Bait Bait AL-BARZANJI Memukau - Terbaru 2017


MAULID KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW.



Ku:
.
Pasantren “Miftahul Huda”
TARJAMAH
BASA SUNDA

AL-BARZANJI

IFTITAH



الحمد لله رب العالمين ,والصلاة والسلام علىسيدنا محمد سيد المرسلين وعلى أله وصحبه أجمعين.
Tulisan sejarah Nabi Muhammad saw, seueur pisan, tapi anu pang awetna janten bacaan masyarakat, utamina dina acara-acara sapertos muludan, rajaban, salametan orok sareng sajabina, malih sanes wungkul di Indonesia, tapi di manca nagara oge, Nya ieu pisan anu disebat Al-barzanji,pedah nu  nyusun na urang Barzanji, nyaeta Syekh Ja’far bin Hasan bin Abdil Karim bin Muhammad Al-Madani, lemburna di Barzanji, hiji kampung di Irak.
Ieu Kitab teh di syarahan ku Syekh Muhammad Nawawi Al-bantany (urang Banten). jenengan Kitabna “Madarij As-Shu’ud”.
Kitab Al-Barzanji terkenal ku basana anu endah, raos dibacana, bari teu aya bandingna dina ka balaghohanana.
Ari sim kuring lalawora pisan sareng kumawantun narjamahkeun ieu kitab, bakat ku hoyong ngaraosan karinduan ku Kangjeng Rosul, jiga para Ulama nu ti parayun. Mudah-mudahan jadi landong tina rindu ku istri-istri nu jadi papaes dunya.
Sajabi ti kitu, kadorong ongkoh ku rerencangan sareng ku para santri anu nyaruhunkeun tarjamah ieu kitab, pedah sering aya acara-acara anu ieu kitab dibacakeun, tapi katingalna mustami’in seueur anu ngembang kadu, pedah teu terang kana hartosna.
Utamina mah supados ieu kitab langkung manfa’at, kahartos ku sadayana, langkung resep macana, langkung mahabbah ka Kangjeng Rosulna.
Kalepatan sareng kakirangan dina ieu tarjamah, tangtos seueur pisan, mung sim kuring hoyong diwartosan kirangna sareng lepatna, supados tiasa di dangdosan deui. Oge aya sababaraha kalimah anu dilelempeng pihartoseunana, margi runtuyan basa arab sareng basa sunda mah tebih pisan, malih aya nu di raeh supados langkung raos dibacana.
Ka sadaya pihak nu parantos ngarojong sareng ngadorong dugi ka terbitna ieu buku, sim kuring ngahaturkeun rebu-rebu nuhun, Jazakumulloh Ahsanal Jazaa.

Miftahul Huda,
Akhir Sya’ban 1424 H.
                                   
Anu nyusun
الجنة ونعيمها سعد لمن يصلي ويسلم ويبارك عليه


Surga jeung kani’matannana jadi kabagjaan pikeun anu maca sholawat sareng salam oge maca berkah ka Kangjeng Nabi Muhammad saw.

Kalayan nyebat jenengan Alloh anu Maha Asih anu Maha Heman


==========================

(1)___________________________

Kuring ngamimitian nyerat ieu Kitab kalayan nyuhunkeun pitulung ka Dzat anu Maha Luhur, tur miharep tambih-tambih barokah kana perkara anu di pasihkeun ku Alloh.
Kuring muji kalayan pujian anu hampang kana letahna jeung teu cape, bari pasti make pujian anu hade.
Kuring ngahaturkeun salam jeung rohmat ka Kangjeng Nabi saw, anu cahayana di ciptakeun memeh sakabeh makhluk.
Mantenna dialihkeun tina salira-salira anu mulya.
Kuring nyuhunkeun ka Alloh mugi mika ridlo ka kulawargina, anu bersih suci, oge walatra ka para  shohabat sareng para pengikutna anu mika cinta ka Anjeunna.
Kuring nyuhunkeun saena hidayah gusti pikeun nempuh jalan anu jelas, sareng nyuhunkeun di riksa tina kasasaran, cicing dina tempat-tempat anu salah.
Kuring ngajelaskeun kisah ti kawit lahir Kangjeng Nabi saw, kalayan dibungkus ku carita-carita anu hade,  nyusun turunan anu marulya, jiga kongkorong anu bisa mapaesan ceuli anu ngarupingkeun sifat-sifat Kang-jeng Nabi saw.
Kuring nyuhunkeun kana daya upaya ti Alloh anu kuat, margi teu aya daya upaya pikeun nebihan ma’siat sareng teu aya kakuatan pikeun ngalaksanakeun to’at anging ku pitulung Alloh Ta’ala.
-----------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================

 (2)___________________________

Teras kuring sumanggem: Ari Mantenna teh nyaeta Kangjeng Nabi Muhammmad saw, putra Abdulloh, putra Abdul Mutholib anu jenengan aslina Syaibatul Hamdi, putra Hasyim, aslina Amru, putra Abdi Manaf, aslina Mughiroh, putra Qushoy, aslina Mujammi, dijene-nganan Qushoy sabab anjeuna linggih di Bani Qudlo’ah di Yaman, tebih ti keluarga, tapi ku Alloh di mulihkeun deui ka tanah haram Mekah anu dijaga ku Alloh. Qushoy teh putra Kilab, anu aslina Hakim, putra Murroh, putra Ka’ab, putra Lu’ay, putra Ghalib, putra Fihir, anu aslina Quraisy. Nya ti Fihir pisan ayana golongan Quraisy, ari anu luhureunnana mah disebut Bani Kinanah. Kitu saur seuseueurna ahli sejarah.
Fihir putra Malik, putra Nadlor, putra Kinanah, putra Khuzaimah, putra Mudrikah, putra Ilyas, anjeunna anu ngawitan Qurban atanapi  hadiah meuncit onta di Tanah Haram. Sareng dina dada Ilyas kakuping sora Kangjeng Nabi saw, dzikir ka Alloh sareng maca Talbiyyah haji.
Ilyas putra Mudlor, putra Nizar, putra Ma’ad, putra ‘Adnan.
Ari ieu runtuyan teh disusun ku panangan-panangan Ahli Hadits anu sarae.
Kadituna mah dugi ka Nabi Ibrohim, tapi Kangjeng Nabi saw, teu masihan katerangan anu rinci deui.
Ari Adnan teh eta teu diragukeun deui numutkeun ahli sejarah, eta teh turunan Nabi Isma’il as.
Maka agung pisan runtuyan turunan Kangjeng Nabi saw. anu ting buricak jiga bentang lir mutiara anu kacaangan.
Bade teu kitu kumaha, atuda dina eta runtuyan teh aya dunungan anu pang mulyana nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad saw., jalmi anu pang saena tur pilihan.
# Nadhom:
“Rundayan nu anjeun nyangka hade pisan * ting buricak jiga bentang JAUZA U”.
“Sae pisan rundayan jalmi marulya * Gusti Nabi sae taya bandinganna”.
Mulya pisan turunan anu disucikeun ku Alloh, tina Nikah Sifah Jahilliyah (nikah anu teu make ajaran Islam).
Ieu teh diriwayatkeun ku Syekh Zaenudin urang Irak, anu di carioskeun dina hadits anu panjang .
 # Nadhom:
“Ngariksa Alloh kamulyaan Nabi Muhammad * Ramana di mulyakeun dugi ka Eyangna”.
“Tara narikah Sifah anu nimbulkeun aeb * ti kawit Nabi Adam dugi  Ibu Ramana”.
Kamulyaan cahaya nabi teras mapay dina taar-taar karuhunna anu marulya. Katawis cahayana Kangjeng Nabi dina ta’ar Abdul Mutholib sareng putrana Sayid Abdulloh.
--------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw, ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================

(3)____________________________

Dina waktos Alloh ngamaksud ngadohirkeun hakekatna Kangjeng Nabi saw, anu dipuji, oge ngadohirkeun jasadna sareng ruhna kalawan bentuk badanna oge sifat-sifatna.
Alloh ngalihkeun Nur Kangjeng Nabi saw, ti Sayyid Abdulloh kana patuangan Siti Aminah putri Zahroh.
Alloh ngakhususkeun ka Siti Aminah janten jalmi kadeuheus sareng nu di ijabah du’ana, supados janten ibu kanggo Kangjeng Nabi saw. anu dipilih.
Ahli langit sareng ahli bumi sadayana dipasihan wartos yen Siti Aminah parantos hamil, ngandung cahaya Kangjeng Nabi saw.
Sadayana pada rindu ngantosan beritana Kangjeng Nabi saw.
Bumi anu garing oge, ngadadak janten subur pinuh ku tatangkalan jiga dipapaesan ku sutra.
Bubuahan arasak tur babari dialana. Saban sasatoan nyarioskeun kana dikandungna Kangjeng Nabi saw. kalawan barisa ngomong ku basa Arab anu fasih.
Raja-raja sareng tapekong-tapekong ngajarungkel ti sungkruk bari parireu teu bisa ngomong.
Sadaya sato di kulon, di wetan, di darat sareng dilaut barungaheun.
Sadayana makhluk ngarasakeun kabingah dugika jiga nu mabok.
Sakabeh jin oge barungaheun ku  lahirna Kangjeng Nabi saw.
Para dukun jadi cambal, Para Pendeta jadi sarieuneun.
Sadaya para ahli pada nyarioskeun kana piayaeun Kangjeng Nabi saw
malihan bakat ku saena berita jadi baringung.
Ka ibuna Kangjeng Nabi saw, aya anu sumping ngawartosan yen “Anjeun nuju hamil, ngandung dunungan sakabeh alam, nu pangsaena makhluk”. “Sareng anjeun kudu mere ngaran dimana tos ngalahirkeun ku jenengan MUHAMMAD SAW, margi bakal jadi jalmi anu dipuji-puji”.
---------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================

(4)___________________________

Dina waktos kandunganana dua sasih numutkeun masyhurna kaol nu ngariwayatkeun : Ramana, nyaeta Sayyid Abdulloh pupus di Madinah Al-Munawwaroh, anjeuna mulih ngalayad pamanna ti Bani ‘Ady, nu mangrupikeun kabilah pedagang.
Sayid Abdulloh calik di bani ‘Ady salami dua sasih, anjeuna ngaraos cape tina teu damangna, lajeng ngantunkeun.
Numutkeun kaol nu kiat, dina waktos hamilna salapan sasih, caket kana waktos lahirna. Ka Ibuna sarumping Siti Aisyah, Siti Maryam, oge istri-istri ahli surga anu bararesih .
Teras Siti Aminah karaos patuangan, maka teras ngalahirkeun Kangjeng Nabi saw, anu sakurilingna pinuh ku sinar-sinar cahya nu nyaangan ka sakuliah jagat.
(Dugi kadieu sok ngaradeg heula,   maca  Asyaroqol)
Rarayna lir panonpoe nyaangan poekna peuting.
Wengian lahirna Kangjeng Nabi saw, anu pikabungaheun sareng kabanggaan kanggo agama Islam.
Dinten ieu Siti Aminah putri Wahab kenging kahormatan anu moal tiasa ka dugi ku istri saha-saha oge.
Anjeuna kenging kautamaan anu langkung ti batan Siti Maryam anu teu kantos nikah.
Lahirna Kangjeng Nabi Muhammad saw, jadi karuksakan jeung kacila-kaan pikeun kahirupan jalma-jalma kafir.
Para Jin ting harewos ngawartos keun lahirna Kangjeng Nabi Al-Mustofa anu pikabungaheun.
Aranjeun kedah terang yen sae pisan urang sadaya narangtung, dimana dibacakeun kisah lahirna Kangjeng Nabi saw, anu mulya. Kitu numut- keun para Imam ahli riwayat.
----------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================
(5)____________________________
Kangjeng Nabi saw lahir, anjeuna meberkeun pananganna ka bumi, bari tanggah mastakana ka langit, anu nandakeun kana bakal janten jalmi anu diluhurkeun martabatna oge nandakeun kana agungna, saluhureun mahluk kabeh.
Anjeuna anu di piasih, anu sae budi pekertina sareng tabe’atna.
Ibuna nyauran ka Abdul Mutolib anu nuju towaf di Ka’bah. Teras Abdul Mutolib rurusuhan ningal Kangjeng Nabi Muhammad saw, bari bingah amarwatasuta.
Lajeng Kangjeng Nabi dicandak ka Ka’bah anu mulya, anjeuna ngadu’a didinya kalayan niat anu ikhlash. Anjeuna syukuran ka Alloh tina sagala rupi nugraha anu katampi.
Kangjeng Nabi saw, di lahirkeun bari tos beresih kenging nyepitan, socana jiga kenging nyipatan.
Saur sapalih mah dikhitan ku eyang-na dina yuswa tujuh taun.
Abdul Mutolib teras ngayakeun walimah, ngadamel tuangeun, bari masihan jenengan jabang bayi “Muhammad”, bari anjeuna banget ngamulyakeun pisan ka putuna.
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================
(6)___________________________
Dina waktos lahirna Kangjeng Nabi saw, katingal kajadian-kajadian anu aneh, anu janten ciciren  kana kanabianana, sareng masihan terang kana yen anjeuna teh bakal jadi jalmi pilihan Alloh.
Di Langit ditambihan penjagana, malah ditolak sadaya Jin jeung syetan-syetan anu tukang ngintip, malah bentang-bentang maledogan kanu harayang naek ka langit dina peuting eta.
Bentang-bentang ngadareukeutan  ka Kangjeng Nabi saw, bari nyaangan, sahingga lelegok jeung mumuntuk di tanah haram kacaangan sadayana.
Oge harita kaluar cahaya anu sumirat dugi ka nyaangan gedong-gedong di nagri Syam, oge jalmi-jalmi urang Mekah tiasa ningal bumi-bumina anu kacaangan.
Istana Raja Kisro di kota Bagdad bareulah. Anu di dirikeun ku Anusyarwan sakitu luhurna teh rata jeung taneuh. 14 gedong kahormatan oge runtuh, karajaan  Kisro jadi ancur, lantaran Rajana oge ngarasa kaget ku kajadian eta.
Seuneu sesembahan Raja Farsi oge pareum, ku sumpingna sareng ku caang rarayna Kangjeng Nabi saw.
Selat di daerah Sawat antara kota Hamadan sareng kota Qum oge beulah, caina saat, garing ti sumberna keneh.
Tapi ari lembah Samawat anu tadina garing mangrupa padang pasir, jadi caah seueur cai-an, Padahal tadina mah teu aya tamba halabhab-halabhab acan.
Lahirna Kangjeng Nabi saw,  di tempat anu tos terkenal  nyaeta kota Mekah, kota anu teu meunang di ganggu tatangkalannana jeung jujukkutannana.
Taun lahirna Kangjeng Nabi saw, dina bulanna jeung poena, di ikhtilafkeun ku para Ulama ahli riwayat.
Tapi numutkeun kaol anu soheh mah, lahirna Kangjeng Nabi saw teh, dina memeh fajar dinten senen, tanggal 12 Robi’ul awwal Taun Gajah, anu dina eta taun Alloh ngajaga karuksakan tanah haram.
---------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================
(7)___________________________
Kangjeng Nabi saw, di rorok ku Ibuna sababaraha dinten, teras dirorok ku siti Suwaibah Al-Aslamiyyah, anu anjeuna teh di perdekakeun ku Abu lahab, dina waktos ngawartosan ka Abu lahab, yen putra Abdulloh tos dilahirkeun, bari pinuh ku kabungah.
Siti Suwaibah ngarorok Kangjeng Nabi saw, sareng putrana nu ngaran Masruh jeung Abi salamah, tur anjeuna banget nyaah ka Kangjeng Nabi saw.
Siti Suwaibah teh pernah  ngarorok Sayid Hamzah paman Kangjeng Nabi saw, anu jadi pembela Islam dina sagala rupi padamelannana.
Kangjeng Nabi saw, nuju di Madinah osok ngintunan ka Siti Suwaibah di Mekah mangrupi biaya-biaya, anggoan-anggoan anu parantes kanggo anjeuna, kituna teh dugi ka pupusna.
Ngan saur sapalih Ulama, Siti Suwaibah teh masih nyepeng agama jahiliyyah, tapi saur sapalih deui mah pernah iman sareng islam.
Kitu saur Abu Abdillah Muhammad bin Mandah urang Asbahan.
Teras Kangjeng Nabi saw, dirorok ku hiji istri anu anom keneh anu kiat, nyaeta Siti Halimah As-Sa’diyyah, padahal kaom-kaom mah aralimeun nyusukeun sareng nitipkeun putrana ka Siti Halimah teh, sabab jalmina fakir pisan.
Tapi, dina siangna nyandak Kangjeng Nabi saw, sontenna jadi subur, seueur rizki, cai susuna seueur pisan, katuhuna ku Kangjeng Nabi saw, kencana ku wargina.
Siti Halimah janten beunghar pisan, onta-onta sareng dombana jadi lalintuh, sadaya kakirangan jeung musibat jadi tebih ti anjeuna.
Sa’ad nu jadi salakina mapaesan kahirupanana ku kabungah jeung kabagjaan.
--------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 

==========================

(8)___________________________

Kangjeng Nabi saw, unggal dintena nga-ageungan saperti sabulan pikeun nu sejen, kalayan pitulung Alloh.

Tilu sasih tiasa ngadeg, lima sasih tiasa mapah, salapan sasih kiat sasauran kalawan bentes.
Yuswa dua taun, disumpingan ku dua Malaikat, meulah kana dadana miceun darah hideung, miceun darah anu sok ditempatan ku syetan, teras dikumbah ku cai Es. Eta dua Malaikat ngalebe-keun hikmah kanabian sareng nambihan kaimanan, teras di kaput deui bari di stempel kanabian.
Kangjeng Nabi saw, ditimbang ku eta Malaikat, maka sabanding sareng sarebu ummat pilihan.
Kangjeng Nabi saw, nga-ageungan kalayan sampurna sifat-sifatna tikawit alit.
Siti Halimah ngawangsulkeun deui Kangjeng Nabi saw, ka ibuna bari manahna teu masihkeun, sabab sieun aya musibat deui anu keuna kana dirina.
Siti Halimah pernah sumping ka Kangjeng Nabi saw, waktos nikah sareng Siti Khodijah, ku Kangjeng Nabi saw, dibageakeun kalayan pang bagea anu sampurna.
Tos perang ti Hunain oge, Siti Halimah nepangan deui Kangjeng Nabi saw, ku Kangjeng Nabi saw,  dibageakeun, disugemakeun.
Anjeuna ngamparkeun solendangna anu mulya tina bakat ngamulyakeun ka Siti Halimah.
Saur kaol soheh mah, waktos harita pisan Siti Halimah lebet Islam sareng carogena sareng putra-putrana, oge sadaya keluargana. Aranjeuna kalebet rengrengan shohabat.
Kitu numutkeun para Rowi anu kapercanten.
---------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================

(9)___________________________

Opat taun yuswa Kangjeng Nabi saw. Ibuna ngajak ka Madinah Al-Munawwaroh.
Ari waktos mulih, Ibuna pupus di Abwa atanapi di Lembah Hujun caket ka Mekah.
Maka Kangjeng Nabi saw, dicandak sareng dirorok ku Ummu Aiman, urang Habsyi (Ethiophia). Anu ku Kangjeng Nabi saw, ditikahkeun ka Zaed bin Haritsah peperdekaan Kangjeng Nabi saw.
Tos lima dinten ku Ummu Aiman disanggakeun ka eyangna, nyaeta Abdul Mutholib, ku Abdul Muttolib dirawu, dipangku, diluhurkeun martabatna.
Anjenna nyaurkeun; Ieu pun anak mah istimewa pisan, maka mulya pisan jalma anu ngagungkeun sareng anu ngamulyakeunnana.
Kangjeng Nabi saw, mah ti nuju alit keneh tara wawartos lapar atanapi dahaga. Kadirina ku anjeun ge tara (komo ka batur).
Kangjeng Nabi saw, sering pisan angkat enjing-enjing ka sumur Zam-Zam, ngaleueut, etang-etang tuang, dugi ka sawaregna.
Yuswa dalapan taun, Eyangna nyaeta Abdul Mutholib pupus. Teras dirorok ku pamanna nyaeta Abu Tholib, saibu sarama sareng sayyid Abdulloh.
Abu Tholib ngurus Kangjeng Nabi saw, kalayan soson-soson, diaping, dijaring. Tuangeun oge ngaheula-keun kanggo Kangjeng Nabi saw, sateuacan dirina sareng kulawargina.
Barang dugi yuswana kana 12 taun, ku Abu Tholib dicandak ka nagri Syam. Dijalan aya pendeta Bahiro, anu kenaleun tina kitab-kitab kumpulanna tentang sifat kanabian. Manehna sasauran; “ceuk kuring mah ieu teh calon dunungan sakabeh alam, rek jadi utusan Alloh jeung jadi nabi, lantaran tatangkalan jeung batu oge sarujud. Sedeng maranehna moal sarujud kajabi ka hiji Nabi anu seueur elingna ka Alloh”. “Kuring manggih sifat-sifatna tina kitab samawi anu baheula (Toret jeung Injil), jeung di antara dua walikatna aya Stempel kanabian anu hurung pinuh cahaya”.
Anjeunna miwarang ka Abi Tholib supados nyandak Kangjeng Nabi saw, mulih deui ka Mekah, sabab sieun ku kaom-kaom Yahudi.
Maka Abu Tholib mulih deui ka Mekah nyandak Kangjeng Nabi saw, teu ngalangkungan kampung Basroh perbatasan nagri Syam.
---------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================

(10)__________________________

Barang yuswana dugi kana 25 taun, Kangjeng Nabi saw, angkat ka Basroh, nyandak dagangan kagungan Siti Khodijah jalmi pingitan.
Kangjeng Nabi saw, disarengan ku bujang Siti Khodijah, nyaeta Maesaroh (hiji lalaki) anu ngaladen sareng nyayogikeun kaperyogian  Kangjeng Nabi saw.
Kangjeng Nabi liren dina handapeun hiji tangkal caket Gereja Pendeta Nasrani anu ngaran Nasturo.
Pendeta Nasturo terangeun ka Kangjeng Nabi saw, sabab iuh-iuh eta tangkal sampurna pisan mayungan Kangjeng Nabi saw.
Anjenna sasauran; “Moal aya sama sakali anu ngiuhan handapeun ieu tangkal kajaba hiji nabi anu ngagaduhan sifat-sifat anu sae, jeung anjeunna pasti Rosululloh anu dipasihan kahususan ku pirang-pirang kautamaan sareng kani'-matan”. Lajeng Pendeta Nasturo nyarios ka Maesaroh: “Naha ari dina soca Kangjeng Nabi aya beubeureum anu jadi ciri samar-samar”?.
Maesaroh ngawaler; “Muhun”.
Maka jadi kayakinan ka Nasturo yen sangkaan dirina teh bener pisan, tuluy pesen ka Maesaroh; “Anjeun ulah ninggalkeun Kangjeng Nabi sarta kudu babarengan salawasna, kalawan sing hade niat. Lantaran Anjeuna teh jalmi anu dimulyakeun ku Alloh ku diangkat jadi Nabi jeung  dijadikeun jalma pilihan”.
Lajeng Kangjeng Nabi saw, mulih ka Mekah. Ari Siti Khodijah sareng istri-istri anu sanes ngawaskeun di loteng bumina, katingal aya dua malaikat di luhureun mastaka Kangjeng Nabi saw, anu mulya, ngaiuhan tina panasna panonpoe.
Maesaroh ngawartoskeun ka Siti Khodijah kana sagala rupi kajadian diperjalanan, oge kana kasauran pendeta sareng titipan anu mangrupi wasiat.
Dina eta perdagangan Alloh ngalipet-lipet batina anu seueur pisan. Maka jelas ka Siti Khodijah, naon perkara anu katingal sareng anu kadangu  ti Maesaroh yen Kangjeng Nabi saw, teh calon Rosululloh pikeun sakabeh ummat.
Teras Siti Khodijah ngalamar ka Kangjeng Nabi saw, kanggo pribadina, supados tiasa ngaraosan iman ka anjeunna anu seungit tur nyegerkeun.
Nya Kangjeng Nabi saw, wawartos ka paman-pamanna kana pangajakna ieu hiji istri anu sae pisan sareng tukang to'at.
Atuh paman-pamana  raresepeun pisan ka Siti Khodijah teh, sabab gaduh kadudukan, agamana kiat, geulis, beunghar, gaduh komara, turunan sae. Sadaya kaom oge paralayeun ka Siti Khodijah teh.
Teras Abi Tholib narosan ka Siti Khodijah bari muji-muji Kangjeng Nabi saw, tapi biasa muji heula ka Alloh ku pujian-pujian anu sarae. Abu Tholib nyaurkeun; “Demi Alloh saba'da kajadian ieu (pernikahan) pikeun Muhammad pasti aya berita anu langkung ageung anu dipuji kusadayana”.
Nya teras Kangjeng Nabi saw, ditikahkeun ka Siti Khodijah ku ramana, ceuk sapalih ku pamanna, ceuk sapalih ku rakana Siti Khodijah.
Ieu kabagjaan anjeunna anu bakal langgeng. Malih sadayana putra Kangjeng Nabi saw, eta ti Siti Khodijah, kajabi anu jenengan Ibrohim Al-Kholil.
---------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================

(11)__________________________

Dina yuswa Kangjeng Nabi saw, 35 taun, urang Quraisy ngadegkeun Ka’bah, sabab runtuh kacandak banjir anu ngamuara ka Ka’bah.
Urang Quraisy pacekcokan dina masalah masang Hajar Aswad. Satiap qobilah pada harayang nempatkeun Hajar Aswad dina asalna.
Omongan jadi rame, malah nepika sarumpah rek nepika peperangan. Perpecahan kelomok kelompok geus karuat. Tapi teras sepakat kana ngalaksanakeun kaadilan. Maka masrahkeun kaputusan kahiji jalmi anu pinter, nu bijaksana, anu tara gurunggusuh dina pamikiranna (nyaeta ceuk hiji qil mah “Al-Makhzumi”). Manehna mere hukum ka sing saha jalma anu pangheulana asup ka Baitulloh tina lawang paragi Kuncen Ka’bah Bani Syaibah. Ari pek teh Kangjeng Nabi saw, anu pangpayunna lebet ti dinya. Maka sarerea ngaromong : “Ieu pisan Al-Amin anu bisa dipercaya kusarerea, urang sarerea bisa ngawakilkeun kamanehna, urang sarerea nampa jeung ridlo”.
Nya sarerea ngawartoskeun ka Kangjeng Nabi saw, yen sarerea bakal ridlo jeung nampa lamun Kangjeng Nabi saw, anu ngahukuman dina ieu pacengkadan.
Lajeng Kangjeng Nabi saw, nyimpen eta Hajar Aswad dina sorabanna, teras miwarang ka sadaya qobilah kanggo ngangkat eta sorban kana tempat eta batu.
Regeyeng sarerea nyarekel juru sorban diangkat kana tempatna lebah juru bangunan ka’bah. (Anu ngangkat teh 1.Uthbah bin Robi ’ah, 2.Zam’ah, 3.Abu Hudzaifah bin Mughiroh, 4.Qois bin ‘Adi).
Kangjeng Nabi saw, nyimpen eta batu ku pananganna anu mulya dina tempat nu ayeuna, tegesna Ka’bah anu ayeuna.
---------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 

==========================

(12)___________________________

Dian yuswa Kangjeng Nabi saw, sampurna 40 taun, numutkeun kaol anu lewih pantes jeng ahli sejarah. Alloh ngutus anjeunna ka sakabeh alam, supaya jadi Basyiron, nu mere pika bungaheun ku surga jang anu iman, jeung jadi Nadziron, nu mere beja pika sieuneun ku naraka pikeun jalma anu kafir. Maka sakabehna kabagean rohmat Kangjeng Nabi saw.
Dikawitan jadi utusanana dugi ka genep sasih mah ku ngimpen anu bener jeung jelas.
Dina impenanana katingal jiga cahaya waktu subuh anu nyaangan jagat.
Pangna dikawitan ku ngimpen, supaya kalatih kakuatan kama-nusaanana dimana sumping Malaikat bari nyandak tugas kanabian.
Anjeunna resep nyepen (nyumput sorangan) nyaeta ibadah di Guha Hiro sababaraha wengi. Dugi ka sumping ka anjeunna Wahyu anu Hak ngalangkungan Jibril. Harita teh dinten senen, langkung ti tanggal 17 bulan Romadlon bulan Lailatul Qodar.
Aya sababaraha kaol, cenah tanggal 27, atawa tanggal 24 Romadlon, cenah deui tanggal 8 bulan Maulid bulan lahirna Kangjeng Nabi saw.
Malaikat Jibril sasauran: ”Baca!”. Kangjeng Nabi nolak:”abdi mah teu tiasa”. Malaikat Jibril nyekek satarikna, teras nyarios deui: ”Baca!”. Kangjeng Nabi saw, nolak deui, Malaikat Jibril nyekek deui kadua kalina dugi ka Kangjeng Nabi saw, ngaraos repot jeung sesek. Malaikat Jibril sasauran deui : ”Baca!” dugika di cekek deui ka tilu kalina, supados Kangjeng Nabi saw, mayunan kana naon anu di dugikeun ku Malaikat Jibril. Mayunan bari leres-leres tur tangginas, dugi ka ngartos kana eusina.
Pleng weh teu aya deui wahyu teh salami 3 taun atanapi 30 bulan, ngahaja, supados ngaraos kangen kana seungitna Malaikat Jibril nu nyandak wahyu ti Alloh.
Teras turun surat Al-Muddatsir. Teras Malaikat Jibril sumping ka Kangjeng Nabi saw, nyandak eta surat bari ngagugahkeun.
Maka kanabian Kangjeng Nabi saw, dikawitan ku turunna IQRO, anu jadi saksi yen ieu surat nu pang heulana turun jeung anu pang heulana jadi saksi diangkatna rosulna, ku ayana ayat-ayat pikabungaheun jeung pika sieuneun pikeun anu di da’wahan ku Kangjeng Nabi saw.
----------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 

==========================

(13)___________________________

Ari ibadah Kangjeng Nabi Muhammad saw, Sareng para sahabatna masih keneh susulum- putan, dugi ka lungsur ayat dawuh Alloh : “Temrakkeun naon anu di parentahkeun ku Alloh”. Teras Kangjeng Nabi saw, terang-terangan ngajak sakabeh manusa kanggo nyembah Alloh.
Tapi kaom-kaom teu daek nya-rembah Alloh, dugika Kangjeng Nabi saw, nyacad patekong pa-nyembahan maranehanana. Oge miwarang ninggalkeun nu salian Alloh nu wahdaniyyat.
Kaom-kaom kalahka warani ngalawan malah nganyenyeri ka Kangjeng Nabi saw.
Tos kacida teuing ka nyenyerianana muslimin, maka teras seueuer nu hijrah dian taun ka lima  ka daerah Najasyi (Ethiophia).
Paman Kangjeng Nabi saw. Abi Tholib, karunyaeun sareng ngajaga ka Kangjeng Nabi saw, maka kafir Quraisy sarieuneun.
Dina eta taun, Alloh ngawajib keun ka Kangjeng Nabi saw, supaya solat peuting, tapi teras di nasakh di gentos deui parentahna. Yen “Peuting mah cukup maca Al-Qur’an wae, mun daek pek sarolat”.
Oge dina taun ieu difardukeun sholat dua rokaat isuk-isuk, dua rokaat sore-sore, tapi eta oge di nasakh deui, ku diwajibkeun solat lima waktu, dina waktu Isro.
Abu Tholib pupus dina pertenga han bulan Syawal, 10 taun ba’da diangkat jadi Nabi. maka mushibat ngaageungan deui, tilu dinten ti harita Siti Khodijah pupus. Maka balai ka muslimin beuki parah. Urang Quraisy langsung nganyenyeri ka Kangjeng Nabi saw.
Kangjeng Nabi saw, teras nga-maksad hijrah ka Thoif, bari da’wah ka golongan Tsaqif, tapi teu hade panarimaan jeung susuguhna.
Malah maranehna ngahucuhkeun jalma-jalma awam jeung abid-abid pikeun nyarekan Kangjeng Nabi saw, ku basa-basa nu goreng pisan. Tuluy maledogan ku batu dugi ka sampeanna lamokot ku getih.
Lajeng Kangjeng Nabi saw, mulih deui ka Mekah kalayan nandangan kasedih. Teras aya Malaikat penjaga Gunung nawisan pikeun ngancur-keun urang Toif anu geus sepakat rek nga-bunuh Kangjeng Nabi saw.
Dawuh Kangjeng Nabi saw; “kuring masih boga harepan, mudah-mudahan Alloh ngaluar keun bibit-bibit, anak turunan maranehna jadi tukang ibadah ka Alloh SWT.

--------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================
(14)__________________________
Lajeng Kangjeng Nabi Muhammad saw, Ruh sareng jasadna di isrokeun ku Alloh swt, ka masjid  Al-Aqsho anu katelah Al-Quds. Teras di taek-keun ka langit.
Di langit kahiji Anjeuna ningal Nabi Adam as, anu dimulyakeun sareng diluhurkeun darajatna ku Alloh swt.
Di langit kadua pendak sareng Nabi Isa as, putra Siti Maryam anu masih suci tur dibersihkeun ku Alloh, didinya aya putra bibina nyaeta Nabi Yahya as, anu dipasihan elmu ku Alloh ti alit keneh.
Di langit katilu pendak sareng Nabi Yusuf as, anu rupina kasep pisan.
Di langit kaopat pendak sareng Nabi Idris as, anu ku Alloh diluhurkeun tempatna.
Di langit kalima pendak sareng Nabi Harun as, anu banget mikaresep ka ummatna bangsa Isroiliyyah.
Di langit ka genep pendak sareng Nabi Musa as, anu dicariosan langsung ku Alloh sareng disalametkeun.
Di langit ka tujuh pendak sareng Nabi Ibrohim as, anu sumping ka Alloh kalayan nyandak manah anu pasrah sumerah, oge dijaga sareng di salametkeun tina durukan Raja Namrud.
Lajeng Kangjeng Nabi Muham-mad saw, naek ka Sidrotil Muntaha dugi ka nguping geretna Kalam di Loh Mahfudh, nyerat keun perkara-perkara anu di pas-tikeun ku Alloh, dugi ka makom anu tertutup, anu anjeuna caket pisan sareng Alloh Ta’ala. Alloh ngaleungitkeun hahalang cahaya anu mulya dugi ka Kangjeng Nabi Muhammad saw, tiasa ningal ka Alloh ku soca anjeuna kalayan jelas.
Alloh masihan kalaluasaan ka Kangjeng Nabi saw, kanggo cumarios sareng Dzat Alloh.
Lajeng Alloh masihan kawajiban kanggo ummatna 50 kali solat. Tapi Alloh ngocorkeun nugraha na dugi ka dikirangan jadi 5 kali solat sapoe sapeuting. Tapi ganja-rannana tetep sami sareng nu 50 kali solat, sapertos kersaning Alloh ti Azalina.
Teras Anjeuna mulih deui dina wengi eta keneh, ka Masjidil harom Mekah, anu langsung dipercanten jeung dibenerkeun ku Abu Bakar As-Siddiq, oge ku jalmi-jalmi anu palinter sareng ahli riwayat.
Tapi urang Quraisy mah   nga-bohongkeun, malah jalma-jalma anu disasarkeun ku syetan mah jadi  murtad.
--------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================
(15)__________________________
Kangjeng Rosululloh nampilkeun pribadina sebagai Rosululloh di payuneun kabilah-kabilah dina musim haji.
Maka aya genep urang Anshor anu langsung iman harita, anu ku Alloh dipasihan karidoan husus.
Dina taun enjingna aya 12 urang ti kabilah eta keneh munggah haji deui, lajeng sadayana be’at atanapi janji satia kanggo iman ka Kangjeng Nabi saw.
Aranjeuna anu 12 urang tea, saba’dana marulih ka Madinah, teras nyebarkeun Islam di Madinah. Kota anu janten panyalindungan sareng padumu- kan Kangjeng Nabi saw, saterasna.
Dina taun katiluna sarumping deui 70 urang, atawa 75 urang, atawa 73 urang tambih istri duaan ti golongan Aos sareng Khozroj. Sadayana be’at ka Kangjeng Nabi saw. Teras diangkat 12 urang pilihan pikeun jadi pimpinanana.
Lajeng Kangjeng Nabi saw, hijrah ninggalkeun Mekah nu jadi mimiti gelarna agama Islam.
Sadaya para sahabat ngantunkeun kota Mekah, sabab resep kana janji Alloh ka jalma anu ngajauhan kakufuran.
Urang Quresy ngarasa sieun, lamun Kangjeng Nabi saw, ngiring hijrah ka Madinah sareng para Sahabatna. Maranehna musyawarah pikeun ngabunuh Kangjeng Nabi saw, tapi Alloh ngajaga jeung nyalametkeun tina tipu daya maranehna.
Kangjeng Nabi Muhmmad saw, diwidian ku Alloh kanggo hijrah.
Musyrikin ngarintip bumi Kangjeng Nabi saw, supaya bisa arasup tuluy rek maraehan. Tapi Kangjeng Nabi saw, kaluar ti bumi bari ngawurkeun keusik kana sirah maranehna, tuluy teu narempoeun.
Teras Kangjeng Nabi saw, ngabujeng Guha Tsur disarengan ku Abu Bakar Siddik anu bagja. Didinya calik tilu dinten, dijaga ku japati jeung ku lancah.
Dina wengi senen aranjeuna kaluar ti guha bari disampakkeun Onta anu sae kanggo tunggangna.
Suroqoh ngudag ka Kangjeng Nabi saw, tapi Anjeuna ngadu’a ka Alloh kalayan ikhlas. Maka Kuda Suroqoh ngajungkel, ti suksruk kana keusik sababaraha kali, teras manehna nyuhunkeun hapunten ka Kang-jeng Nabi saw, nya ku Nabi di leupaskeun sareng di du’akeun sina asup Islam.
--------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================
(16)__________________________
Kangjeng Rosululloh ngalangkung ka Bumi Ummu Ma’bad dilembur Quded. Manetnna ngamaksad bade meser daging atanapi susu ti Ummi Ma’bad Al Khozaiyyah.
Tapi dikemahna kosong teu aya nanaon, tapi Kangjeng Rosul ningal domba nu gering nu tara diangon.
Kangjeng Rosul nyuhunkeun widi ka Ummi Ma’bad kanggo meres eta domba. Saur Ummi Ma’bad mangga teh teuing da mun ayaan mah ku abdi oge diperes. Kangjeng Nabi ngusap susu domba bari ngadu’a ka Alloh nu ngagaduhanana. Ujug-ujug ju’uh ku cisusu, teras diperes, teras dipasihkeun ka kaom-kaom sadayana dugika wareg. Malah diperes deui kanggo minuhan wadah-wadah sadayana nu aya di dinya.
Kangjeng Nabi saw, teras ngantun keun eta domba nu masih juuh,  mangrupi mu’jizat nu jelas pisan.
Teu lami Abu Ma’bad sumping ka bumina, ningal cisusu pinuh dina wadahna. Anjeunna kaget pisan teras sasauran ka istrina; “timana ieu teh?, kapan teu aya domba anu keur nyusuan?” saur Ummi Ma’bad; ”tadi aya hiji lalaki ngalangkung ka dieu bari seueuer pisan barokahna, jalmina dedeganana jiga kitu, sifatna jiga kitu.
Saur Abu Ma’bad: ”Demi Alloh, eta teh nu gaduh Quraisy. Kuring mah wani sumpah, lamun tadi panggih mah wani iman ka Anjeunna jeung rek nuturkeun moal pisah deui.
Kangjeng Rosululloh saw sumping ka Madinah dinten senen tanggal 12 Robi’ul Awwal, bari udarana cerah tur bersih.
Urang Ansor pada nyambut ka Kangjeng Nabi kalayan meriah.
Kangjeng Nabi saw, lungsur heula di Quba  teras ngabangun masjid didinya nu dicawiskeun pikeun takwa.
--------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================
(17)__________________________
Kangjeng Nabi Muhammad saw. Eta pang sampurnana jalmi, dina bentuk salirana sareng dina budi pekertina. Salira sareng sifat-sifatna sarae pisan.
Dedegna meujeuhna, warna kulitna bodas semu beureum, socana cureuleuk jiga kenging nyipatan. Bulu halisna gomplok panjang dugi kana juru soca.
Waosna beres, cangkemna lebar tapi sae, taarna jamentrangan hurung herang jiga kacaangan bulan. Damisna rata, pangam-bungna mancung kalawan nga- bentuk anu pantes. Taktakna lebar naraje emas. Dampal tampahna lebar, tulang-tulangna arageung, ari daging keuneungna alit, janggotna gomplok, mastaka na ageung, rambutna dugi kana cepilna.
Diantara dua walikatna aya cap kanabian anu bersinar ka sadaya salirana.
Kesangna herang bersih jiga mutiara, seungit langkung-langkung ti minyak seungit.
Angkatna pantes jiga nu turun tina tempat luhur.
Anjeunna sok sasalaman ku panangan anjeunna anu mulya, hingga anu sasalaman jadi seungit sadidinten kalayan seungit minyak Abhari.
Kangjeng Nabi saw, sok nyepeng mastaka murangkalih, ku di cepengna jadi beda seungitna jeung budak sejen.
Pameunteuna marahmay, caang jiga caang bulan tanggal 14.
Saur anu nyarioskeun sifat-sifat Kangjeng Nabi saw.; “teu pernah ningal memehna atawa ba’dana, aya hiji jalmi anu sampurna jiga Kangjeng Nabi saw”.
--------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================

(18) _________________________

Kangjeng Nabi Muhammad saw, eta anu ageung pisan kaisin (dina hartos tara ngalakukeun kaaeban) oge banget handap asor (tara adigung). Ngesol sendal ku nyalira, malih sok ngaputan acuk anu soeh, meres susu domba, ngawulaan istrina  ku Anjeun, ku padamelan anu sae.
Kangjeng Nabi saw, mika cinta ka jalmi-jalmi anu falaqir jeung anu mariskin.
Calik riung mungpulung sareng aranjeuna. ngalongokan nu teu daramangna, ngiring ngurus mayit aranjeuna, oge tara ngahina keun ku pedah faqir taya kaboga.
Kangjeng Nabi saw, sok nampi ka jalmi anu sasadu nyuhunkeun hapunten. Tara mayunan batur bari ku beungeut keuheul. Osok angkat-angkatan sareng para randa (dina hartos nulungan kabutuh maranehna). Oge sareng para hamba sahaya.
Kangjeng Nabi saw, teu sieun ku para raja anu garalak. Anjeuna bendu karena Alloh, ridlo oge karena Alloh.
Kangjeng Nabi saw, sok angkat di pengkereun para sahabatna, saurna teh; ”Keun! kosongkeun tukangeun kami mah, keur para Malaikat anu marilu”.
Kangjeng Nabi saw osok tunggang onta, tunggang kuda, bighol, himar hadiah para raja-raja.
Kangjeng Nabi saw, sok ngaganjel patuanganana ku batu tina nahan lapar, padahal konci-konci gudang ieu bumi tos dipasihkeun ka anjeuna. Malah gunung pernah nawisan supaya jadi emas, tapi Kangjeng Nabi saw, nolak.
Sareng ari Kangjeng Nabi saw, mah tara seueur heureuy, dimana pependak jeung batur sok pang payunna uluk salam.
Anjeuna mah dimana solat sok lami tapi upami khutbah jum’ah sok sakedap.
Kangjeng Nabi saw, osok ngareresep (ngadorong kana ka saean) ka tokoh-tokoh masyara kat, osok ngamulyakeun anu sarae akhlakna, sok heureuy sareng sadaya jalmi, tapi tara sasauran kajaba leres jeung nyata, anu pasti diganjar sareng di pika ridlo ku Alloh SWT.
Dugi kadieu bakal liren caritaan anu hade ieu, jiga kuda nu tos balap lumpat tina jalan anu beda-beda, hartosna babaran ieu tamat bari kening nyutat tina sababa raha kitab anu seueur pisan.
Dugi kadieu tulisan kuring dina penjelasan sejarah Rosululloh SAW. Tamat.
---------------------------------------------
“Mugi gusti nyeungitan kana kuburan Kangjeng Nabi saw. ku seuseungitan rohmat sareng salam”. 
==========================
(Du’a)._______________________
He Dzat anu tukang meberkeun dua kakawasaan pikeun masihan rizki kana Ruh jeung Jasad.
He Dzat anu dimana diangkat leungeun-leungeun abdi ka gusti, pasti dipasihan.
He Dzat anu maha bersih dina Dzat sareng Sifatna, anu sahiji moal aya anu nyarengan ka Anjeuna, sareng moal aya anu nyarupaan.
He Dzat anu nyalira teu aya mimitina teu aya tungtungna ti azalina.
He Dzat anu teu aya deui pangharepan kajabi ka gusti, sareng moal aya anu di suhun-keun tulung anging Gusti.
He Dzat anu para makhluk kabeh naraleukeum kana qudrotna anu langgeng. Sareng anu nuduhkeun ku kurniana ka jalma anu marenta pituduh.
Abdi sadaya nyuhunkeun ka gusti kahadean cahaya gusti anu murni. Anu ngaleungitkeun popoek kamangmangan nu ngahalangan.
Abdi tawassul ka Gusti ku agung na salira Kangjeng Nabi Muhammad saw, jalmi anu jadi pang akhirna nabi, tapi pang utamana sareng pang saena.
Oge abdi tawasul ku kulawargi anjeuna anu caang baranang jiga bentang anu tiasa ngimankeun sakabeh makhluk. Nu jadi parahu anu nyalametkeun tina panca bahaya.
Oge abdi tawasul deui, ku para sahabatna anu jadi pituduh kana jalan anu bener, anu ngagadekeun dirina ka Alloh, nu haroyong nugraha ti Alloh.
Abdi oge tawasul ku para Ulama nu nyarandak syare’at Kangjeng Nabi saw. Aranjeuna anu garaduh damel, anu kenging kahususan, anu di bingahkeun ku ni’mat sareng kurnia Alloh.
Mugi Gusti masihan pitulung ka abdi sadaya, sing tiasa ikhlas, boh dina ucapan atanapi padamelan, mugi Gusti nyumponan panga-butuh ieu anu haladir, sagala rupi kahoyongna sareng cita-citana.
Mugi Gusti nyalametkeun ka abdi tina belenggu syahwat jeung panyakit-panyakit hate.
Mugi Gusti nganyatakeun kana cita-cita abdi sadaya, sakumaha sangkaan abdi sadaya ka Gusti.
Mugi Gusti ngahalang ka abdi sadaya tina sakur popoek ati jeung sakur balai.
Mugi Gusti ulah ngajadikeun ka abdi sadaya ti antawis jalmi anu sok ngalajur nafsu.
Mugi Gusti ngadeukeutkeun ka abdi sadaya kana hade kayakinan bari gampil dipetikna.
Mugi Gusti ngahampura kana dosa anu tos dilakukeun ku abdi sadaya.
Mugi Gusti nutupan ka abdi sadaya tina kaaeban, kaapesan, kaheureutan sareng kabingungan.
Mugi Gusti ngagampilkeun ka abdi sadaya kana tiasa amal soleh anu jadi puncak kahesean.
Mugi Gusti ngawalatrakeun kana kukumpulan abdi sadaya ayeuna sing janten gudang pamasihan Gusti anu luhur, kalayan kanyaah sareng pangampura Gusti.
Mugi Gusti ngalanggengkeun ka abdi sadaya janten jalmi anu teu butuh ka salian Gusti.
Nun Gusti! Gusti tos nempatkeun ka jalma tukang menta dina tempat anu istimewa, Gusti oge parantos nyayogikeun pikeun jalmi anu gaduh kahoyong kana naon anu dipikahoyong sareng anu dipikapalayna.
Gusti!, ayeuna abdi nyuhunkeun sagala rupi anu dipika hoyong ku abdi bari digampilkeun sareng  dibabarikeun.
Gusti! pasihkeun ayeuna ka abdi sagala rupi anu dipiharep ku abdi.
Nun Gust! salametkeun abdi sadaya tina pancabaya, solehkeun para pamimpin abdi sareng rakyatna.
Pasihan ganjaran anu ageung ka jalmi anu gaduh maksad, anu nga- damel ieu kasaean dina dinten ieu.
Nun Gusti! jadikeun ieu nagara sareng sadaya nagara Islam janten nagara anu aman tur mapan.
Gusti!, turunkeun hujan ka abdi sadaya anu walatra ka sadaya daerah, di gunung, di lebak.
Mugi Gusti ngahapunten kanu nyusun ieu sejarah Kangjeng Nabi Muhammad saw, nyaeta Imam Ja’far Al-Barzanji tea, anu katelah tina nagrina.
Pasihkeun ka anjeuna kabagjaan dicaket Gusti, oge pasihkeun sagala kapalayna. Tempatkeun sareng jalmi-jalmi ahli taqorrub ka Gusti. Mugi Gusti nutupan kaaebannana, kalemahanana sareng kabingungna. Oge sing walatra ka sadaya anu nyeratkeun  ieu kitab, anu maca, anu nguping keun sareng nu ngabandungana.
Rohmat saeng kasalametan mugi tetep ka Kangjeng Nabi Muhammad saw, nu ngawitan nampi kan hakekat sagala rupi perkara kalawan jelas. Oge ka kulawargina, ka sohabat sareng ka jalmi-jalmi nu nulungan Anjeu na sareng anu ngamulyakeun ka Anjeuna. Salagi aya keneh cepil-cepil anu kersa di papaesan ku ngupingkeun sifatan-sifatan Kang jeng Nabi saw, anu lir anting-anting dina cepil anu pinuh ku mutiara. Sareng salagi aya keneh riungan-riungan anu sarae anu macakeun ieu sejarah anu saperti buleudan kongkorong.
Pang afdolna rahmat sareng pang utamana salam mugi tetep ka Kangjeng Nabi Muhammad saw, nu jadi panutup para Nabi sareng Utusan, oge kakulawargi sareng sohabat sadayana.
Maha Suci Dzat Alloh pangeran anjeun, pangeran anu mulya, anu bersih tina sifatan-sifatan jalma anu musyrik. Sareng mugi tetep kasalametan ka sadaya utusan. Oge Sagala puji kagungan Alloh.


SHOLAWAT NABI

DIBACA BARI NGADEG


Ya Nabi  salam ka Anjeun
Ya Rosul salam ka Anjeun
Ya Habib salam ka Anjeun
Sholawat   tetep ka Anjeun

Medalna   Nabi   lir Bulan
Nu sejen na      ka tutupan
Gindingna taya  tandingan
Pangwuwuhna kabingahan

Lir Panonpoe lir     Bulan
Lir Cahya luhureun cahya
Lir Mutiara        nu mahal
Lir Lampu nyaangan hate

He kakasih he Muhammad
Panganten    di dua tempat
He nu kuat he Muhammad
He Imam na      dua Qiblat

Bagja nu ningal rarayna
Nu mulya  Ibu  Ramana
Talaga     Anjeun  tiisna
Cai   di   poe    Qiyamat
Teu ningal   Onta disada
Bungah  kajabi ku Gusti
Mega mayungan ka Gusti
Manusa maca sholawat

Kakayon sumpingna ceurik
Rasa hina  payun    Gu s t i
Kai condong Y a     Habibi
Di Gusti   mencek   arindit

Kaom   nalian   momotan
Karempel  bade   barudal
Abdi dongkap bari ceurik
Ceuk kuring engke antosan

Naha anjeun mawa surat
He anu kasengsrem pisan
Kadieu geura nyarimpang
Isuk - isuk     pasosonten

Unggal jalmi ngamaraksad
Ka Anjeun jalmi nu mulya
Sadaya  garaduh    maksad
Kasengsrem haroyong tepang
Gusti  k a l e b e t manusa
Mung benten   ti  nu biasa
Anjeun   panutup    utusan
Ka Alloh banget syukuran

Abdi nu miskin miharep
Kurnia seueur  hampura
Abdi tos hade  sangkaan
Ka Gusti nu ngabungahkeun

Tulungan abdi jagaan
Jait   ti    Naraka  Sa’ir
Tulungan sareng bagjakeun
Dina   sagala   urusan

Bagja jalmi nu patepang
Keur bingung ge jadi lenglang
Gusti lir Bulan nyaangan
Gaduh  sifat kagindingan

Teu aya nu langkung bersih
Lian   Gusti   Aki  Husen
Rohmat  Alloh  ka  salira
Teu pegat sapanjang taun.
He nu ngurus kahadean
He  anu  luhur    darajat
Mugi  ngifaratan   dosa
Hapunten abdi nu lepat

Gusti seueur hampurana
Mupus  dosa   kalepatan
Tukang nutup kagorengan
Hapunten  nu  ti  soledat

Gusti  uninga  nu  samar
Ngijabah  sakabeh  du’a
Gusti sing nyaah ka abdi
Sadaya   jadi    maslahat


Previous
Next Post »