Sunat-Sunat Yang Di Lakukan Di tanggal 10 Muharram


PASUNATAN ANU DI LAKSANAKEUN DINA TGL 10 MUHARROM


01.   Wengina (malem tanggal 10) sholat sunnat mutlaq 4 roka’at di sasalamkeun, henteu ngangge tahiyyatul awwal, dina tiap-tiap roka’at saba’da surat Al Fatihah maca surat Al Ikhlash 15 kali.
02.   Shaum dina kaping 9 sareng 10 Muharrom.
03.   Seueurkeun shodaqoh.
04.   Ngabubungah kulawargi ku jalan naon bae.
05.   Ngabubungah yatim piatu sareng ngusap mastakana karena asih.




SEJARAH RINGKES 

KAJADIAN DINA TANGGAL 10 MUHARROM

01.    Ditarima tobat Nabi Adam AS saba’da di turunkeun ka dunya ti surga.
02.   Diangkatna Nabi Idris AS ka langit.
03.   Salametna Nabi Nuh AS tina parahu saba’da 4 bulan dina luhureun cai.
04.   Salametna Nabi Ibrohim AS tina seuneu Raja Namrudz.
05.   Salametna Nabi Musa AS tina serangan Raja Fir’aun, waktos kadesek di lautan.
06.   Lungsurna kitab Taurat ka Nabi Musa AS ti gunung Tursina.
07.   Kaluarna Nabi Yusuf AS tina buian anu salamina 8 tahun.
08.  Damang socana Nabi Yaqub AS saba’da teu damang 40 tahun.
09.   Teu ayana cocobi Nabi Ayyub AS salami 8 taun.
10.    Kaluarna Nabi Yunus AS kalayan salamet tina lebet patuangan lauk.
11.     Di hampurana dosa Nabi Daud AS.
12.    Diangkatana Nabi Sulaiman AS Jadi Raja.
13.    Dihampurana Nabi Muhammad SAW tina dosa anu tos kalangkung sareng anu can dilakonan.
14.    Hijrahna Nabi Muahammad SAW ka kota Madinah Al Munawaroh.
15.     Hancurna kaum kafirin sareng musyrikindina jaman Nabi anu baheula.

Jadi kasimpulan bulan Muharram nyaeta bulan kajayaan sareng kamenangan Umat Islam.
Previous
Next Post »