري ويسر لي امري وهي امر المؤمنين رشدا .رب ادخلني مدخل صدقي واخرجني مخرج صدقي وجعلني من لدنك سلطان نصيرا. قالي الله تعالي في كتابه العزيز الكريم . الذين امنوا وهجروا وجاهدوا في سبيل الله باموالهم وانفسهم اعظم درجة عندالله واولئك هم الفائزون .
Puji di sanggaken ka Alloh numana mantena parantos naqdirken ka urang sadaya dina weungi iyeu, iyeu teh taqdir Alloh ka urang sadayana piken ningkatken amal. Solawat salam mugi di limpahkeun ka jungjungan alam habibana wanabiyyana Muhammad SAW, sebagai pigur uswatun hasanah, teu hilap ka keluarga jeung para shohabat melalui perjuangan mantena dugika islam nyebar ka urang sadaya. Teu aya hiji kabagjaan urang bisa kumpul dina weungi iyeu riung kumpul di hadiri ku para ulama di kuatan ku pamarentah di dedel ku masyarakat, mudah mudahan keur manusia manusia hayang nanjeurken agama hayang ngabeberes agama hayang ngaramekeun agama mung manusia anu ngabogaan taqwa ka Alloh, mudah mudahan urang di lebetken hiji manusia anu taqwa ka Alloh Amin yarobbal alamin
Umat islam kana taun islam moal pati apal lamun ku urang teu di rame rame beda deui jeung tahun masehi budak leutik urang kampung pejabat arapaleun, naon sabab dina tiap saminggu deui sinetron pilihan ges tertayang menyambut taun baru, ari kana taun islam can aya dina tivi sugan pilem pilem sejarah islam menyambut taun islam pangna tong aneh lamun umat islam teu mengenal kana taun islam pangna ku urang sadaya perlu di agungken taun islam lantaran saha deui anu rek ngamajukennana.
Dina ayat anu tadi Alloh masihan uninga lamun anjeun hoyong faijun hayang bagja syaratna kudu di cekel, jadi kabagjaan moal begitu saja di bikeun ku Alloh kecuali boga nu opat.
Hiji lamun hayang bagja kudu الذين امنوا   iman heula lantaran manusia teu iman sok sanajan boga pangkat loba dunya tapi lamun teu iman keukeuh bakal cilaka, bakal jadi penghuni neraka jadi ku ladang iman kabagjaan bakal di raih, sanajan di dunya hirup teu pati sabaraha tapi iman kabawa insyaalloh bakal bagja, tapi teu aya harepan deui iman teh hiji nugraha nu di simpen ku Alloh ku mahkluk sakersana ngan eta iman mahal hargana lamun di timbang jeung dunya sagala eusina lamun di timbang jeung iman bakal berat iman pangna iman anu iyeu nu di pasihkeun ku Alloh urang sing bisa ngajagana, bakal meunang faijun hiji lamun iman.
Nu kadua manusia bakal meunang faijun kabagjaan lamun eta manusia ngabogaan syarat nu kadua ngalaksanakeun wahajaru hijrah, hijrahkeun tina laku lampah kagorengan, hijrahkeun tina I’tikad I’tikad anu salah, hijrahkeun tina koret jadi bageur, hijrahken nu tara daek ngaji sina ngaji hijrahken nu tadina teu ngabogaan tanggung jawab kana islam sok geserken, insyaalloh lamun manusia geus ngahijrahkeun diri lakuna kabeh menuju ka Alloh jeung rosulna yakin faijun bakal kabawa tapi lamun hijrahna teu nuturken Alloh jeung rosulna paling untung saukur kadunyaan wungkul, matak ceuk nabi lamun hijrah nuturken bujur awewe paling untung nepika kawin lamun hijrah saukur neangan bati paling untung saukur mawa dagangan lamun hijrah ka Alloh jeung rosulna duanana bakal di tamploken urusan dunya jeung akheratna.
Anu katilu lamun manusia hayang meunang faijun kudu daek jahadu, jihad ngan lamun ngadenge jihad nu katempo teh pedang nu katempo teh tumbak nu katempo teh bedil padahal loba ceuk Alloh loba jalan ker jihad ker siar agama Alloh, jahadu fisabilillah pangna ku Alloh di garis bawahi lamun anjen reuwas nyangharepan pedang bisi anjen reuwas nyangharepan bedil jihad katilu Alloh asongkeun jahadu fisabilillah biamwalihim hiji harta nu kadua angpus jadi ku harta pangna berat di pake nomer  tilu ku Alloh ker bagja harta nu mana !  harta nu di  pake agama ari harta nu di pake moyah moyah ibu teu pati sabaraha beuratna ayeunamah bisi hayang apal jahadu fisabilillah biamwalihim wa angpusihim anu matak a’dlomu darojatan sok ku bapa cobaan ku ibu bapa nu rek jumaahan bekelan hiji 500.000 dua 50.000 tilu 10.000 nu kaopat 5000 nulima 500 gambar monyet sok bapa iyeu duit bawa jumaahan ku bapa jig lamun datang kencleng nu mana nu rek di asupken ku bapa bakal di pilih iyeu, pasti anu bakal pangheulana asup gambar monyet, aya ge nu nundutan mawa duit dua rupa 50.000 jeung 500 sabuat nundutan kencleng datang nyokot salah rek di asupken 500 nu di asupken 50.000 pan geringna ge saminggu hanjakal duit nu di asupken kana kencleng nu 50.000 yen tetela di pake ku Alloh jahadu fisabililllah biamwalihim berat, angpus adalah lebih mudah nyawa manusia ayeuna leuwih hampang tibatan harta naon sababna jiwa di pake ahir lantaran loba manusia pasea masalah duit anu teu sapira sanggup ngorbanken nyawa maehan jiwa cukup ku roko jisamsu sabungkus maehan jalma parebut kur dua ratus perak angot di terminal mah parebut limaratus paling gedena aya nu silih tusuk keur netelaken jiwa leuwih murah lamun di bandingken jeung harta.
Tapi aya jiwa ge anu mahal di hadapan Alloh lamun jiwa di pake korbanna jang agama matak nu paurmah nuna tivi ayeuna ti tidu di sorban ti ditu Allohu akbar rek Kaman tah jihad nu model kitu pangna sing boga ukuran, paling mahal lamun pamuda geus mempertahanken aqidah jiwa nu kieu nu mahal hargana di hadapan Alloh tingali dina sejarah surat al kahfi dugika Alloh nguningakeun dina eta sejarah dugika ayeuna di abadikeun dina alqur’an, di uningakeun aya genep pamuda anu manehanana sare dina guha  sehingga eta pamuda di bere karomah sare 309 taun dina jero guha aya naon eta pamuda pangna ku Alloh di bere sare 309 taun sarena perasaannana asa sataun padahal ges 309 taun, sihoreng eta pamuda dina hatena aya ngabogaan rasa tanggung jawab kana agama tibatan kudu milu ka raja dikiyanus padahal ku raja di tawaran rek jadi pejabat mun hayang imah rek di bere mun hayang gajih hayang sabaraha tibatan kudu turut ka raja anu aya dina kadoliman kudu nyembah kana patekong kajen hijrah kana jero guha tapi ku Alloh di abadikan di pasihan karomah, si horeng ti dinya pisan ker urang umat islam nelaah naon nu di dawuhkeun ku Alloh pasti jeung benerna jeung moal aya dawuh Alloh nu teu ngandung hikmah, tina eta pamuda nu di sarekeun piken mempertahankeun aqidah si horeng saba’da di teliti eta teh keur ngabedakeun taun islam taun qomariyah jeung samsiyah tina tilu ratu tahun teh bedana salapan taun, tah iyeu di antawisna pangna ku Alloh di dawuhkeun setiap ayat demi ayat lamun ku urang di telaah sadayana ngandung hikmah jeung ngandung sejarah jeung ngandung picontoeun لاولى لالباب  ker jalma jalma anu ngabogaan pemikiran.
Kumargi kitu lumpat tina eta sejarah, jadi kacida pisan mahalna lamun aya pamuda nu ngabogaan rasa tanggung jawab kana agama pemuda mencilken diri tibatan kudu anclub kana kema’siatan lebih baik ur cicing mempertahanken aqidah iyeu anu paling mahal, malah di jaman rosul aya hiji pamuda anu ku Alloh meunang kamulyaan eta pamuda ngabogaan rasa tanggung jawab kana agama daripada kepentingan pribadina nyaeta shohabat anu jeuneungan said, punten bisi aya kang said di dieu ! eta jeuneungan nu ngarana said awakna teu pati sabaraha ibu ! jaba hideng jaba pendek jaba euweuh kaboga bajuna ge cumpang camping saaya aya pamere tapi aktipna ka rosul rasa tanggung jawabna kana agama setiap rosul da’wah pasti said aya di handapen rosul kamana wae rosul anjeuna pangaosan masihan ceramah ka para sohabat pasti Said aya di gigireun nabi matak tangtos ilmu ilmu agama anu di raih ku rosul ges pinuh dina otak Said pada waktu harita, sehingga rosul ningali kana jiwa raga said teras eta Said di taros ku rosul saur rosul Id ! geus sabaraha taun umur ! parantos dua puluh taun ya rosululloh ges dua puluh taun ges cukup ceunah id ! majarna aya kira kirana awewe nu di pikahayang ku anjeun, ya rosululloh abdi teh ari kaistri sami ari emutan mah hoyong abdi ge ka istri ngan pedah kaayaan abdi nu sakieu rupina abdi mah jaba pendek jaba hideng jaba teu aya ka gaduh ngan dina manahmah abdi ge tos aya idaman cara batur, cik hayang kasaha id ! sok bejakeun kulantaran anu narosna rosul said terus terang ka rosul abdi teh ya rosul ari dina manahmah aya hiji istri anu di pikahoyong ku abdi Jenengana Atikah rosul ge rada reuwas lantaran eta Atikah anak gubernur Abdulloh panggeulisna ceuk rosul ari manehmah jaba pendek jaba hideng id sing nalipak we kana bujur ma enya bonteng ngalawan kadu, ah tadi ge saur rosul hoyong ka saha abdimah mung ka eta ya rosululloh nu dipika hoyong teh, tah lamun anjeun jantan seorang pamuda jeung wani sok we lamar ku anjeun ka eta Atikah, mios teh anjeuna bari ngawanikeun diri ka Abdulloh, datan ka Abulloh bari pakaian kitu ampir ku Abdulloh di  anggap musafir rek naon ceunah jang ! di aku mah diaku, abdimah ngawantunken diri manawa sareng manawi tuang putra teu acan kasasaha abdi teh bade ngalamar tuang putra, gebeg teh Abdulloh ngan henteu ari pok mah ngan dina hatena we ceuk dina hatena si bebel ceunah wanian ngalamar anak saya ngan henteu ari pok mah henteu kitu, di sauran we putrana Atikah kadieu ! aya nu rek ngalamar ma’lum awewe ngadenge aya nu ngalamar nu di tanyaken teh lain nanaon tapi kabogana, kana naon ceunah bah ! kana bebiben kana BMW kana bmw cap nging, na kuda, ari ret teh di tempo ku Atikah kur nempo dohiriyah kur nempo pakaian nempo awak nempo kaayaan teu apal kana jiwanamah padahal eta teh hiji pamuda anu di sayang ku rosul, padahal masing Atikah ge unggal poe ngiring ceramah nabi ngan pedah nganggo hijab jadi teu terang saha sahana, atuh ari nempo dohir kitumah Said teh di tolak harita keneh ge, uwih we ka rosul bari aya dina kananglasaan, eta pamuda ari barang sumping karosul ningali kaayaan rupi anjeuna kitu, atuh saba’da kitu rosul ge uninga wah moal salah iyeu Said teh di tolak, kumaha saur rosul dina pada harita id !kumaha ceunah lamaran anjeun ! manawi ya rosululloh lamaranm abdi teh di tolak, ceuk abdi ge tadi kumaha ! tapi kumaha ayeuna hate anjeun ! hate abdi ya rosululloh sok sanaos abdi di tolak tapi hate abdi teu bisa di pisahkeun keukeuh hate abdi teh mika cinta ka anjeuna, tah seorang pamimpin, rosul yang bijaksana ka sohabat anu boga kahayang kitu ngurusken teh lain ngurus anu gede wungkul tepi ka pamuda anu prihatin kitu ku nabi di perhatikeun, pen Id ! lamun anjeun bener hayang kadinya, eta rosul dugika ngadamel serat nyalira dina serat di saurken Abdulloh min rosululloh ti luhurna suratna ti rosul, Abdulloh kuring ngalamar anak anjeun nu ngaran Atikah ngan di handap we di tanda keur nu mawa surat, jig bikeun kaditu di asongkeun ka said, barang begitu datang ka Abdulloh, nyi ceunah budak hideng balik deui ari di tempo teh, sanes abdimah sanes bade ngalamar ampun ceunah bade nyanggakeun serat ti rosul di baca ku Abdulloh min rosulillah, Abdulloh kuring ngalamar ka anak anjeun nu ngaran Atikah, karak di baca surat sakitu Abdulloh kaburu bungah teu rek bungah kumaha atuh anak Rt di lamar ku presiden mun ayeunamah piraku teu bungah, matak Abdulloh ges gegebegan alhamdulillah anak uing rek di kawin ku rosul berarti aing rek boga minantu rosul, bungah manehannana ngan saba’da di baca handapna ker nu mawa surat kelepek teh teu eling ngan teu kungsi lila kaburu, saba’da eling aduh ceuk Abdulloh aing riweuh maju keuna mundur keuna, lamun di tampa aing boga minantu hideng lamun mundur aing ngalanggar aturan rosul teras eta serat di asongken ka Atikah saba’da di baca teh kitu deui ku Atikah ge, boga perasaan aing rek jadi istri nabi berarti aing rek jadi umil mu’minin manehannana ge bungah luar biasa piraku teu bungah di tikah ku rosul, saba’da di baca nepika beres manehna ge teu eling deui ngelepek berarti aing rek boga salaki hideng ngan teu kantos lami teu elingna margi di payuneunnana aya cai herang teras di leueutan harita keneh, jadi teu elingna teu kantos lami lantaran kaburu aya cai herang angot mun caina di campuran ku susu cacakan cai herang ge kaburu sadar teu elingna, ngan saba’da eling Atikah mikir naon kageulisan aing tah iyeu awewe anu ngabogaan rasa tanggung jawab kana agama, naon kaluhuran pangkat bapa aing sok sanajan pangkat gubernur aing boga rupa geulis lamun aing ngabaikan kana lamaran rosul berarti aing can kaasup jalma mu’min, lantaran can kaasup jalma mu’min anu sampurna lamun bapa indung harta kakayaan kebon masih keneh di pika cinta tibatan Alloh jeung rosulna, tuluy Atikah nekad ka bapana pa ! ayeunamah abdi di izinan teu diizinan ku bapa lamaran Said bade di tampi, atuh Said mulih ka rosul aya dina kabungahan, kumaha ceunah id ! ceuk rosul alhamdulillah ya rosul lamaran pribados di tampi tapi ceuk abdulloh ulah lila teuing kawin teh ! kudu kumaha ceunah id ! boga ker kawin ceunah id ! manawi kitu ceunah ya rosul abdi teh teu gaduh, rosul ngadamel serat deui tah iyeu rasa tanggung jawab pamimpin ka sahabat teh kieu, ngadamel deui serat suratna ge sakira kira pimereun harita ka sayidina Usman ka Abu Bakar ka sayidina Ali tina opat surat anjeuna kenging delapan ratus dinar, ya rosululloh badi kenging delapan ratus dinar ceuk rosul etamah hak maneh jig wae belikeun kana alat alat panganten pan maneh rek kawin bisi rek meuli jas atuh bisi rek meuli kutang jang pamajikan maneh atuh lamun aya sesana belikeun kana bulao jang panonna begitu anjeuna indit ka pasar rek meuli alat alat panganten tah di dieu timbul jiwa kapamudaan rasa tanggung jawab kana agama na begitu rek nawar kadenge terompet Bilal yen rosul bade perang menghadapi kafir ngabela agama jeung nagara timbul dina jiwa said rasa tanggung jawab kana agama sok sanajan tadi nu dipikahayang awewe luar biasa bari duit loba, ceuk Said perang kawin kawin perang lamun perang teu kawin lamun kawin teu tulus perang tapi dipikir pikir rasa tanggung jawab kana agama leuwih gede tungtung na duit du dalapan ratus dinar anu rek meuli alat panganten kalah di beulikeun kana kuda di beulikeun kana pedang di beulikeun kana tumbak manehna tuluy ngudag ka rosululloh malah rosul harita pangpengkerna sareng sayidina Usman begitu rosul dina kuda sareng sayidina Usman katingali di tukang aya anu ngudag tumpak kuda malah sayidina Usman merhatikeun ya rosululloh di peungkeur aya nu ngudag ceuk rosul keheula Usman ulah waka di sabet Tanya heula bisi batur urang saba’da deukeut di Tanya kumargi nganggo berego man anta ana said ya rosululloh, rosul harita keneh ngucurkeun cai socana naon margina ras ingeut kana kahoyongna eta pamuda Said anu bebeakan hayang awewe tapi ayeuna geus aya di tinggalkeun milu ka medan perang ceuk rosul id ! pan anjeun rek kawin leres ya rosululloh ma enya abdi ayeuna sasarengan sareung rosul dua puluh lima taun ari abdi kawin rosul bebeakan ngabela agama jang nagara abdi seorang pamuda ngeunah ngeunah moal ya rosul lain abdi teu rek kawin mulai saat ini ya rosululloh saya ikut berperang dengan anda berperang di medan tempur seandainya Alloh menaqdirkan saya selamat di medan tempur saya akan lanjutkan bertempur diatas kasur, begitulah Said dina pada harita, kata rosul cekel bendera id ! kaharep Said maju kaharep nyekel bendera islam duka sabaraha hiji tihang kopeah kafir ngajleng pada harita namuntaqdir Alloh teu bisa di pungkir deui kadar teu bisa di singlar datang panah jeung tumbak ranceb dina badanna Said tatuna kurang leuwih tujuh puluh dua tatu nu aya dina badan Said, begitu anjeuna dina kuda di tumbak murag rosul kasampak teu aya hiji sahabat maot pangpayuna dina pangkuan rosul iwalti anjeuna, padahal tumbak jeung panah anu raca dina badanna lain teu karasa nyeuri naon sababna Said ngarasa bungah lantaran Said aya dina pangkuan rosul yen tetela lamun aya kabungah kanyeuri teh sok leungit tingali nu tinju cakan benjol ge geus komeng, kaluhur biwirna lamun di jungjungkeun hayu we ajrag ajragan lain teu nyeurieun tapi kabungah nu aya leungit kanyeuri nu tadi, Said ge tumbak jeung panah tujuh puluh dua tatu dina badan lain teu nyeuri tapi Said aya dina pangkuan rosul padaharita, begitu di sangke ku rosul لق موتكم لااله الااله anu nungtun rosul nyalira sehingga Said ngucapلااله الااله  pada harita ngareret kakatuhu nyawana leungit, namun aya hiji kaanehan anu luar biasa begitu Said ngahembuskeun nafas terahir perang anu berkecamuk tengah poe di padang pasir panas harita ngadadak sakala langit angkeb begitu angkeb langit kafir nempo angkeb langit sieun di sangka pihujaneun ceuk sawareh di sangka adab anu bakal turun atuh kafir buriyak kabur harita keneh ti medan tempur atuh sohabat majeung ka payuneun rosul, sohabat tumaros ya rosululloh iyeu teh aya naon langit angkeb naha pihujaneun naha adab rosul harita meseum ka para sohabat bari nyaritakeun ka para sohabat wahai sohabat kami maneh moal ngadenge nu ku kami kadenge jeung moal nempo nu ku kami katempo angkebna langit lain pihujaneun lain adab tapi milyaran malaikat anu lungsur ti alam malakut rek ngajemput roh seorang pamuda nu ngabogaan rasa tanggung jawab kana agama ku Alloh di aleutkeun milyaran malaikat ngajemput roh Said
,ياايتها النفس المطمئنة ارجعي الي ربك راضية مرضية فدخلي في عبادي ودخلي جنتي سلام طبتم فادخلوها بسلام امنين
rohna eta pamuda dialeutkun duguka langit katujuh.
والسلام عليكم ورحمة الله زوبركا ته


Previous
Next Post »