KHUTBAH IEDUL FITRI 1443 H. (Basa Sunda) DZIKIR PIKEUN NGALAWAN MUSUH-MUSUH ALLOH (H. Asep Muhammad Tohir Sh)

 KHUTBAH IEDUL FITRI 1443 H. (Basa Sunda)

DZIKIR PIKEUN NGALAWAN MUSUH-MUSUH ALLOH

(H. Asep Muhammad Tohir Sh)

اَللهُ أَكْبَرْ ٩x اَللهُ أَكْبَرْ وَللهِ الْحَمْدُ.

اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِيْ بِنِعْمَتِهِ تَتِمُّ الصَّالِحَاتُ، وَبِفَضْلِهِ وَرَحْمَتِهِ تَفْرَحُ الْمَخْلُوْقَاتُ، أَحْمَدُهُ سُبْحَانَهُ وَأَشْكُرُهُ عَلَى نِعَمِهِ وَآلَائِهِ الْمُتَتَابِعَاتِ، وَأَنْزَلَ اللهُ عَلَى عِبَادِهِ الْبَلَايَا وَالْكُرُبَاتِ، فَيَخَافُوْنَ عَذَابَهُ فِى جَمِيْعِ السَّاعَاتِ. أَشْهَدُ أَنْ لَّا إلهَ إِلَّا اللهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيْكَ لَهُ فِي الرُّبُوْبِيَّاتِ وَالْأُلُوْهِيَّاتِ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، أَرْسَلَهُ اللهُ رَحْمَةً لِّلْمُؤْ مِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ، وَقُدْوَةً لِلْمُسْلِمِيْنَ وَالْمُسْلِمَاتِ، اللهم صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى عَبْدِكَ وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ سَيِّدِ الْمَخْلُوْقَاتِ، وَعَلَى آلِهِ وَصَحْبِهِ وَمَنِ اهْتَدَى بِهَدْيِهِ إِلَى قِيَامِ السَّاعَاتِ. أَمَّا بَعْدُ، فَيَا أَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ، إِتَّقُوا اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلَا تَمُوْتُنَّ اِلَّا وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ. أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ، بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ، يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُواْ اتَّقُواْ اللهَ حَقَّ تُقَاتِهِ وَلاَ تَمُوتُنَّ إِلاَّ وَأَنتُم مُّسْلِمُونَ. يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا اتَّقُوا اللهَ وَقُولُوا قَوْلًا سَدِيدًا. يُصْلِحْ لَكُمْ أَعْمَالَكُمْ وَيَغْفِرْ لَكُمْ ذُنُوبَكُمْ وَمَن يُطِعْ اللهَ وَرَسُولَهُ فَقَدْ فَازَ فَوْزًا عَظِيمًا.

Alloh Maha Agung, Alloh Maha Agung, Alloh Maha kawasa tur kawasa nu saestuna

Dinten ieu anu pinuh ku kabungah, kebek ku kagumbiraan, rehna tamat saum sabulan campleng, anu mudah-mudahan janten kaberkahan pikeun urang sadaya, bari dibales ku Alloh SWT. Ku surga anu pinuh ku kanikmatan.

Ku saumna, ku tarawehna, di tambih sareng tahajud, tuang waktu sahur, oge buka dina pas magrib, mugi sing janten dorongan kana kaistiqomahan dina bulan syawal oge bulan salajengna. 

Urang sadaya maklum yen dina bulan romadlon panto surga di buka, sanes hartosna tadi tutup ayeuna di buka, tapi amal ibadah, amal kasaean dina bulan romadlon gampil dipigawena, tos puguh saum sapoe jeput mah, najan kapaksa ku kawajiban, tapi eta jadi pang buka kana panto surga. nu tadina jarang ka masjid, ari taraweh mah maksakeun, nu biasana tahajud talangke, ari bade sahur mah k acai, wudu, maksakeun sholat tahajud. Alhamdulillah, ieu nandakeun panto surga di kemplongkeun dina bulan romadlon.

Panto naraka ditutup, hartosna secara majazi; pidosaeun sareng kama’siatan rad aka jaga, ka kered ku puasa, laleuleus hoream dosa, ieu nandakeun panto naraka ditutup. Najan aya keneh nu wangkelang, teu buan puasa teu bulan naon, angger we kedul ka masjid, ngedul ibadah, kana dosa teu daek eureun, tapi sakedik nu kituh teh, in sya Alloh.

Dina bulan romadlon syetan di belenggu, hartosna syetan teu maceuh teuing lantaran sieuneun kunu puasa, syetan ngarengkog nyanghareupan jalmi nu saroleh nu tukang ibadah, beurang puasa, peuting sarolat.

Najan syetan mah teu pilih bulu, kanu kumaha-kumaha datang, sabab ngahaja diciptakeun ku Alloh pikeun nguji jeung ngukur kaimanan manusa. Upami kiat ku godaan syetan, kiat nahan nafsu jeung kahayang diri, kiat ku cocoba sareng godaan, maka Alloh nyadiakeun surga nu bertingkat, sakumaha kakiatan dirina nahan panggoda sareng cobaan. Alloh nyadiakeun naraka pikeun jalma nu nyembah syetan sareng nu nuturkeun hawa nafsu. Sami Naraka oge bertingkat, di ukur ku kama’siatan jeung kadoliman dirina.

Alloh ngahaja nyiptakeun Jin jeung manusa pikeun ibadah ka Mantena, sanes Alloh palay di ibadahan, da sanajan manusa kabeh tukang ibadah, atanapi kabeh tukang dosa, teu matak ngirangan kana Agungna sareng kawasana Alloh SWT.

{وَمَا خَلَقْتُ ٱلْجِنَّ وَٱلْإِنسَ إِلَّا لِيَعْبُدُونِ}

Malihan Alloh nambihan deui pikeun jadi gogoda ka manusa nyaeta anu berbentuk jin jeung manusa nu sapada, sakumaha dawuhna;

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ، قُلْ اَعُوْذُ بِرَبِّ النَّاسِۙ مَلِكِ النَّاسِۙ اِلٰهِ النَّاسِۙ مِنْ شَرِّ الْوَسْوَاسِ ەۙ الْخَنَّاسِۖ الَّذِيْ يُوَسْوِسُ فِيْ صُدُوْرِ النَّاسِۙ مِنَ الْجِنَّةِ وَالنَّاسِ.

Kalawan nyebat jenengan Alloh anu Maha Asih anu Maha Murah, ucapkeun ku anjeun, kuring nyalindung, hartosna nyuhunkeun pangraksa ka Alloh nu ngurus manusa, nu ngarajaan manusa, anu mangeranan manusa angkan dijaga tina panggoda nyetan nu ngaganggu ting harewos kana dada manusa, syetana aya nu berbentuk jin jeung aya nu berbentuk manusa.

Jin jeung syetan mah teu bungkeuleukan, teu katingali ku panon ieu, tapi panggoda anu berbentuk manusa, eta mah ngabungkeuleuk hareupeun, lain wungkul nungtun tapi nyurungkeun jeung ngagebruskeun kana kagorengan. Syetan bungkeuleukan anu wujudna manusa ngagodana leuwih dahsyat dari pada syetan nu teu katingali, maka syetan nu berbentuk manusa ngamusuhna ka jalma-jalma mu’min leuwih pohara. Bisa jadi musuh agama, musuh bangsa, musuh nagara, musuh di lingkungan imah sorangan, musuh di sabudeureun lembur, malah aya nu leuwih bahaya jiga Virus Korona, eta teu aya deui kajaba pamolah manusa anu ngahaja ngagoda jeung nyoba kana kaimanan Muslimin Muslimat.

Lain syetan kudu euweuh, sanes nafsu kudu leungit, tapi kayakinan hate urang, pageuhna kaimanan ka Alloh kudu leuwih gede daripada panggodana syetan jeung nafsu.

Maka urang kudu waspada jeung ati-ati nyanghareupan sakabeh musuh Alloh, sing ati-ati dina pergaulan, ati-ati dina ucapan, dina rengkak paripolah, nepika aktif di organisasi, kudu apal organisasi mana, atawa perkumpulan mana anu mawa ibadah ka Alloh, jeung pakumpulan mana anu mawa kana jalan syetan?. Pamimpin nu mana anu bisa ngajak kana taat ka Alloh? Ulah nuturkeun pamimpin nu pidosaeun. 

Sing iatna, saur kolot baheula, hartosna siapkeun sagala kamampuan diri pikeun nyanghareupan musuh-musuh Alloh, sabab Alloh miwarang, sakumaha dina dawuhna dina surat Al-Anfal 60:

بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ { وَأَعِدُّوْا لَهُمْ مَّا ٱسْتَطَعْتُمْ مِّنْ قُوَّةٍ وَمِن رِّبَاطِ ٱلْخَيْلِ تُرْهِبُونَ بِهِۦ عَدُوَّ ٱللهِ وَعَدُوَّكُمْ وَءَاخَرِيْنَ مِن دُونِهِمْ لَا تَعْلَمُوْنَهُمُ ٱللهُ يَعْلَمُهُمْ ۚ وَمَا تُنْفِقُوْا مِن شَيْءٍ فِى سَبِيلِ ٱللهِ يُوَفَّ إِلَيْكُمْ وَأَنتُمْ لَا تُظْلَمُونَ }

“Aranjeun kudu nyiapkeun sagala kakuatan samampu aranjeun, pikeun ngageumpeurkeun musuh-musuh Alloh jeung musuh aranjeun, bari aranjeun teu apal nu mana musuh teh? Alloh nu langkung uninga. Jeung naon wae biaya nu dikaluarkeun pikeun jalan Alloh, eta bakal digantian ku Alloh, jeung aranjeun moal di dolim” 

اَللهُ أَكْبَرْ اَللهُ أَكْبَرْ اَللهُ أَكْبَرْ وَللهِ الْحَمْدُ

Urang sadayana wajib usaha maksimal pikeun nanjeurkeun agama Alloh, nyusun strategi, supaya musuh-musuh Alloh sarieuneun. Bersatu kita teguh bercerai kita runtuh.

Ari paling utama tugas urang sadayana ayeuna nyaeta regenerasi, generasi anu tiasa neraskeun perjuangan Kangjeng Rosulillah saw. Utamana pendidikan anak. Barudak urang sing ngarti kana ma’na Syahadat;

أَشْهَدُ أَنْ لَا إِلَهَ إِلَّا اللَّهُ وَحْدَهُ لَا شَرِيكَ لَهُ، إِلَهًا وَاحِدًا، أَحَدًا صَمَدًا، 

لَمْ يَتَّخِذْ صَاحِبَةً وَلَا وَلَدًا، وَلَمْ يَكُنْ لَهُ كُفُوًا أَحَدٌ.

“Kuring wani jadi saksi yen teu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan sareng anu wajib ditaati parentah sareng laranganana anging Alloh, Alloh anu sahiji, teu aya anu ngarencangan, sahiji anu jadi panaleuleuman, anjeuna teu putraan sareng teu di putrakeun, anjeuna nyalira teu aya anu sarupa sareng Anjeuna.

وَأَشْهَدُ أَنّ مُحَمّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ

“Oge kuring wani jadi saksi yen Kangjeng Nabi Muhammad saw, eta hamba Alloh sareng utusan Alloh”

Ajarkeun ka paalaputra, sina bisa sholat anu bener, bisa ngajalankeun ibadah sareng sadaya parentah Alloh, ajarkeun sing nyaho mana bener mana salah menurut Al-Quran jeung al-Hadits. Ajarkeun ka palaputra cara berorganisasi yang baik, ulah nepika babarengan jeung nu baragajul, sahimpunan jeung nu tara sholat, ruang-riung nyieun organisasi anu salah menurut Alloh sareng Rosulna.

Sadaya ummat islam sing terang kana ajaran islam anu sampurna, anu di ajarkeun ku para Ulama Salaf sareng Ulama Kholaf, aranjeuna parantos nyerat dina kitab-kitab, dina buku-buku bacaan, mangrupa ajaran ibadah, tuntunan akhlak, malah cara berbisnis mu’amalah, pedoman kemasyarakatan, aya hak tatangga jeung hak kaduluran, aya pedoman kepemimpinan anu sesuai sareng Al-Quran al-Hadits.

Upami ummat islam sadayana terang kana eusi al-quran sareng al-hadits kalayan sampurna, in sya Alloh dunia ieu bakal aman, damai, tengtrem, moal aya pacengkadan, moal aya papaseaan, moal aya peperangan, in sya Alloh moal aya nu darolim, moal aya nu saling curiga. In sya Alloh.

اَللهُ أَكْبَرْ اَللهُ أَكْبَرْ اَللهُ أَكْبَرْ وَللهِ الْحَمْدُ

Saleresna moal aya anu mendak katenangan sareng kedamaian di dunia ieu kajabi jalmi-jalmi anu caket ka Alloh, kajabi jalmi-jalmi anu tukang dzikir ka Alloh, jalmi-jalmi anu salawasna eling, manahna dzikir, caket sareng Alloh, nyuhunkeun pangraksa ti musuh-musuh Alloh.

اَللهُ أَكْبَرْ اَللهُ أَكْبَرْ اَللهُ أَكْبَرْ وَللهِ الْحَمْدُ

Aya kalimah dzikir anu istimewa, kalimah dzikir anu sering di anjurkeun ku Kangjeng Rosul, basana pondok tapi dzikir anu terkandung dina ayat Al-Quran ieu, ma’nana jero pisan, kanggo nyaketkeun diri ka Alloh, kanggo nambih rasa tawekal, sadrah sumerah ka Alloh, nyaeta lafad;

{ حَسْبُنَا اللهُ وَنِعْمَ الْوَكِيْلُ نِعْمَ الْمَوْلَى وَنِعْمَ النَّصِيْرُ }

Hartosna; “Alloh anu nyukupkeun sagala kabutuh diri, Alloh anu pangsaena diwakilan, Alloh anu tiasa ngajaga sareng nulungan hambana” 

Tegesna wungkul Alloh anu tiasa ngalawan musuh-musuh anjeuna, mung Alloh anu ngarajaan dunia sareng akherat, urang sadaya teu daya teu upaya, teu gaduh kakuatan, teu gaduh kamampuan, nyanggakeun sadaya urusan, mung Anjeuna anu tiasa nulungan.

Ku Dzikir nu ieu Kangjeng Rosul salamet tina kepungan jalmi-jalmi waktu perang khondaq, sakumaha dawuh Alloh:

أَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ { اَلَّذِينَ قَالَ لَهُمُ النَّاسُ إِنَّ النَّاسَ قَدْ جَمَعُوْا لَكُمْ فَاخْشَوْهُمْ فَزَادَهُمْ إِيْمَانًا. وَقَالُوْا حَسْبُنَا اللهُ وَنِعْمَ الْوَكِيلُ }

“Para sohabat aya nu nyarios, yen musuh-musuh muslimin tos karumpul ngepung aranjeun, maka aranjeun kudu sarieun jeung ati-ati. Eta kasauran ka para sohabat kalahka nambihan kaimanan, dugika sadayana ngadaru’a; “Mung Alloh anu nyukupkeun ka urang sarerea, tur wungkul anjeuna anu tiasa nulungan”.

Saur Abdulloh bin Abbas, ieu dzikir;

{ حَسْبُنَا اللهُ وَنِعْمَ الْوَكِيْلُ نِعْمَ الْمَوْلَى وَنِعْمَ النَّصِيْرُ }

Ieu teh du’a anu di dugikeun ku Kangjeng Nabi Ibrohim as, waktos bade di duruk ku raja namrud. Saur dina hiji riwayat, basa Kangjeng Nabi Ibrohim tos di jagragkeun kana durukan bade di alungkeun, sumping Malaikat Jibril teras naros; “ Naha salira peryogi di tulungan ku Malaikat?”. Saur Nabi ibrohim; “Kuring teu peryogi pitulung ti batur, kuring wungkul butuh pitulung Alloh” teras anjeuna maoskeun kalimah dzikir;

{ حَسْبُنَا اللهُ وَنِعْمَ الْوَكِيْلُ نِعْمَ الْمَوْلَى وَنِعْمَ النَّصِيْرُ }

Kangjeng Nabi Ibrohim nyanggakeun sadaya-sadaya, tawekal ka Alloh, Alloh anu gaduhna, Alloh anu ngersakeun kieu ayeuna, teu aya Maha Digjaya Maha Perkasa anging Alloh anu hak disembah. Maka ku Alloh seuneuna di tiiskeun;

{ قُلْنَا يَا نَارُ كُوْنِيْ بَرْدًا وَسَلَامًا عَلَىٰٓ إِبْرَٰهِيمَ }

“Hey seuneu! Anjeun kudu jadi tiis jeung jadi kasalametan pikeun Nabi Ibrohim”

اَللهُ أَكْبَرْ اَللهُ أَكْبَرْ اَللهُ أَكْبَرْ وَللهِ الْحَمْدُ

Mugi-mugi urang sadaya ku nyeueurkeun dzikir, nyaketkeun diri ka Alloh, urang sadaya di jagi di jangjaring, ditebihkeun tina azdab, tebih tina malapetaka, tebih tina kadoliman papada manusa, salamet tina cobaan manis atawa pait. Mugi musuh-musuh Alloh boh berbentuk manusa atawa jin, atawa berbentuk virus siga covid 19, ku Alloh di ancurkeun, ku Alloh di leungitkeun, urang sadaya salamet tur barokah nu sampurna.

Mugi-mugi sadayana dipanjangkeun yuswa, dipasihan yuswa anu barokah, dipasihan pitulung sareng taufik kanggo istiqomah dina ibadah, mudah-mudahan tiasa dzikir tiap waktos, ngalaksankeun parentah Alloh kalayan sampurna, salamina aya dina rido Alloh. amin

Mugi-mugi karuhun urang sadaya anu parantos ngantunkeun ti payun, wargi-wargi urang, tatanggi anu kamari masih sasarengan, ayeuna parantos ngantun, ayeuna aya di alam barzakh, mudah-mudahan sadayana aya dina rohmat Alloh, dihaputen sagala dosana, di caangkeun dikuburna, di tempatkeun ku Alloh din ataman-taman surga Roudotun min riyadil jannah. Ditebihkeun tina siksa kubur, hufrotun min hufarinniron. 

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لَهُمْ وَارْحَمْهُمْ وَعَافِهِمْ وَاعْفُ عَنْهُمْ، وَأَكْرِمْ نُزُلَهُمْ، وَوَسِّعْ مُدْخَلَهُمْ، وَاغْسِلْهُمْ بِالْمَاءِ وَالثَّلْجِ وَالْبَرَدِ، وَنَقِّهِمْ مِّنَ الْخَطَايَا كَمَا نَقَّيْتَ الثَّوْبَ اْلأَبْيَضَ مِنَ الدَّنَسِ، وَأَدْخِلْهُمُ الْجَنَّةَ، وَأَعِذْهُمْ مِّنْ عَذَابِ الْقَبْرِ وَمِنْ عَذَابِ النَّارِ. آمِينْ يَا رَبَّ الْعَالَمِينْ.

بَارَكَ اللهُ لِيْ وَلَكُمْ فِي الْقُرْآنِ الْعَظِيْمِ، وَنَفَعَنِيْ وَإِيَّاكُمْ بِمَا فِيْهِ مِنَ اْلآيَاتِ وَالذِّكْرِ الْحَكِيْمِ، وَتَقَبَلَّ اللهُ مِنِّيْ وَمِنْكُمْ تِلاَوَتَهُ، إِنَّهُ هُوَ السَّمِيْعُ الْعَلِيْمُ.

Khutbah ke 2

أَللهُ أَكْبَرُ. ۷ x  

أَللهُ أَكْبَرْ كَبِيْرًا وَالحَمْدُ ِللهِ كَثِيْرًا وَسُبْحَانَ اللهِ بُكْرَةً وَأَصِيْلاً. لاَ إِلَهَ اِلَّا اللهُ وَاللهُ أَكْبَرْ. أَللهُ أَكْبَرْ. وَ ِللهِ الْحَمْدُ.

اَلْحَمْدُ ِللهِ الَّذِي مَنَّ عَلَى الْمُؤْمِنِيْنَ رَسُوْلًا مِنْ أَنْفُسِهِمْ بِخُلُقٍ عَظِيْمٍ، فَهَدَانَا اِلَى دِيْنِ الْحَقِ وَاِلَى صِرَاطٍ مُّسْتَقِيْمِ. اَشْهَدُ اَنْ لَّآ إِلَهَ اِلَّا اللهُ اَلْوَاحِدُ الْكَرِيْمُ الْحَلِيْمُ، وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيِّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ وَصَفِيُّهُ الَّذِي خَصَّهُ بِالْخُلُقِ الْعَظِيْمِ، صَلَّى اللهُ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى آلِهِ وَاَصْحَابِهِ اَلَّذِيْنَ سُعِدُوْا بِجَنَّةِ النَّعِيْمِ.

اَمَّا بَعْدُ: فَياَ اَيُّهَا النَّاسُ اتَّقُوااللهَ فِيْمَا اَمَرَ، وَانْتَهُوْا عَمَّا نَهَى وَزَجَرَ. وَاعْلَمُوْا اَنَّ اللهَ اَمَرَكُمْ بِاَمْرٍ بَدَأَ فِيْهِ بِنَفْسِهِ، وَثَـنَّى بِمَلآ ئِكَتِهِ. فَقَالَ تَعاَلَى اِنَّ اللهَ وَمَلآ ئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلىَ النَّبِيِّ، يآ اَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَّعَلَى آلِ سَيِّدِناَ مُحَمَّدٍ، وَعَلَى بَقِيَّةِ الصَّحَابَةِ وَالتَّابِعِيْنَ، وَتَابِعِي التَّابِعِيْنَ لَهُمْ بِاِحْسَانٍ اِلَى يَوْمِ الدِّيْنِ، وَارْضَ عَنَّا مَعَهُمْ، بِرَحْمَتِكَ يَا اَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.

اَللَّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَاْلمُؤْمِنَاتِ وَاْلمُسْلِمِيْنَ وَاْلمُسْلِمَاتِ اَلْاَحْيآءِ مِنْهُمْ وَاْلاَمْوَاتِ. اَللَّهُمَّ اَعِزِّ اْلاِسْلاَمَ وَاْلمُسْلِمِيْنَ، وَأَذِلَّ الشِّرْكَ وَاْلمُشْرِكِيْنَ، وَانْصُرْ عِبَادَكَ اْلمُوَحِّدِيْنَ، وَانْصُرْ مَنْ نَصَرَ الدِّيْنَ، وَاخْذُلْ مَنْ خَذَلَ اْلمُسْلِمِيْنَ، وَدَمِّرْ اَعْدَاءَ الدِّيْنِ، وَاعْلُ كَلِمَاتِكَ اِلَى يَوْمَ الدِّيْنِ. اَللَّهُمَّ اكْفِنَا شَرَّ مَنْ يُؤْذِيْنَا، وَاَهْلِكْ مَنْ اَرَادَنَا بِالسُّوءِ، يَآارْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ. اَللَّهُمَّ ارْفَعْ وَادْفَعْ عَنَّا اْلبَلاَءَ وَاْلوَبَاءَ وَالْغَلَاءَ والطَّاعُوْنَ، وَفِرُسْ كَوْرَوْنَا وَالزَّلاَزِلَ وَاْلمِحَنَ، وَسُوْءَ اْلفِتَنِ وَاْلمِحَنِ، مَا ظَهَرَ مِنْهَا وَمَا بَطَنَ، عَنْ بَلَدِنَا اِنْدُونِيْسِيَّا خَآصَّةً، وَسَائِرِ اْلبُلْدَانِ اْلمُسْلِمِيْنَ عَآمَّةً، يَا رَبَّ اْلعَالَمِيْنَ. رَبَّنَا آتِناَ فِى الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِى اْلآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. رَبَّنَا ظَلَمْنَا اَنْفُسَنَاوَاِنْ لَمْ تَغْفِرْ لَنَا وَتَرْحَمْنَا لَنَكُوْنَنَّ مِنَ اْلخَاسِرِيْنَ. وَالْحَمْدُ ِللهِ رَبِّ الْعَالَمِينْ.

عِبَادَ اللهِ : اِنَّ اللهَ يَأْمُرُ بِاْلعَدْلِ وَاْلاِحْسَانِ وَإِيْتآءِ ذِى اْلقُرْبىَ وَيَنْهَى عَنِ اْلفَحْشآءِ وَاْلمُنْكَرِ وَاْلبَغْيِ، يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُوْنَ، فَاذْكُرُوْا اللهَ اْلعَظِيْمَ يَذْكُرْكُمْ، وَاشْكُرُوْهُ عَلىَ نِعَمِهِ يَزِدْكُمْ، وَاسْأَلُوْهُ مِنْ فَضْلِهِ يُعْطِكُمْ، وَلَذِكْرُ اللهِ اَكْبَرُ. وَاللهُ يَعْلَمُ مَا تَصْنَعُوْنَ.

Newest
Previous
Next Post »