الله
اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر-لا إله الا
الله هو الله اكبر، الله اكبر ولله الحمد. الحمد لله حمدا كثيرا.
وسبحان الله بكرة وأصيلا. لا إله الا الله ولا نعبد الا إياه محلصين له الدين ولو
كره الكافرون. لا اله الا الله وحده، صدق وعده،
ونصر عبده،
وأعز جنده،
وهزم الأحزاب وحده . لا إله الا الله هو الله اكبر، الله اكبر
ولله الحمد. اشهد ان لا اله الا الله وحده لا شريك له، واشهد أن محمدا عبده و رسوله لا نبي بعده.
اللهم صلى على سيدنا محمد وعلى ازواجه واولاده وأصحابه وتابعه وأمته ومن تبعهم
بإحسان الى يوم القيامه. أما بعد: فيا عباد الله أوصيكم ونفسى بتفوى الله وطاعته
لعلكم تفلحون فى الدنيا والأخره.
TAQWA BINIH KASUBURAN
JEUNG KAUNTUNGAN
Maha
Agung Alloh SWT, Dzat anu parantos maparin nikmat hirup sareng hurip ka urang
sadayana. Kalayan Ridlo, Taufiq, sareng Hidayah manten-Na, urang sadaya tiasa
deui patepang raray, kumpul ngariung dina dintenan agung, dintenan lebaran
Qurban, atanapi 'Idil Adha, tawis bukti, bentuk maksimal pengorbanan Akbar, anu
dimimitian ku Nabiyulloh Ibrohim AS, sanggem ngabuktoskeun Iman dina kayakinan,
percaya kana Wahyu Alloh, teu mendag-mayong, teu gimir-teu ringrang, nu dipiwarang
meuncit putrana, Kangjeng Nabiyulloh Isma'il AS, generasi nu ngan sahiji, buah cinta-belahan hate, anak samata wayang,
pelanjut perjuangan, calon Mujahid, ti Siti Hajar RA.
Shalawat sinareng Salam Kawilujengan, tansah
ginulur, sapapaosna, mugia dilungsurkeun kanggo Panutan Alam, Rosululloh,
Panutup jeung Gustina para Rosul-Para Nabi, Muhammad SAW.
Hadirin,
Para Jama'ah 'Idil Adha nu dimulyakeun Ku Alloh SWT!
Gelegerna
Pujian Takbir, Tahlil, jeung Tahmid dina enjing-enjing nu endah ieu, Muji ka
Alloh teu liren-liren. Nyaeta mangsana ragem sadaya kaum Muslimin sa jagad,
madepkeun pamenteu, yakin ka Alloh SWT, Pangeran nu ngan sahiji, teu aya duana,
teu aya contona, teu putraan jeung teu diputrakeun, Alloh Robbul 'Izzati, teu
pernah ka kekeunaan nundutan, komo kulem, sanajan ngan sakarijepan. Alloh SWT,
nu geus ngempelkeun wargi urang sadayana, sadunya, di padang Arapah, kunci
kasampurnaan ngalaksanakeun Rukun Islam kalima, Ibadah Haji, dulur urang nu
kenging uleman ti Alloh SWT, nu mudah-mudahan dipaparinan kakiatan ngalakukeun pasaratan sareng kawajiban Ibadah Haji,
dijagjagkeun, disehatkeun, dijembarkeun atina, dikuatkeun kayakinannana,
dipasihan ganjaran anu tiasa ngaleberan sakuriling bungking jagad, nu,
mudah-mudahan pangleberanana tiasa dugi ka urang sadaya, nu aya di Indonesia-Jawa
Barat-Ciamis, khususna Umat Islam Nu aya di Kampung Panyingkiran. Aranjeuna
marulang ti Tanah Suci, sing dijantenkeun Haji Mabrur, nu teu aya deui
balesanana, iwalti Sawarga. Urang sadayana, nu jadi tatanggana, sing dicaang-padangkeun
atina, generasina, sing dijadikeun generasi nu saroleh, palinter, balener,
rinceng Ibadahna, getol neangan ilmuna, rajin neangan rizqina, dibeungharkeun,
dilempengkeun, pikeun tetep yakin, Alloh SWT, dina sakolepat, tiasaeun
ngarobah, nu badeur sing jadi bageur, nu koret sing jadi nyaahan ka sasama, nu ripuh
sing jadi sugih-mukti, nu teu pati getol Ibadah sing jadi jalma nu daekan ka
Masjidna.
Ti
kawit cahaya pajar tadi di palih wetan nyingraykeun lelangse peuting, dugi ka
surupna sarangenge di palih kulon, dina kaping 13 Dzulhijjah, anu kawentar
disebat poean Tasyriq, kaum Muslimin satungkebing dunya, aya dina seahna muji
Ka Alloh SWT, tuluy-tumuluy, ngucapkeun Takbir, Tahlil, jeung Tahmid. Kalimah
eta, ngaguruh, ngageterkeun eusining bumi katut langit, minuhan awang-awang,
nyangredkeun ka-Makripat-an, moal robah kayakinan, pangeran atawa Tuhan, ngan
hiji, sahiji-hijina,… Alloh SWT.
الله
اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Dintenan
ieu, khususna, urang sadaya, mieling lalakon nu kantos kasorang ku Kangjeng
Nabi Ibrahim AS sareng putrana. Ngaguratkeun kayakinan dina hate, ku mencit
hewan kurban. Ngamparkeun karaharjaan, ngajembarkeun parizqian nu dipaparinkeun
ku Alloh. Anu manpa'atna, lewih nguatkeun tali mimitran diantara para dulur,
antara nu kaya jeung nu teu boga, ngabagikeun daging kurban, kanu teu pati
remen ngadahar, ngagedatkeun tali tulung-tinulungan, buktos ngahijina cangred Shilaturrahmi
Umat Islam. Sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Qur'an.
انا
أعطيناك الكوثر* فصلى لربك وأنحر* إن شانئك هو الأبتر*.
Hartosna:
"Saestuna Kami geus maparin nikmat anu kacida lobana ka maraneh. Ku sabab
eta, maka maraneh kudu ngadegkeun Shalat jeung kudu Kurban karana Pangeran
maraneh. Saestuna nu ngewa ka maraneh, eta teh jalma nu pegat
kahadeannana".
الله
اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Hadirin
Kaum Muslimin Kakasih Alloh SWT!
Dina
detik-detik ieu, urang pantes pikeun sukuran. Kumargi, urang sadaya tambih sadar,
yen manusia dibandingkeun sareng makhluk
Alloh lianna, makhluq pang lemah-lemahna, teu daya, teu gaduh kakuatan. Malahan, manusa
teu banding jeung keusik-kesik acan, dibandingkeun lautan kajembaran tur
kaagungan Alloh SWT, teu sabanding jeung sakeclak cai nu aya di samudra,
dibanding jeung sagara Rahman-Rahim-na Alloh SWT. Pernah urang ngitung,
sabaraha kali ngiceup, samenit, sabaraha kali empesan sa-jam,… sapoe,…
saminggu,… sabaraha cangkireun, cai kahampangan dina satahun… Hal saperti kieu,
bisa dijadikeun sumber kasadaran urang sarerea.
Alam
nu ngaplak ieu, hiji tawis bungkeuleukan, nu langkung eces tina kaagungan Alloh
SWT. Sarta mangrupikeun lambang kakawasaan Alloh nu tohaga. Nu ngajadikeun
manusa bengong-hookeun. Tapi hanjakal, kabiasaan urang salaku manusa, sok ngaruksak
rarasaan kata'juban.. ku Nafsu sorangan.
Soca
sareng pangrungu urang, kadang-kadang teu malire kana sagala nu ditingal sareng
nu didangu, malah kalah api-lain, seolah urang teh, teu pernah narima paparin
Rahman jeung Rahimna Alloh SWT. Urang hilap, yen sagala rupi nu aya di
sakuriling bungkingeun urang, tawis kana kanyaah sareng Maha Agungna Alloh SWT.
Geuning nyaan, nikmat ti Alloh SWT, sakitu teu ka itungna. Wajar jeung pantes,
lamun Alloh miwarang Makhluqna nu mampu, pikeun mikanyaah nu teu mampu, ku
menta, pangbungahkeun aranjeunna, ku ngabagi hewan kurban.
الله
اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Hadirin
Kaum Muslimin Kakasih Alloh SWT!
Dina
enjing-enjing nu endah ieu, urang ngorejat hudang tina keleleban. Sadaya
paraosan sareng pangakuan urang kana kakawasaan sareng kaagungan Alloh SWT,
urang buktoskeun dina urapan Takbir, Tahlil, Tahmid jeung Taqdis, nu ku urang
digemakeun.
الله
اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Tos
dugi kamana, nerapkeun sagala kedal ucapan sareung Dzikir urang teh?. Leresan
ieu, urang sukuran, yen ku ibadah nu dilaksanakeun sadidinten, tos mere ajen
anu kacida lelebna kana Iman urang ka Alloh SWT, tur nyingraykeun kasadaran
urang nu langkung pinunjul pikeun ngahontal udagan hirup nu samistina, nyaeta
Taqwa. Dawuhan Alloh dina surat
Al-Baqoroh ayat 21, nu unggelna:
يا
أيها الناس أعبدوا ربكم الذى خلقكم والذين من فبلكم لعلكم تتقون.
Hartosna:
"Yeuh manusa!, Prak aranjeun geura Ibadah ka Pangeran aranjeun, Pangeran
anu geus nyiptakeun aranjeun katut jalma-jalma samemeheun aranjeun".
الله
اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو اكبر ولله الحمد.
Hadirin
Kaum Muslimin Kakasih Alloh SWT!
Taqwa
teh, ajen nu pangmulyana. Taqwa teh, geleuhna kahirupan, anu salawasna jadi
udagan setiap jalma Muslim. Alloh SWT, salawasna ngajurung-laku ka manusa,
sangkan ngahontal darajat Taqwa, sarta ngamulule, naha Taqwa teh geus kapibanda atawa can kapiboga?.
Alloh SWT ngawajibkeun ka manusia pekeun
Ibadah, malah-mandar jadi jalma nu Taqwa. Sabab, ku Taqwa eta, bisa nancebkeun
akhlaq nu mulya, anu pangaruhna, sanes wae keur diri nu ngamilikina, tapi, oge
keur balarea.
Manusa
nu geus hasil ngahontal darajat Taqwa, terus satekah polah miara jeung
mertahankeun, dipeunteun minangka jalma anu sukses Ibadahna. Manehna lir ibarat
hiji tangkah anu alus, anu dipelak, sarta dipiara. Terus eta tangkal teh
buahan, lebet-tur baradag, nu akibatna didahar eta buah ku nu melakna, akhirna,
jadi sumber kajagjagan jeung kasehatan anjeunanana. Ku kituna, yu atuh urang piara Taqwa
teh dina awak urang sarerea!, malah mandar aya guna keur karaharjaan kahirupan.
Tangtuna, Taqwa, ngajamin kasalametan manusa di dunya, jeung di alam jaga.
Ku
lantaran hal eta pisan, Alloh SWT, mosisikeun manusa nu Taqwa, jadi manusa nu
pang pinunjulna. Eta manusa, jadi jalma mulia. Di dunya, tur di alam sampeureun
jaga. Pidawuhna:
إن
أكرمكم عند الله أتقاكم
"Jalma nu pangmulyana diantara aranjeun, mungguh Alloh SWT;
Nyaeta jalma nu pang-Taqwa-na". (Al-Hujurot: 13).
Ku
kituna, darajat Taqwa pisan, nu kudu jadi udagan kahirupan kaum Muslimin dina ngeusi
alam pawenangan dunya ieu.
Kitu
tah, Agama Islam ngatik kehirupan manusa, anu bibit buitna mah dipitembeyan ku
Tauhid. Tina Tauhid nyebarkeun Iman jeung Amal soleh. Akhirna, Amal ibadah anu
dijiwaan ku Iman tur diraksa tuluy-tuluyan, ngahudangkeun hiji sikep hirup kaum
muslimin, nu pinilih. Ku margi kitu, upami dina hirup kanagaraan jeung
kamasyarakatan, Taqwa jadi jejerna, Taqwa dijadikeun tihang, Taqwa dijadikeun
modal ngabangun bangsa, dimana pangawasa jeung rahayat, pada hidup Taqwa,
tanwande kahirupan kanagaraan teh kenging karunia sareng Ridlo Alloh SWT.
Sok
upami salawasna, pangawasa jadi puseur tuladeun rahayat, kaamanan,
katengtreman, tanwande bakal ngajentre. Tangtuna, moal aya masalah nu teu bisa
kaselesaikeun, rahayat beunghar, pamarentah ngeunah. Tapi lamun sabalikna, tangtuna,
rahayat kalaparan jeung silih pitnah. Pamarentah, guligah jeung silih bantah.
Dawuhan Alloh SWT:
ولو
أن أهل القرى امنوا واتقوالفتحنا عليهم بركات من السماء والأرض ولكم كذبوه فأخذناهم بما كانوا يكسبون.
(الأعراف: 97)
Hartosna:
"Lamun seug pengeusi hiji nagri ariman sarta taraqwa, tanwande Kami
maparin Kurnia ka maranehna, ku rupa-rupa berkah ti langit jeung ti bumi. Tapi
maranehna ngabarohongkeun, nya Kami nibankeun siksaan ka maranehna, alatan mangpirang
hal nu diusahakeun ku maranehna".
الله
اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
Danget
ieu pisan, saat Idul Adha, yu urang mitembeyan lengkah, ngamimitian hirup ku
ka-Taqwa-an. Kumpulna urang sadaya di ieu Masjid, sing janten pahala, Kanggo
Ibu Rama, Aki-Nini, Uyut, jeung saterusna.
Oge
para suami atanapi para istri, nu tos ngarantunkeun urang sadaya. Sing ditarima
amal-ibadahna, dijauhkeun tina siksa kubur, dilenglangkeun pangsareannana.
Kanggo
urang nu masih kumulendang di dunya, sing jadi tambah getol Ibadah, sing jadi
Karasa nikmatna, Sholat!; Sing jadi karasa nikmatna berkulawarga jeung boga
imah; Sing jadi karasa nikmatna jadi
Suami-Istri jeung boga budak; Sing jadi karasa nikmatna ibadah di ieu
Masjid. Do'akeun para Jama'ah al-Hujjaj, nu geus beres, ngarengsekeun sakabeh
manasik Haji, ngabalang Jumroh, Towaf, sareng Sa'I, anu dimimitian ku kumpul di
Arofah. Sing mulang, jadi Haji Mabrur, bersih, suci, lir orok nu kakara lahir.
Kacida
bagjana, khususna, urang nu kumpul di ieu Masjid Tonjong, tiasa ngawaler panggentra Nabiyulloh
Ibrahim AS, ngabageakeun pangulem Alloh SWT, sasarengan sareng umat Islam sajagat
sanesna, tiasa sumping ibadah Haji di Tanah Suci, Pangrereban Rosululloh SAW
sareng Kulawargina katut Sohabat-Na. Pepejeuh, ayeuna pisan, awak urang ulah
ngotoran deui lambaran hirup ku kadorakaan,… nyaah. Sucikeun hate, bersihkeun
pikiran, pek hate deheskeun ka Alloh SWT, nga-Do'a, teu hese-eun keur Alloh
SWT, nginditkeun urang ka Indung Masjid sa jagat, nu aya di Tanah Arab, nyuhunkeun urang sadayana nu aya di dieu, sing
tiasa sumping Ibadah di Tanah Mulia, Makkah sareng Madinah, Gedengen pendeman badan
Rosululloh. Amiin.
الله
اكبر الله اكبر الله اكبر لا اله الا الله هو الله اكبر ولله الحمد.
بارك
الله لى ولكم ولسائر المسلمين والمسلمات انه هو الغفور الرحيم.
KHUTBAH KA DUA
الله
اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله اكبر- الله
اكبر- لا إله الا الله هو الله اكبر ، الله اكبر ولله الحمد.
الحمد لله الذى كل شيئ فقدره تقديرا. اشهد ان لا
اله الا الله الذى جعل الليل والنهار. واشهد أن محمدا عبده و رسوله وكان عبدا
شكورا.اللهم صلى على سيدنا محمد وعلى ازواجه واولاده وأصحابه وتابعه وأمته ومن
تبعهم بإحسان ليلا ونهارا. أما بعد: فيا عباد الله إتقوا الله وأذكروه ذكرا كثيرا.
اللهم إغفر للمسلمين والمسلمات والمؤمنين
والمؤمنات . الأحياء منهم والأموات . اللهم سلامتا لنا ولعبادك الحجاج والغزاة والمسافرين والمجاهدين من أمة محمد
أجمعين. اللهم أعز الإسلام والمسلمين. وأخذُل الكفرة والمشركين . اللهم إدفع عنا
البلاء والوباء والفخشاء والمنكر والبغي. من بَلَدنا هذا خاصه ومن بلدان المسلمين
عامة. وتب علينا إنك أنت التواب الرحيم. ربنا أتنا فى الدنيا حسنة وفى الأخرة حسنة
وقنا عذابا النار.
by: Cep
zhaky

ConversionConversion EmoticonEmoticon